Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 60 >> 

1Geura cengkat, Yerusalem! Sing moncorong kawas panonpoe. Maneh bakal kasorot ku kamulyaan PANGERAN.

2Bangsa-bangsa bakal kaalingan ku poek, maneh mah kacaangan ku Mantenna, bakal kahibaran ku cahaya Mantenna.

3Bangsa-bangsa bakal daratang, raja-raja bakal muru-muru, katarik ku caang maneh, caang jaman anyar.

4Tenjo ka sakuriling, aya naon! Rahayat maneh geus ngumpul arek marulang. Anak-anak maneh bakal daratang ti nu jarauh, nu awewe digarandong kawas barudak.

5Maneh tangtu bungah nenjona, hate ngageter kagagas. Harta bangsa-bangsa bakal dibawaan ka maneh, kakayaanana bakal daratang ti peuntas laut.

6Ti Midian jeung Epa murubul kapilah onta, jolna ti Syeba, marawa emas jeung dupa. Rahayat galecok nyaritakeun warta matak bungah, hal sagala kajadian dadamelan PANGERAN.

7Domba-domba ti Kedar jeung Nebayot bakal dibawaan ka maneh pikeun kurban baktikeuneun dina altar, pikeun nyukakeun manah PANGERAN. PANGERAN bakal midamel sangkan Bait-Na leuwih mulya ti batan bareto.

8Itu iring-iringan kapal ti mana, tingsoloyong kawas mega, lir japati muru kandangna?

9Kapal-kapal ti nu jarauh, ngakut umat Allah anu marulang, malah ngakut emas perak, pikeun ngahormat PANGERAN, Allah Israil nu suci, anu ngagerakkeun bangsa-bangsa sina ngajenan ka umat-Na.

10Dawuhan PANGERAN ka Yerusalem, "Kuta maneh engke diadegkeun deui, ku bangsa asing. Raja-raja bangsa asing ka maneh bakal ngawula. Basa Kami bendu, maneh ku Kami dihukum. Ayeuna Kami rek mere rahmat jeung panghampura.

11Gapura maneh bakal muka beurang peuting, dipake ku raja-raja sagala bangsa mawaan rajabranana jang maneh.

12Bangsa anu henteu ngawula ka maneh, bakal ditumpes beresih.

13Camara, kihuru jeung kijamuju, kai-kai anu aralus ti leuweung Libanon, bakal diakut ka dieu, pikeun ngadegkeun deui maneh, Yerusalem! Jeung pikeun kaperluan Bait Kami, sangkan leuwih alus, sangkan ieu kota Kami mulya.

14Sakur anu bareto ngajepit ka maneh, anak-anakna bakal ka darieu, mamandapan ngahormat ka maneh. Nu bareto ngagogoreng, bakal ngarawu dampal suku maneh, nyarebutna ka maneh ‘Kota PANGERAN’, ‘Sion, Kota Allah Israil nu suci’.

15Maneh moal deui ditinggalkeun jeung dipikaijid. Maneh, kota nu tadina suwung jeung tiiseun, ku Kami rek dijieun kota gede jeung endah, jadi kota tempat kasukaan sapapanjangna.

16Bangsa-bangsa jeung raja-raja bakal milu ngarawatan ka maneh, lir indung ngarawatan anakna. Geus kitu maneh bakal nyaho yen geus dirahayukeun ku Kami, PANGERAN, dimerdikakeun ku Allah Israil anu kawasa.

17Kami ka maneh rek mawakeun emas, pikeun ngaganti tambaga, mawakeun perak jeung tambaga, pikeun ngaganti beusi jeung kayu. mawakeun beusi pikeun ngaganti batu. Para pangereh moal deui ngagencet, ku Kami rek disina marentah kalawan adil jeung matak tengtrem.

18Di dieu moal aya deui anu bebentak. Ieu kota moal ruksak deui, moal ancur-ancur deui. Kami nu bakal ngajagana, saibarat kutana. Maneh tangtu muji sukur ka Kami, lantaran geus disalametkeun.

19Anu nyaangan ka maneh ti beurang lain panonpoe deui. Anu nyaangan ti peuting, lain bulan deui. Kami, PANGERAN, anu nyaangan salalawasna. Cahaya kamulyaan Kami bakal nyaangan ka maneh.

20Maneh bakal kaluar tina mangsa prihatin. Kami, PANGERAN, bakal nyaangan sapapanjangna, leuwih langgeng ti batan panonpoe jeung bulan.

21Rahayat maneh bakal balener kalakuanana, jeung bakal ngabogaan ieu tanah saumur-umur. Maranehna teh lir sirung beunang melak Kami, sangkan jaradi, sangkan kamulyaan Kami katembong ku sarerea.

22Kulawarga anu pangsaeutikna jeung anu panghandapna ge bakal jadi loba jeung kuat lir hiji bangsa. Lamun geus nitih kana wanci nu mustari, hal eta bakal gancang dilaksanakeun ku Kami. Kami teh PANGERAN!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 60 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel