Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 66 >> 

1PANGERAN ngadawuh, "Sawarga teh panglinggihan Kami, ari bumi jojodog sampean Kami. Jadi, maraneh rek bisa mangnyieunkeun imah anu kumaha pikeun Kami?

2Jagat raya Kami sorangan anu ngagelarkeunana. Ku sabab kitu, kapanuju Kami mah nya eta ka jelema anu rendah hate, anu tobat, anu ajrih jeung tunduk ka Kami.

3Tapi jelema-jelema teh lampahna sakarep-karep bae. Pikeun maranehna mah ngurbankeun naon oge sarua bae, naha ngurbankeun sapi jalu atawa ngurbankeun jelema; naha ngurbankeun anak domba atawa minggeskeun beuheung anjing; naha ngurbankeun gandum atawa ngurbankeun getih babi; naha ngurbankeun menyan atawa ngadoa ka arca. Maranehna resep make cara-cara ngabakti anu pikaijideun.

4Ku sabab eta, sagala rupa pibahlaeun anu jadi kasieunna teh rek disina narajang, lantaran taya saurang-urang acan anu datang nemonan panyaur Kami atawa nurut kana timbalan Kami. Maranehna leuwih resep ngalawan ka Kami jeung kana kajahatan."

5Ari maraneh, anu narurut jeung sieun ku PANGERAN, regepkeun ieu timbalana-Na: "Ku sabab maraneh satia ka Kami, maraneh bakal dipikangewa jeung dipencilkeun ku sawatara dulur sabangsa, jeung diera-era kieu, ‘Lain geura prak atuh PANGERAN teh nembongkeun pangawasa-Na nulungan ka maneh, kami hayang nyaho kumaha piatoheun maneh.’ Tapi nya maranehna pisan anu engke bakal mareunang era teh!

6Darengekeun, tah aya anu ngaguruh di kota jeung di jero Bait Allah! Eta teh gentra PANGERAN anu keur ngahukum musuh-musuhna!

7Kota suci Kami lir ibarat awewe anu ujug-ujug brol ngajuru, henteu ngarasa nyeri heula.

8Aya sugan anu geus nenjo atawa ngadenge kajadian kawas kitu? Na geus aya bangsa anu bisa digelarkeun dina jero sapoe? Sion mah moal lila-lila nyeri, harita ngusial, harita keneh brol ngajurukeun bangsa.

9Ulah dikira Kami ngadatangkeun umat Kami kana wancina ngajuru teh moal terus nepi ka burusutna!" Kitu timbalan PANGERAN.

10Sing barungah, sing garerah ku hal Yerusalem, eh sakur anu mikacinta ieu kota! Sing marilu bungah ka eta kota, eh sakur anu bareto milu nyeungceurikan!

11Maraneh bakal mareunang ni’mat tina kamuktianana, lir upama orok nyusu ka indungna.

12PANGERAN ngadawuh, "Maraneh ku Kami rek dibere kamuktian terus. Kabeungharan bangsa-bangsa bakal ngocor ka maraneh lir walungan anu tara saat. Maraneh pijadieun saibarat orok, ku indungna disusuan, diaais, dipikadeudeuh.

13Maraneh di Yerusalem ku Kami bakal dihegar-hegar kawas budak anu dicombo-combo ku indungna.

14Upama geus nepi ka kitu maranehna ngan bungah nu aya, tanaga bedas jeung jagjag waringkas. Ti dinya bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN, anu nulung ka sakur anu sumujud, ngahukum ka sakur nu ngamusuhan."

15PANGERAN bakal sumping dina seuneu, nitih jangjang angin, baris ngahukum ka sakur anu geus ngabendukeun manah-Na.

16Jalma sajagat sakur anu kapanggih salah bakal disabetan ku pedang, tuluy diduruk ku seuneu. Kacida lobana anu bakal paraeh.

17PANGERAN ngadawuh, "Sakur anu sok susuci tuluy muja ka brahala, anu sok ngaleut ka taman-taman, anu sok ngaharakan babi jeung beurit jeung kadaharan-kadaharan anu pikageuleuheun, kabeh geus tereh euweuh.

18Kami uninga kana pipikiranana, uninga kana kalakuanana. Ieu Kami sumping, rek ngumpulkeun jelema sagala bangsa. Lamun geus karumpul, sina narenjoeun kakawasaan Kami,

19sina nyaraho yen nya Kami anu ngahukum ka maranehna teh. Tapi aya sababaraha urang anu ku Kami rek diluputkeun, pikeun diutus ka bangsa-bangsa di nu jarauh, anu can ngadarenge kamashuran Kami, anu can nyarahoeun kaagungan jeung kakawasaan Kami, nya eta ka: Sepanyol, Libia jeung Lidia, kitu deui ka tukang-tukang panahna anu arahli, ka Tubal jeung ka Yunani. Sina nyaritakeun kaagungan Kami ka eta bangsa-bangsa.

20Maranehna bakal mawa mulang dulur-dulur maraneh sabangsa, kabeh dibaktikeun ka Kami, dibawa ka gunung Kami anu suci di Yerusalem, tarumpak kuda, bigal, onta, kareta, jeung padati, sakumaha kabiasaan urang Israil ari marawa gandum pikurbaneun ka Bait Allah dina wadah anu beresih.

21Ti antarana aya anu ku Kami rek dijarenengkeun imam, jeung diasupkeun ka kaom Lewi.

22Sakumaha halna bumi anyar jeung langit anyar bakal langgeng ku kakawasaan Kami, turunan jeung ngaran maraneh oge bakal langgeng.

23Unggal Pesta Bulan Anyar jeung unggal poe Sabat, jalma-jalma sagala bangsa bakal ngabarakti ka Kami di dieu, di Yerusalem," timbalan PANGERAN.

24"Dina waktu marulangna, maranehna bakal narenjo bangke jelema-jelema anu geus ngaralawan ka Kami. Bilatung anu ngahakanan bangkena moal paeh-paeh, seuneu anu ngadurukna moal pareum-pareum, sina jadi tenjoeun anu pikaketireun ka sakabeh jelema."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 66 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel