Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yosua 7 >> 

1Barang naon bae ti Yeriho anu kudu dimusnakeun, ku urang Israil teu meunang aya nu dicokot, kitu timbalan PANGERAN. Tapi eta timbalan teh teu diturut. Jelemana anu henteu nurut teh ngaranna Akan. PANGERAN pohara benduna ka Israil. (Demi Akan teh anakna Karmi, incu Sabdi, warga Serah, ti kaom Yuda.)

2Yosua teh ngajurung jelema ti Yeriho ka Ai, wetaneun kota Betel deukeut Bet Awen, dipiwarang nalungtik. Sabada nalungtik,

3terus wawarti ka Yosua, pokna, "Ngarurug Ai mah teu kedah ku sadayana, ku dua tilu rebu urang oge cekap. Balad teu perlu diinditkeun sadayana. Alit Ai mah."

4Nya anu diinditkeun teh ngan kira-kira tilu rebu urang. Ari heug teh teter nepi ka kalalabur,

5dibeberik ku urang Ai ti lawang kota. Malah aya nu kasarambut, tariwas di hiji pupudunan, kira-kira tilu puluh genep urang. Geus kitu mah urang Israil jadi leungit wawanen tur katarajang sieun.

6Bawaning ku prihatin, Yosua jeung para pamingpin nyosoeh anggoan, sarta ngabeubeutkeun anjeun kana taneuh hareupeun Peti Perjangjian PANGERAN. Nepi ka peuting ngagolerna di dinya, sarta mastakana diteundeunan lebu tanda nalangsa.

7Pok Yosua miunjuk, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung! Kanggo naon abdi sadaya dicandak meuntasan Walungan Yordan teh? Kanggo selehkeuneun ka urang Emor? Supados dibasmi? Ku naon henteu dipiwarang cicing di ditu bae palih ditueun Walungan Yordan?

8Duh Gusti, kumaha abdi nya kedah nyanggem saparantos urang Israil kieu, kalalabur ti musuh?

9Ieu tangtos kakuping ku urang Kanaan, ku saban jalmi urang ditu. Tangtos maranehna ka darieu ngepung, seug abdi sadaya dipaehan! Upami kitu kajadianana, bade kumaha Gusti nya ngajagi kaagungan salira?"

10Ngandika PANGERAN ka Yosua, "Geura cengkat! Nanaonan eta teh ngagoler dina taneuh?

11Urang Israil boga dosa! Parentah Kami anu majar ku maranehna rek diturut, dilanggar. Maranehna nyarokot sababaraha rupa barang haram anu kuduna dimusnakeun. Maranehna maralingan eta barang-barang, disarumputkeun, dicampurkeun jeung barangna sorangan ngarah teu kaciri.

12Eta anu jadi sabab maranehna teu kuat nyanghareupan musuh. Kalalabur ti musuh, lantaran dirina keuna ku laknat jeung kudu tariwas! Upama eta barang-barang anu ceuk Kami teu meunang dicokot acan dimusnakeun, Kami embung deui ngaping maraneh.

13Geura cengkat! Jelema-jelema sina susuci tuluy sina daratang ka Kami. Bejakeun isukan kudu saradia, sabab Kami, GUSTI Allah, Allahna Israil, rek ngandika kieu, ‘Eh Israil, barang-barang anu ceuk parentah Kami kudu dimusnakeun, sawareh aya keneh di maraneh! Lamun eta barang-barang teu dimusnakeun, maraneh hamo tahan ngalawan musuh.’

14Ku sabab eta, Yosua, bejakeun, isukan isuk-isuk maranehna arek dipariksa sagolongan-sagolongan. Upama Kami nujul hiji golongan, sakabeh kaom golongan eta kudu maju sakaom-sakaom. Jeung upama Kami nujul hiji kaom, sakabeh kulawarga eta kudu maju sakulawarga-sakulawarga. Tuluy upama Kami nujul hiji kulawarga, sabab jelema kulawarga eta kudu maju saurang-saurang.

15Jelema anu katujul tur kabuktian nyokot barang-barang anu dilarang tea kudu dihuru bareng jeung sakulawargana jeung sagala pangabogana; lantaran manehna geus ngalanggar perjangjian Kami tur nyieun kajahatan di tengah-tengah umat Israil."

16Isukna isuk-isuk, urang Israil teh ku Yosua geus dipaju-pajukeun sagolongan-sagolongan. Seug katujul golongan Yuda.

17Golongan Yuda diasrogkeun sakaom-sakaom, nu katujul kaom Serah. Kaom Serah diasrogkeun sakulawarga-sakulawarga, nu katujul kulawarga Sabdi.

18Kulawarga Sabdi ku Yosua dipajukeun saurang-saurang, nu katujulna Akan, anakna Karmi, incu Sabdi.

19Saur Yosua ka dinya, "Anaking! Pek terangkeun sabalakana di dieu di payuneun PANGERAN, Allahna urang Israil. Bejakeun ka Bapa, hidep geus migawe naon? Poma ulah dibuni-buni."

20Akan ngajawab, "Leres abdi teh gaduh dosa ka PANGERAN, Allahna urang Israil. Kieu abdi teh,

21di antawis barang-barang jarahan ningal jubah buatan Babul kalintang saena, perak kinten-kinten dua kiloeun, sareng emas sagelempeng anu abotna langkung ti satengah kilo. Kalintang pikabitaeunana, teras dibantun, salajengna dikubur di lebet kemah, dupi perakna disimpen panghandapna."

22Yosua miwarang jelema anu terus lalumpat ka eta kemah. Barang-barang haram teh kapanggih, enya dikubur sarta perakna aya di panghandapna.

23Tuluy dibawa kaluar ti jero kemah, diserenkeun ka Yosua katut ka bangsa Israil, ditumpuk payuneun PANGERAN.

24Akan ku Yosua jeung ku urang Israil dicerek. Ari perakna, jubahna jeung gelempengan emasna dijabel. Geus kitu bareng jeung anak-anakna, nu lalaki nu awewe, ingon-ingonna, kalde jeung dombana, kemahna katut sagala rupa pangabogana, dibawa ka Lebak Sangsara.

25Saur Yosua, "Ku naon hidep teh nyiksa bangsa sorangan? Ku sabab kitu ayeuna hidep baris nampa siksaan PANGERAN!" Geus kitu Akan ku jelema-jelema dibaledogan ku batu nepi ka paeh. Kulawargana oge, kitu deui sagala pangabogana dibaledogan ku batu tuluy diduruk.

26Ti dinya luhureun tempat eta dibugbrugan ku batu luhur pisan. Tumpukan batuna nepi ka kiwari aya keneh. Nya ku sabab kitu eta tempat teh dingaranan Lebak Sangsara. Ti dinya PANGERAN leler benduna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yosua 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel