Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 47 >> 

1PANGERAN ngadawuh, "Eh Babul, geura turun tina tahta, geura ngagepor dina taneuh ngebul! Maneh tadina lir parawan matak bogoh, hiji kota anu moal kaelehkeun. Tapi ayeuna mah geus teu kitu deui. Ayeuna mah maneh jadi badega!

2Cokot batu panggilingan, geura nipung! Laan karembong! Bukaan kabeh eta pakean anu aralus teh tina awak! Hayoh nyingsat, tuluy meuntas cai.

3Sina pada ngalalajoan maneh taranjang, tembong orat tembong wiwirang. Maneh ku Kami dibales, moal aya nu bisa ngahalang-halang."

4Allah Israil nu suci, geus ngabebaskeun urang. Jenengan Mantenna PANGERAN Nu Maha Kawasa.

5PANGERAN nimbalan ka Babul, "Geura los ka nu poek, tong kecet-kecet. Maneh moal disebut deui ratu bangsa-bangsa.

6Basa Kami bendu ka umat Kami nepi ka maranehna teu diaku deui umat, maranehna ku Kami diselehkeun ka maneh. Bet maneh mani euweuh pisan karunya! Ka nu geus karolot ge mani tega nganiaya.

7Maneh ngira rek bisa ngaratuan saendeng-endeng, teu karasa, teu kapikir pitemaheunana.

8Dengekeun, eh nu tuman senang-senang, anu rasa maneh aman santosa! Maneh ngarasa sarua jeung Allah, euweuh anu nyaruaan! Boga rasa pamohalan jadi randa, pamohalan kauculan anak.

9Tapi ngan di jero sakeudeung, di jero sapoe, eta dua hal bakal tumiba. Najan maneh make tumbal-tumbal tulak bala, tetep bakal kauculan salaki jeung anak.

10Maneh asa jongjon nyieun kadorakaan, pangrasa teh moal aya nu nganyahoankeun. Maneh teh sasar ku kapinteran jeung ku akal budi sorangan. Maneh enggeus sompral nyebut, ‘Aing Allah, euweuh anu nyaruaan!’

11Maneh bakal cilaka! Elmu-elmu gaib maneh moal bisa nyegah. Maneh bakal ngadadak katinggang bahla, bahla anu can kaimpi-impikeun acan.

12Pek pake terus tumbal-tumbal jeung jampe-jampe nu dipake ti ngongora teh, pake ngagigila musuh.

13Maneh nepikeun ka cape ku sagala tarekah. Pek geura menta tulung ka ahli-ahli palak maneh, pan maranehna teh tukang meleng bentang, tukang ngagambarkeun daerah-daerah angkasa, anu saban bulan mangnorahkeun ka maneh anu bakal kajadian.

14Maranehna teu beda ti jarami sakeupeul, anu bakal beak ku seuneu. Dirina sorangan moal bisa katulungan, sabab seuneuna kacida panasna, lain seuneu anu genah dipake siduru.

15Ngan sakitu mangpa’atna ka maneh eta ahli-ahli palak pananyaan maneh saumur hirup teh. Kabeh bakal naringgalkeun ka maneh, jalanna masing-masing, moal aya anu kari pikeun nyalametkeun ka maneh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 47 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel