Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 56 >> 

1PANGERAN nimbalan ka umat-Na, "Lampahkeun naon nu adil jeung bener. Sabab Kami tereh datang pikeun nyalametkeun maraneh.

2Bagja anu tigin kana poe Sabat, anu henteu ngarempak eta, ku Kami tangtu diberkahan. Bagja anu henteu nyieun kagorengan."

3Urang asing anu milu ka umat PANGERAN, ulah boga rasa, "Aing mah meureun moal diidinan ku PANGERAN milu ngabakti jeung umat-Na." Jalma kabiri ulah boga pikir, yen moal kaasup umat Allah lantaran teu boga anak.

4Ka jalma-jalma kabiri kieu dawuhan PANGERAN, "Lamun maneh hormat ka Kami ku jalan ngestokeun poe Sabat, jeung ngalampahkeun perkara anu dipikasuka ku Kami sarta tigin kana perjangjian Kami,

5ngaran maneh tan wande dipikainget di jero Bait Kami jeung di tengah umat Kami, tur leuwih langgeng ti batan anu baroga anak lalaki-awewe. Maneh moal kapopohokeun."

6Ka urang asing anu asup jadi umat Mantenna, anu tigin kana poe Sabat jeung pageuh kana perjangjian Mantenna, kieu dawuhan PANGERAN,

7"Maneh ku Kami tangtu dibawa ka Sion, ka gunung Kami nu suci, dibere kabagjaan di gedong paranti neneda ka Kami, sarta kurban maraneh ka Kami dina altar tangtu ditarima. Bait Kami bakal disarebut gedong paranti neneda sagala bangsa."

8PANGERAN Nu Maha Agung, nu nyandak umat-Na mulang ti pangbuangan geus jangji, yen jalma-jalma bangsa asing oge tetep bakal dicandak; sina bareng jeung umat-Na.

9PANGERAN bareto geus nimbalan supaya bangsa-bangsa sing saibarat sato-sato galak, sing ngalegleg ka umat Mantenna.

10Dawuhana-Na, "Pamingpin-pamingpin anu kudu mepelingan umat Kami teh lalolong! Taya kanyaho! Kawas anjing kedul, dititah ngajaga, ngagogog ge tara, gawena hees jeung ngimpi. Bareuki hees!

11Jeung kawas anjing, sarakah euweuh seubeuhna. Eta para pamingpin teh teu ngarti naon-naon, ngan marentingkeun dirina bae, harayang untung sorangan.

12‘Kadieukeun anggur,’ ceuk maranehna marabok, ‘urang nginum pupuasan. Isukan urang teruskeun deui leuwih ti kieu.’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 56 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel