Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 42 >> 

1Timbalan PANGERAN, "Ieu abdi Kami, beunang Kami ngukuhkeun, beunang milih, cocog jeung lelembutan, jeung geus dieusian roh Kami. Tangtu adil ka sakabeh bangsa.

2Anjeunna moal huak-haok garawak-gorowok, moal pidato di jalan-jalan.

3Moal nepi ka miteskeun kaso anu geus ngulapes, moal mareuman palita anu hurungna geus kakalincesan. Jembar adil ka sakabeh, sarta moal barobah.

4Moal leutik hate atawa leungit kawani, nanjeurkeun kaadilan di bumi. Pangajaranana dipikabutuh ku nagri-nagri nu jarauh."

5Allah ngadamel jeung mentangkeun langit, ngawangun bumi katut sagala nu aya di dinya, sarta maparin nyawa jeung napas ka sakabeh mahluk nu hirup di dinya. Ayeuna, Allah PANGERAN ngadawuh ka abdi-Na,

6"Maneh disaur ku Kami, PANGERAN, diserenan kawasa ngajalankeun kaadilan di dunya. Ku jalan maneh Kami meungkeut perjangjian jeung sakabeh manusa. Ku jalan maneh Kami rek mere caang ka sakabeh bangsa.

7Anu lolong ku maneh bakal dibeuntakeun, sakitan-sakitan dikaluarkeun ti jero panjara nu poek.

8Allah maneh teh ngan Kami, PANGERAN. Kaagungan Kami moal dibagikeun ka saha-saha, Kami moal ngantep arca kabagi kamashuran Kami.

9Perkara anu diwejangkeun ku Kami, ayeuna geus bukti. Ayeuna Kami rek ngadawuhkeun perkara anyar, sanajan eta tacan ngajadi."

10Pujikeun pupujian anyar ka PANGERAN! Paruji kamulyaan Mantenna di sajagat! Paruji, eh mahluk pangeusi laut! Paruji, eh nagri-nagri nu jarauh jeung nu caricing di dinya!

11Gurun keusik jeung kota-kotana, mangka maruji ka Allah; urang Kedar mangka maruji ka Mantenna! Nu maratuh di kota Sela kudu sarurak ti puncak-puncak gunung!

12Anu maratuh di nu jarauh, kudu maruji ngagungkeun ka PANGERAN!

13Allah geus jengkar lir prajurit maju perang, tatandang hoyongeun geura prung. Lajeng ngahucuhkeun perang, ngahucuhkeun jurit mintonkeun kakawasaan ka musuh.

14Timbalan Allah, "Geus lila Kami bungkem bae, teu ngawaler ka umat Kami. Ayeuna geus waktuna Kami meta bijil sora, rek ngagero lir awewe ngajuru.

15Pasir-pasir, gunung-gunung, rek digempur. Jujukutan jeung tatangkalan sina gararing. Lengkob-lengkob walungan sina jadi gurun keusik, situ-situ sina saraat.

16Umat Kami anu lalolong rek ditungtun ka jalan anu ku maranehna tacan kasorang. Dunyana nu poek rek disina caang. Tincakeunana anu garokgek rek disina rata. Kitu jangji-jangji Kami, nu geus pasti dilaksanakeun.

17Sakur nu percaya ka arca-arca, anu miallah ka brahala-brahala, bakal direndahkeun jeung dihina."

18PANGERAN nimbalan, "Eh nu tarorek, dengekeun! Telek-telek, eh nu lalolong!

19Naha aya kitu anu leuwih lolong ti batan abdi Kami, anu leuwih torek ti batan utusan Kami?

20Eh Israil, geus loba anu ku maraneh ditenjo, kumaha geus dihartikeun? Maraneh baroga ceuli pikeun ngadenge, tapi naon bae anu geus kadarenge teh?"

21PANGERAN teh Allah anu kacida hoyongeunana nyalametkeun. Ku sabab kitu Mantenna ngayakeun hukum jeung pangajaran, anu kudu dihormat ku umat-Na.

22Tapi ayeuna umat-Na teh geus dirampog, ditutup di jero tahanan handapeun taneuh, dikerem di jero panjara-panjara. Maranehna geus dirampog jeung diranjah, euweuh nu datang pikeun ngajait.

23Daraek maraneh ngaregepkeun ieu? Kumaha ayeuna daraek ngadenge sing bener?

24Saha nu nyerenkeun Israil nepi ka Israil aya nu ngaranjah? PANGERAN ku manten, lantaran urang dosa ka Mantenna! Hirup urang teu sapagodos jeung pangersa-Na, arembung nurut kana pangajaran-pangajaran Mantenna.

25Nu Matak urang ku Mantenna dibenduan sakieu hebatna, nandangan siksaan perang. Bendu-Na lir seuneu ngahuru sakuliah Israil. Parandene kitu urang tetep henteu daek eling, urang arembung nyokot hikmahna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 42 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel