Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 12 >> 

1Ieu amanat PANGERAN ngeunaan Israil, PANGERAN, nu mentangkeun langit, nu nyiptakeun jagat, nu maparin hirup ka manusa. Kieu timbalana-Na,

2"Yerusalem ku Kami rek dijieun saibarat gelas anggur. Anggurna diarinum ku bangsa-bangsa sabudeureunana nepi ka tingjolongjong kawas jalma anu mabok. Waktu Yerusalem ku maranehna dikepung, kota-kota di Yuda anu kari keneh oge bakal dikepung.

3Tapi dina geus mangsana mah Yerusalem ku Kami rek dijieun saibarat batu anu kacida beuratna. Bangsa mana bae anu nyoba-nyoba ngagulingkeun bakal cilaka. Geus kitu bangsa-bangsa saalam dunya bakal ngahijikeun kakuatan arek nempuh Yerusalem.

4Dina waktu eta, kabeh kudana ku Kami rek disingsieunan, nu tarumpakna sina aredan. Urang Yuda tangtu ku Kami dijaga, sabalikna kuda pasukan musuhna baris dilolongan.

5Warga-warga golongan Yuda bakal ngaromong dijero hatena, ‘PANGERAN Nu Maha Kawasa maparin kakuatan ka dulur-dulur urang di Yerusalem.’

6Harita warga-warga golongan Yuda ku Kami rek dijieun ibarat seuneu nu ngahuru leuweung, atawa ngahuru huma nu gandumna geus asak, baris ngabasmi bangsa-bangsa anu aya di sakurilingeunana. Ari urang Yerusalem tetep ajeg tur aman di jero kota.

7Kami, PANGERAN, rek ngaheulakeun balad Yuda unggul, sangkan urang Yuda anu kari keneh harkatna teu leuwih handap ti batan harkat anu bakal katarima ku turunan Daud jeung ku urang Yerusalem.

8Harita, Kami, PANGERAN, bakal ngaraksa pangeusi Yerusalem. Jalma anu panghengkerna ge harita bakal jadi bedas kawas Daud. Maranehna bakal dipingpin ku turunan Daud, lir ditungtun ku malaikat PANGERAN, ku Allah ku manten.

9Harita, bangsa mana bae anu nyoba-nyoba ngajorag Yerusalem, bakal dibasmi.

10Turunan Daud jeung nu sejen-sejenna di Yerusalem, ku Kami bakal dieusi ku rasa kanyaah jeung kadaek kana sembahyang. Jalma nu ditubles ku maranehna nepi ka paeh teh bakal dipalire, sarta dicaleungceurikan kawas nyeungceurikan anak anu ngan hiji-hijina. Maranehna bakal midangdam kawas katinggal paeh ku anak cikal.

11Dina mangsa eta nu maridangdam di Yerusalem bakal kacida poharana, kawas midangdam nyeungceurikan Hadad Rimon keur basa di tegal Megido.

12(12:12-14) Tiap kulawarga di eta nagri midangdamna sorangan-sorangan: kulawarga turunan Daud, kulawarga turunan Natan, kulawarga turunan Lewi, kulawarga turunan Simei, jeung kulawarga-kulawarga sejenna. Tiap kulawarga midangdamna masing-masing, sarta lalaki ti satiap kulawarga midangdamna misah ti awewe."

13(12:12)

14(12:12)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel