Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yosua 21 >> 

1Geus kitu para kapala kulawarga-kulawarga kaom Lewi nepungan Imam Elasar, Yosua putra Nun jeung para kapala kaom Israil.

2Seug arunjukan kieu ka aranjeunna, di Silo, di tanah Kanaan, "Kapungkur aya timbalan PANGERAN ka Musa, yen sim kuring kedah dipaparin kota-kota pamukiman, kitu deui sampalan-sampalan keur ingon-ingon."

3Seug sakumaha timbalan PANGERAN, kaom Lewi teh ku urang Israil dibere kota-kota jeung sampalan-sampalan ti wewengkon milikna masing-masing.

4Kulawarga-kulawarga kaom Lewi golongan Kahat meunang lotrena pangheulana. Ari kulawarga-kulawarga turunan Imam Harun, meunang tilu belas kota di wewengkon-wewengkon Yuda, Simeon jeung Binyamin.

5Golongan Kahat anu lianna meunang sapuluh kota ti wewengkon-wewengkon Epraim, Dan jeung Menase anu ti tebeh kulon.

6Golongan Gerson meunang tilu belas kota ti wewengkon-wewengkon Isaskar, Aser, Naptali jeung ti wewengkon Menase anu di wetaneun Walungan Yordan.

7Kulawarga-kulawarga golongan Merari meunang dua belas kota ti wewengkon-wewengkon Rubin, Gad jeung Sebulun.

8Ku jalan lotre, eta kota-kota kitu deui sampalan-sampalanana ku urang Israil diserenkeun ka kaom Lewi, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

9Kota-kota ti wewengkon-wewengkon Yuda jeung Simeon, anu ngaran-ngaranna engke baris disebutan, diserenkeunana ka

10turunan Harun golongan Kahat anu kaasup turunan Lewi. Lotrena kaluar pangheulana.

11Maranehanana meunang kota Arba (Arba teh karuhun bangsa Enak), anu terusna disebut Hebron, di pagunungan wewengkon Yuda, katut sampalan-sampalan sakurilingna.

12Tapi ari tegal-tegal jeung desa-desana mah geus kapimilik ku Kaleb bin Yepune.

13Kajaba ti Hebron (salah sahiji kota suaka), kota-kota anu lotrena ragrag ka turunan Imam Harun teh nya eta: Libna,

14Yatir, Estemoa,

15Holon, Debir,

16Ain, Yuta jeung Bet Semes, katut sampalan-sampalanana; salapan kota ti kaom Yuda jeung Simeon.

17Ti wewengkon kaom Binyamin meunang opat kota, nya eta: Gibon, Geba,

18Anatot jeung Almon, katut sampalan-sampalanana.

19Kota-kota anu diserenkeun ka turunan Imam Harun teh kabehna tilu belas, katut sampalan-sampalanana.

20Kulawarga-kulawarga Lewi golongan Kahat anu lianna, tina lotrena meunang kota-kota ti wewengkon Epraim.

21Ti dieu meunang opat kota, nya eta: Sekem (salah sahiji kota suaka) katut sampalan-sampalanana di pagunungan Epraim, Geser,

22Kibsaim jeung Bet Horon, katut sampalan-sampalanana.

23Ti wewengkon Dan meunang opat kota, nya eta: Elteke, Gibeton,

24Ayalon jeung Gat Rimon, katut sampalan-sampalanana.

25Ti wewengkon Menase kulon meunang dua kota, nya eta: Taanak jeung Gat Rimon, katut sampalan-sampalanana.

26Kabehna anu katarima ku kulawarga-kulawarga golongan Kahat teh sapuluh kota, katut sampalan-sampalanana.

27Sabagian deui kulawarga-kulawarga Lewi ti golongan Gerson, meunang dua kota ti wewengkon Menase anu beulah wetan, nya eta: Golan di Basan (salah sahiji kota suaka) jeung Bestera, katut sampalan-sampalanana.

28Ti wewengkon Isaskar meunang opat kota, nya eta: Kision, Daberat,

29Yarmut jeung En Ganim, katut sampalan-sampalanana.

30Ti wewengkon Aser meunang opat kota, nya eta: Misal, Abdon,

31Helkat jeung Rehob, katut sampalan-sampalanana.

32Ti wewengkon Naptali meunang tilu kota, nya eta: Kedes di Galilea (salah sahiji kota suaka), katut sampalan-sampalanana, Hamot Dor jeung Kartan, katut sampalan-sampalanana.

33Eta rupa-rupa kulawarga kaom Gerson teh kabehna narima tilu belas kota, katut sampalan-sampalanana.

34Urang Lewi anu sesana, nya eta golongan Merari, ti wewengkon Sebulun meunang opat kota, nya eta: Yoknam, Karta,

35Dimna jeung Nahalal, katut sampalan-sampalanana.

36Ti wewengkon Rubin meunang opat kota, nya eta: Beser, Yahas,

37Kedemot jeung Mepaat, katut sampalan-sampalanana.

38Ti kaom Gad meunang opat kota, nya eta: Ramot di Gilad (salah sahiji kota suaka), katut sampalan-sampalanana, Mahanaim,

39Hesbon jeung Yaser, katut sampalan-sampalanana.

40Golongan Merari kabehna meunang dua belas kota.

41(21:41-42) Kota-kota milik urang Israil anu diserenkeun ka urang Lewi, kabehna opat puluh dalapan, katut sampalan-sampalanana.

42(21:41)

43Eta tanah sakuliahna ku PANGERAN geus dipaparinkeun ka urang Israil. Laksana sakumaha jangji Mantenna kalayan sumpah ka karuhun-karuhun maranehanana. Ku maranehanana geus kapimilik, geus diarenggonan.

44Sakuliah wewengkonna ku PANGERAN dikertakeun, sakumaha jangji Mantenna ka karuhun-karuhun maranehna. Taya pisan musuh anu bisa tagen, kawantu urang Israil teh dikersakeun unggul bae ku PANGERAN.

45Tiap jangji PANGERAN ka urang Israil, ku Mantenna dibuktoskeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yosua 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel