Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 59 >> 

1PANGERAN teu ngajait ka maraneh teh lain ku sabab teu kawasa. Lain ku sabab teu iasaeun ngadangu kana panyambat maraneh.

2Saenyana mah ku sabab henteu kersaeun, sabab maraneh dosa ka Mantenna. Unggal maraneh aya niat ngabakti ka Allah ngan teu bisa bae, sabab kahalangan ku eta dosa.

3Maraneh salah, biasa ngabohong, biasa telenges, biasa maehan.

4Mun indit ka pangadilan lain rek ngadegkeun kaadilan, maraneh mah hayang meunang padu, datang ka ngabohong. Sagala pangreka ngan pikeun ngusrukkeun batur.

5(59:5-6) Eta niat-niat anu jarahat teh ngabahyakeun, kawas endog oray matih ana megar nya jadi oray! Tapi eta paniatan-paniatan maraneh teh moal aya paedahna, ibarat baju anu bahanna tina ramat lancah!

6(59:5)

7Rarancang-rarancang maraneh salawasna pidorakaeun bae. Jeung ari geus aya niat kitu teh maraneh nepi ka teu sabar ngadago. Ka nu teu boga salah nepi ka teu asa-asa maehan. Ka mana bae maneh datang, inditna ninggalkeun karuksakan jeung kaancuran.

8Lamun maraneh aya di hiji tempat, saurang ge moal aya jalma nu aman. Sagala kalakuan maraneh euweuh nu adil. Jalan maraneh bulat-beulit, anu nempuh eta jalan moal aya nu salamet.

9Ceuk jalma-jalma, "Nyaho ayeuna mah naon sababna Allah teh ngajait kuring ti anu ngagencet. Leumpang hayang kacaangan, tapi poek bae,

10nepi ka utag-atog kawas nu lolong. Ti beurang ge titajong kawas ti peuting, asa poek kawas di dunyana anu paraeh,

11sieun, nalangsa. Kacida ngarep-ngarepna hayang ku Allah dihanjatkeun tina kasangsaraan, tina kasalahan. Tapi lapur!

12Nun PANGERAN, kajahatan abdi-abdi ka Gusti kacida seueurna, ngadakwa ka diri abdi sorangan. Kalintang rumaosna.

13Abdi-abdi parantos baha, parantos teu nurut ka Gusti. Ngajepit ka pada jalmi, mungkur ti Gusti. Palsu pikiran, palsu omongan.

14Tebih tina rasa adil, anggang tina bebeneran. Di tempat-tempat umum, anu leres tibebes, anu jujur tikusruk.

15Jalmi jujur parantos langka, dugi ka anu henteu pipilueun kana kajahatan jadi korban kajahatan." PANGERAN geus uningaeun kana eta kaayaan. Manah-Na hareneg ningali teu aya kaadilan.

16Mantenna hemeng, jelema-jelema teh teu aya anu daek nulungan ka nu keur kajepit. Ku sabab kitu Mantenna rek nganggo kakawasaana-Na pikeun ngajait maranehna, rek ngadamel kaunggulan.

17Anjeunna rek dangdos, kaadilan minangka raksukan kere-Na, kaunggulan minangka balakutak-Na, sarta minangka jubah-Na nya eta kapalay-Na anu ngagedur baris menerkeun kaayaan anu teu bener, ngahukum ka nu jarahat anu nyangsara rahayat.

18Musuh Mantenna, sanajan anu jarauh, bakal dihukum satimpal jeung kalakuanana.

19Unggal jelema, ti wetan nepi ka kulon bakal sieun ku Mantenna, gimir ku kakawasaana-Na nu pikasieuneun. Mantenna tangtu sumping, hebat lir walungan anu keur mudal, lir angin anu ngagelebug.

20PANGERAN ngadawuh ka umat-Na, "Kami tangtu datang ka Yerusalem. Maraneh anu tarobat tangtu dijait dibelaan.

21Kami rek nyieun perjangjian jeung maraneh, rek mere kakuatan jeung aturan-aturan pikeun pakeeun salalawasna. Ti ayeuna maraneh kudu nurut ka Kami. Anak maraneh kudu diajar nurut ka Kami, mimiti ti ayeuna saterusna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 59 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel