Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 64 >> 

1Ku naon Gusti henteu nyingraykeun langit lajeng lungsur? Gunung-gunung sina ngadaregdeg kasieunan naringal Gusti.

2Sina ampul-ampulan sapertos cai ngagolak keur digodog di luhur seuneu. Geura sumping mintonkeun kakawasaan ka musuh-musuh. Bangsa-bangsa teh sina tingsareblak di payuneun Gusti.

3Sapertos kapungkur, kalayan teu kasangka-sangka Gusti ngayakeun rupi-rupi pikasieuneun, gunung-gunung oge dugi ka inggeung-inggeungan ku Gusti.

4Teu acan aya anu ningal atanapi nguping yen aya deui Allah nu sapertos Gusti, anu iasa midamel kaahengan-kaahengan kitu kangge nulungan jalmi-jalmi anu nyuhunkeun pitulung.

5Gusti ngabageakeun jalmi-jalmi anu daek ngalampahkeun anu leres sareng eling kana jalan pituduh ti Gusti. Gusti sok ngabenduan, nanging kalakuan abdi-abdi teu weleh awon bae. Sanaos ku Gusti sok kacida dibenduanana, ti kapungkur keneh angger bae abdi-abdi nyieun kalepatan.

6Ku margi abdi pinuh ku dosa, kalakuan anu sae oge jadi awon saterasna. Ku karana eta dosa, abdi-abdi jadi sapertos daun, perang teras maruragan katebak ku angin.

7Abdi-abdi teu aya anu emut sareng neneda ka Gusti, teu aya anu nyuhunkeun pitulung ka Gusti. Ku karana eta dosa-dosa, abdi-abdi ku Gusti disingkiran sareng dikantunkeun.

8Nanging nun PANGERAN, Gusti teh rama abdi sadaya. Abdi-abdi teh dadamelan Gusti, sapertos taneuh lempung ku panjunan.

9Nun, mugi Gusti ulah bendu kateterasan, ulah teras bae mikaemut kadorakaan abdi sadaya. Abdi-abdi teh umat Gusti, mugi dipikawelas.

10Tingali kota-kota Gusti anu suci jadi sakitu suwungna. Yerusalem jadi bukrak-bakrek.

11Bait Allah anu suci sareng agreng, anu ku karuhun abdi-abdi dianggo paranti muji sukur ka Gusti parantos seep ku seuneu. Tempat-tempat anu ku abdi-abdi dipikameumeut parantos rareksak.

12Naha Gusti tega ningalina? Moal midamel naon-naon? Bade ngajeunkeun ka abdi-abdi anu parantos teu kiat nandangan kabalangsakan?


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 64 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel