Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 53 >> 

1Jawab jelema-jelema, "Atuh da tadina mah saha nu rek percaya kana eta warta? Da tacan aya anu kungsi nenjo, yen eta teh beunang panangan PANGERAN ngatur!

2Geus kersaning PANGERAN eta abdi-Na teh sina kitu, lir tangkal anu jadina dina taneuh angar. Teu martabat, teu harkat, taya pisan panarikna. Jadi urang teh teu hayang ngadeukeutan.

3Anjeunna ku urang dihina, ditampik, teu kendat lara nandang kanyeri. Saurang ge euweuh nu hayangeun nenjo-nenjo acan ka anjeunna, ku urang teu dipalire, dianggap teu aya bae.

4Disangka ku urang mah sangsarana teh lantaran dihukum ku Allah. Sihoreng keur nalangan urang! Da saenyana mah urang anu kuduna nandang lara jeung nyeri teh.

5Pang anjeunna taratu teh, ku karana dosa urang. Anjeunna pada ngarangketan, ku karana kajahatan urang. Anjeunna nandangan hukuman, sangkan urang disalametkeun, anjeunna raraheut, sangkan urang dicageurkeun.

6Urang teh ibarat domba leungit, ngalantrah neangan jalan sorangan. Tapi hukuman anu kuduna keuna ka urang, ku PANGERAN diteumbleuhkeun ka anjeunna.

7Anjeunna dikaniaya teu kira-kira, tapi sakiat-kiat nangankeun anjeun, henteu embut lambe-lambe acan. Lir anak domba nu rek dipeuncit, lir domba nu rek dicukur buluna, henteu kecet-kecet acan.

8Anjeunna didakwa, dihukum, tuluy digiring rek ditelasan. Ku jalma-jalma henteu dipirosea. Anjeunna pupus dihukum pati, ku karana dosa rahayat urang.

9Pupusna dihijikeun jeung jalma-jalma jahat, dimakamkeun reujeung nu beunghar. Padahal anjeunna teh jajauheun tina jahat, tara bohong-bohong acan."

10PANGERAN ngadawuh, "Eta geus pangersa Kami anjeunna kudu sangsara. Pupus jadi kurban pikeun nebus dosa. Ku jalan kitu yuswana bakal panjang, sarta piningalieun turunanana. Nya ku jalan anjeunna, pangersa Kami bakal ngajadi.

11Sanggeus leupas tina hirup sangsara, anjeunna bakal senang deui, sarta bakal karaoseun, yen sangsarana teh teu gaplah. Eta abdi Kami nu satuhu, anu dipikasuka ku Kami, bakal nanggung kasalahan jalma loba. Sarta ku karana anjeunna, kasalahan jalma-jalma teh ku Kami bakal dihampura.

12Ku sabab kitu anjeunna rek dipaparin tempat kaajen, di antara anu karawasa jeung aragung. Anjeunna geus ihlas ngurbankeun nyawa nalangan hukuman jalma doraka, jadi gaganti jalma doraka. Sarta mangnedakeun sangkan maranehna bisa dihampura."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 53 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel