Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yunus 3 >> 

1PANGERAN nimbalan deui ka Yunus.

2Timbalana-Na, "Geura indit ka Ninewe, kota nu gede tea, tepikeun ka urang dinya sakumaha timbalan Kami."

3Yunus nurut, tuluy angkat ka Ninewe. Ninewe teh kota gede pisan, ngambah eta kota teh lalakon tilu poe.

4Yunus lebet ka dinya. Sanggeus angkat sapoe jeput, anjeunna mimiti nguarkeun, saurna, "Opat puluh poe deui Ninewe bakal dibasmi!"

5Urang Ninewe palercaya kana eta pesen PANGERAN. Maranehna mutuskeun yen kabeh kudu puasa, sakabeh jelema, ti nu pangmulyana nepi ka nu panghinana sarta kudu marake baju karung, nandakeun pertobat.

6Barang raja Ninewe ngadenge eta perkara, neut cengkat tina tahtana, tuluy nyosoeh jubahna, diganti ku baju karung, tuluy diuk dina lebu.

7Geus kitu anjeunna ngaluarkeun bewara ka sakumna rahayat Ninewe, ungelna, "Ieu parentah raja jeung para gegedenna: Jalma-jalma, sapi, domba, teu meunang aya nu dahar naon-naon, teu meunang dahar, teu meunang nginum.

8Jalma-jalma kabeh kudu marake baju karung. Sasatoan oge kudu dipakeanan karung. Saban jalma kudu sasambat ka Allah masing enya-enya pisan, sarta kudu miceun adat nu goreng, nyegah lampah nu jahat.

9Muga-muga Allah robah manah sarta bendu-Na leler, supaya urang ulah paraeh!"

10Allah ningali lampah maranehna. Ningalieun yen maranehna geus miceun tabeatna anu jahat. Ku sabab kitu pangersa-Na dirobah, henteu tulus ngahukum maranehna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yunus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel