Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 9 >> 

1Tanah kaom Sebulun jeung kaom Naptali anu ayeuna keur nandang kahinaan, jaga bakal mulya, mimiti ti Laut Tengah beulah wetan nepi ka peuntaseun Walungan Yordan, malah nepi ka Galilea tempat cicing bangsa asing.

2Bangsa nu lumaku di nu poek narenjo cahaya hibar. Nu caricing di tanah nu hieum ku kalangkang kasorot ku caang.

3Ku Gusti dipaparin kasenangan, nun Pangeran, dipaparin kabagjaan. Bakal barungah kawas dina keur usum dibuat, jaligrah kawas nu keur babagi barang jarahan.

4Pasangan anu nindih pundukna ku Gusti dipinggeskeun, kitu deui panggitik anu ngagitik taktakna. Bangsa anu ngagencet, nu nyangsara umat Gusti, ku Gusti dibasmi, sapertos kapungkur ngabasmi tentara Midian.

5Urut pakean balad anu narajangna, anu jaleger ku getih, diduruk.

6Keur pimangpa’ateun urang geus medal hiji murangkalih! Hiji putra pameget, anu bakal mingpin urang. Anjeunna bakal disebut "Panarosan Ajaib", "Allah Perkosa", "Rama Langgeng", "Raja Kerta".

7Kakawasaanana moal aya tungtungna. Karajaanana bakal aman sapapanjangna. Marentahna bakal sakumaha Raja Daud. Kakawasaanana napak dina bener jeung adil, ti ayeuna nepi ka ahir jaman. Kitu dipastikeunana ku PANGERAN Nu Maha Kawasa.

8Hukuman pikeun karajaan Israil turunan Yakub, ku Pangeran geus diputus.

9Sakumna urang Israil jeung sakur anu caricing di kota Samaria, bakal nyaraho kana eta putusan Mantenna. Maranehna arangkuh, takabur. Carek maranehna,

10"Adegan tina bata geus rubuh, urang ganti ku adegan tina batu. Balok-balok kai loa geus parotong ragragan, urang ganti ku nu leuwih alus, ku kai kiputri kelas hiji."

11PANGERAN geus metakeun musuh-musuh maranehna sina narajang.

12Urang Siria ti beulah wetan, urang Pelisti ti beulah kulon, geus caralawak arek ngalegleg Israil. Tapi sanajan geus kitu oge, PANGERAN moal waka eureun bendu-Na, panangana-Na masih keneh ngangkang baris ngahukum.

13Urang Israil teu daraek tobat. Sakitu geus meunang hukuman PANGERAN teh angger bae henteu baralik ka Mantenna.

14Para pamingpin Israil jeung rahayatna bakal disiksa, diberesan dina sapoe ku PANGERAN. Bakal diteukteukan, boh nu jadi huluna, boh nu jadi buntutna.

15Ari huluna nya eta jalma-jalma karolot golongan anu kaajen. Ari buntutna nya eta nabi-nabi anu pangajaranana palsu.

16Eta pamingpin-pamingpin teh mawa sasab ka rahayat, kacida matak ngabingungkeunana.

17Ku sabab kitu Pangeran moal aya manah karunya. Nu ngarora moal dipaparin jalan pilumpateun. Ka randa-randa jeung ka barudak pahatu ge Mantenna moal rek mikarunya. Lantaran kabeh geus malurtad, jarahat, kalakuanana jeung omonganana goreng kabeh. Tapi sanajan geus sakitu benduna, PANGERAN masih keneh bendu, panangana-Na masih keneh ngangkang baris ngahukum.

18Kajahatan eta jalma-jalma geus hurung ngagedur kawas seuneu ngahuru leuweung cucuk jeung jukut cucuk, kawas leuweung kahuruan ngabela-bela, haseupna meleketek.

19Ku bawaning bendu, PANGERAN Nu Maha Kawasa ngahukumna teh lir seuneu anu ngahuru sakuliah tanah eta, ngabasmi urang dinya, nepi ka kabeh geus teu aya anu inget deui ka batur.

20Di mana-mana di sakuliah kota, jalma-jalma mani tingtalubruk kana naon bae anu kira-kira bisa didahar, tapi laparna teu kaubaran. Malah nepi ka ngahakan anakna sorangan!

21Urang Menase jeung urang Epraim silih tekuk, ti dinya bareng narajang ka urang Yuda. Tapi sangkilang kitu ge PANGERAN terus keneh bae bendu, panangana-Na ngangkang keneh baris ngahukum.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel