Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 15 >> 

1Pilahir Yesus, "Kami teh tangkal anggur nu sajati, Ama Kami nu jadi tukang kebonna.

2Unggal dahan Kami anu teu daekeun buahan ku Mantenna ditilas, ari anu sok baruahan daunna dipangkas diberesihan, supaya buahanana laleubeut.

3Maraneh geus diberesihan ku pangajaran anu diwurukkeun ku Kami.

4Sing tetep ngahiji di Kami, Kami oge baris tetep ngahiji di maraneh. Maraneh anu jadi dahan-dahan moal baruahan lamun henteu ngahiji di Kami, sabab dahan mustahil buahan lamun henteu ngahiji dina tangkalna.

5Kami tangkalna, maraneh dahan-dahanna. Sakur anu tetep di Kami sarta Kami tetep di manehna, tangtu buahan jeung leubeut; sabab lamun henteu jeung Kami mah maraneh moal barisa naon-naon.

6Dahan anu henteu tetep di Kami bakal dipiceun sina garing. Dahan-dahan nu karitu bakal ditumpukkeun tuluy dialung-alungkeun kana seuneu hurung, beak diduruk.

7Lamun maraneh tetep di Kami, tetep tigin kana piwuruk Kami, masih nyuhunkeun naon bae oge tangtu dikabulkeun.

8Kamulyaan Ama Kami bakal tembong lamun maraneh nu jadi dahan-dahan baruahan leubeut, sarta ku lantaran kitu maraneh jadi murid-murid Kami.

9Sakumaha Kami dipikanyaah ku Rama, maraneh oge dipikanyaah ku Kami, anu matak kudu tetep aya dina kanyaah Kami.

10Lamun narurut kana parentah Kami tangtu tetep ku Kami dipikanyaah, sakumaha Kami tetep dipikaasih ku Rama lantaran nurut kana timbalana-Na.

11Nu matak dibarejaan kitu teh supaya kabungah Kami jadi kabungah maraneh, jeung supaya kabagjaan maraneh lengkep sampurna.

12Kieu parentah Kami teh: Maraneh sing silih pikanyaah, saperti Kami nyaah ka maraneh.

13Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.

14Maraneh teh sobat-sobat Kami lamun ngalakonan ieu parentah Kami.

15Maraneh ku Kami moal disebut deui abdi-abdi, sabab nu jadi abdi mah henteu nyahoeun ka anu keur dipigawe ku dununganana. Sabalikna, maraneh ku Kami disebut sobat, lantaran geus dibarere nyaho sagala perkara anu ku Rama didawuhkeun ka Kami.

16Lain maraneh anu marilih Kami, Kami anu milih maraneh, sangkan maraneh lalumaku hirup leubeut ku buah kanyaah, buah-buah anu awet jeung tahan. Masih maraneh rek nyuhunkeun naon bae anu disuhunkeunana nyebut ngaran Kami, ku Rama tan wande dikabul.

17Kitu sababna nu matak parentah Kami teh: Sing silih pikanyaah."

18"Lamun dunya geuleuheun ka maraneh, sing aringet yen eta teh lantaran geus geuleuheun ti heula ka Kami.

19Lamun maraneh kaasup ka dunya mah tangtu ku dunya dipikanyaah lantaran bogana. Tapi maraneh mah ku Kami geus dicokot ti dunya, geus lain bogana deui, jadi dipikageuleuh.

20Kami geus ngabejaan ka maraneh, ‘Euweuh badega anu leuwih luhur ti dununganana.’ Lamun maranehna ka Kami nganiaya, ka maraneh oge tangtu nganiaya; lamun maranehna narurut kana piwuruk Kami, ka maraneh oge tangtu narurut.

21Nu matak karitu ka maraneh teh lantaran maraneh mah anu Kami, jeung maranehna henteu nyarahoeun ka anu ngutus Kami.

22Saupama maranehna ku Kami henteu didatangan, henteu diwurukan, moal baroga dosa; tapi ayeuna geus kitu kaayaanana, maranehna geus moal bisa mungkiran dosana.

23Anu geuleuheun ka Kami, ka Rama oge geuleuheun.

24Saupama ku Kami henteu ditembongan perkara-perkara anu can kungsi dipigawe ku jelema, maranehna moal baroga dosa. Tapi eta perkara-perkara teh geus katarenjoeun, nu matak maranehna teh ka Kami mikageuleuh, ka Rama mikageuleuh.

25Memang geus kudu kitu, supaya laksana anu kaungel dina Kitab Hukum maranehna, yen: ‘Maranehna gareuleuheun ka Kami teu karana sabab.’

26Maraneh ku Kami bakal dibere Panulung asal ti Rama Kami, nya eta Roh Suci, anu bakal nganyatakeun hal Allah anu saestuna. Eta Panulung tangtu ku Kami diutus ka maraneh ti Rama, sarta Anjeunna baris nyaurkeun hal Kami.

27Maraneh oge kudu nyaritakeun hal Kami, sabab maraneh geus reureujeungan jeung Kami ti barang mimiti.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yohanes 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel