Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 61 >> 

1Hate kaula kaeusian ku Roh PANGERAN Nu Maha Agung. Kaula ku Mantenna dipilih, diutus, pikeun nepikeun beja alus ka nu sangsara, nyageurkeun anu hatena remuk, ngabejaan ka nu keur jadi tawanan, yen maranehna bakal dijait, ngabejaan ka nu keur dipanjara yen bakal dibebaskeun.

2Kaula dipiwarang ngembarkeun, yen geus cunduk waktuna, PANGERAN bakal ngajait umat-Na, ngelehkeun musuh-musuh-Na, ngalilipur ka nu prihatin.

3Kaula mawa beja piatoheun ka urang Sion, pikeun ngaleungitkeun kasungkawaanana, sina maruji, ulah udah-aduh deui. Maranehna bakal saibarat tangkal nu dipelak ku PANGERAN ku manten. Lampahna bakal balener. Allah bakal diparuji sagala damel-Na.

4Kota-kota nu geus lila bukrak-bakrek, ku maranehna bakal diadegkeun deui.

5Eh umat Kami, bangsa asing bakal kumawula ka maraneh. Bakal mangangonkeun, manggarapkeun lahan, mangrawatankeun kebon anggur.

6Maraneh bakal disarebut: imam-imam PANGERAN, abdi-abdi Allah. Bakal marake kakayaan bangsa-bangsa, anu geus jadi milik maraneh.

7Kaera jeung kahinaan maraneh geus tamat. Maraneh bakal caricing di nagri sorangan, sarta kabeungharan maneh bakal jadi lipet ganda, sapapanjangna bakal aya dina kabungah.

8Dawuhan PANGERAN, "Kami suka kaadilan, cua kana panggencet jeung kajahatan. Umat Kami tangtu ku Kami diganjar, jeung dibere perjangjian anu moal barobah.

9Maranehna bakal mashur di antara bangsa-bangsa. Sakur nu nenjo tangtu taregeseun yen maranehna teh umat anu diberkahan ku Kami."

10Yerusalem bakal bungah ku sagala damel PANGERAN. Yerusalem bakal didangdanan, lir panganten awewe dina poean kawinanana. Kasalametan jeung kaunggulan minangka dangdananana.

11Sakumaha binih tangtu sirungan jeung jadi, nya kitu PANGERAN Nu Maha Agung pasti nyalametkeun umat-Na. Sarta sakabeh bangsa bakal ngamulyakeun ka Mantenna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 61 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel