Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yosua 19 >> 

1Bagian kadua lotrena ragrag ka warga kaom Simeon. Daerahna nyorok ka wewengkon kaom Yuda.

2Kota-kotana: Bersyeba, Syeba, Molada,

3Hasar Sual, Bala, Esem,

4Eltolad, Betul, Horma,

5Siklag, Bet Markabot, Hasar Susa,

6Bet Lebaot jeung Saruhen. Tilu belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.

7Ain, Rimon, Eter jeung Asan, opat kota katut desa-desa sakurilingeunana,

8kaasup sakabeh desa-desa eta nepi ka Baalat Bir kidul (atawa Ramah). Eta tanah milik anu dibikeun ka kaom Simeon.

9Ku lantaran wewengkon tanah Yuda legana leuwih ti cukup, seug wewengkon nu leuwih teh dibikeun ka kaom Simeon.

10Bagian katilu lotrena ragrag ka kaom Sebulun. Wewengkonna nepi ka Sarid.

11Ti dinya watesna maju ka kulon ka Marela, notog ka Dabeset jeung ka anak walungan wetaneun Yoknam.

12Ti beulah wetan mimiti ti Sarid terus maju nepi ka wates Kislot Tabor, jol ka Daberat, nanjak ka Yapia.

13Ti dinya ngetan keneh ka Gat Heper jeung Et Kasin, mengkol ka Nea di jalan anu kebat ka Rimon.

14Beulah kaler watesna mengkol nguriling ka Hanaton, anggeus di Lebak Yiptah El.

15Kaasup oge Katat, Nahalal, Simron, Idala jeung Betlehem. Dua belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.

16Sakitu kota-kota katut desa-desana anu jadi milikna kulawarga-kulawarga kaom Sebulun.

17Bagian kaopat lotrena ragrag ka kulawarga-kulawarga kaom Isaskar.

18Daerah-daerahna: Yisrel, Kasulot, Sunem,

19Haparaim, Sion, Anaharat,

20Rabit, Kision, Ebes,

21Remet, En Ganim, En Hada jeung Bet Pases.

22Watesna aya oge anu notog ka Tabor, Sahasima jeung Bet Semes, anggeusna di Yordan. Kota-kota anu kaasup ka dinya aya genep belas, katut desa-desa sakurilingeunana.

23Sakitu kabehna kota-kota katut desa-desana anu jadi milikna kulawarga-kulawarga kaom Isaskar.

24Bagian kalima lotrena ragrag ka kulawarga-kulawarga kaom Aser.

25Bagianana: Helkat, Hali, Beten, Aksap,

26Alamelek, Amad jeung Misal. Beulah kulon notog ka Gunung Karmel jeung Sihor Libnat.

27Ti dinya malik ngetan terus ka Bet Dagon, notog ka Sebulun jeung Lebak Yiptah El di jalan anu kebat ka kaler ka Bet Emek jeung Nehiel. Ngaler keneh ka Kabul,

28Ebron, Rehob, Hamon jeung Kana nepi ka Sidon.

29Ti dinya watesna malik ka Ramah, nepi ka Tirus, hiji kota anu di benteng; ti dinya mengkol ka Hosa, anggeus di Laut Tengah. Kota-kota anu kaasup ka dinya: Mahalab, Aksib,

30Uma, Apek jeung Rehob. Dua puluh dua kota katut desa-desa sakurilingeunana.

31Sakitu kota-kota katut desa-desa di wewengkon milikna kulawarga-kulawarga kaom Aser.

32Bagian kagenep lotrena ragrag ka kulawarga-kulawarga kaom Naptali.

33Wates-watesna mimiti ti Helep, ti lebah hiji tangkal kiara di Saananim, terus ka Adami Nekeb, terus ka Yabnel nepi ka Lakum, anggeus di Yordan.

34Ti dinya watesna mengkol ngulon ka Asnot Tabor, ti dinya ka Hukok, notog ka wewengkon Sebulun sisi kidul, beulah kulonna notog ka wewengkon Aser, ari ti beulah wetanna Yordan.

35Kota-kota bentengna: Sidim, Ser, Hamat, Rakat, Kineret,

36Adama, Ramah, Hasor,

37Kedes, Edrei, En Hasor,

38Iron, Migdal El, Horem, Bet Anat jeung Bet Semes. Salapan belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.

39Sakitu kota-kota katut desa-desana anu aya di wewengkon tanah milik kulawarga-kulawarga kaom Naptali.

40Bagian katujuh lotrena ragrag ka kulawarga-kulawarga kaom Dan.

41Daerahna ngurung Sora, Estaol, Ir Semes,

42Saalabin, Ayalon, Itla,

43Elon, Timna, Ekron,

44Elteke, Gibeton, Baalat,

45Yehud, Bene Barak, Gat Rimon,

46Me Yarkon jeung Rakon katut wewengkon sakurilingeun Yopa.

47Basa urang Dan kauculan wewengkon, seug merangan Lesem, tuluy direbut, jelema-jelemana ditumpes, tanahna diaku milik. Seug diandih, sarta ngaran Lesem diganti ku ngaran karuhunna, jadi Dan.

48Sakitu kota-kota jeung desa-desa sakurilingeunana di wewengkon tanah milik kulawarga-kulawarga kaom Dan.

49Sabada beres babagi tanah, Yosua putra Nun ku urang Israil dibere tanah akuan.

50Tanah anu diakukeun ka anjeunna cocog jeung pamundutna, tur luyu jeung timbalan PANGERAN, nya eta Timnat Serah di pagunungan Epraim. Seug kotana ku anjeunna diadegkeun deui, sarta anjeunna calik di dinya.

51Tanah teh dibagikeunana ku Imam Elasar, Yosua putra Nun, jeung para kapala warga kaom-kaom Israil. Aranjeunna neda pituduh heula ti PANGERAN ku jalan ngalung lotre di hareupeun lawang Kemah PANGERAN. Kitu dibereskeunana ku aranjeunna urusan ngabagina teh, di Silo.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yosua 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel