Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 14 >> 

1Poena PANGERAN bakal ngahakiman geus deukeut. Sarta Yerusalem bakal aya nu ngajarah, barang-barang jarahanana dibagi-bagi hareupeun panon aranjeun.

2Bangsa-bangsa ku PANGERAN bakal dikumpulkeun, sina merangan Yerusalem. Eta nagri bakal kajabel, imah-imah diranjah, awewe-awewe diperkosa. Rahayat saparo diakut ka pangbuangan, saparona deui diantep di eta kota.

3Geus kitu PANGERAN bakal maju merangan bangsa-bangsa tea, saperti jaman-jaman nu geus kaliwat.

4Harita Mantenna bakal ngadeg di Gunung Jetun, wetaneun Yerusalem. Eta gunung bakal beulah dua ti wetan ka kulon, dipisahkeun ku hiji jungkrang lega. Nu sabeulah ngeser ka kaler, nu sabeulah deui ngeser ka kidul.

5Maraneh bakal ngaluputkeun diri nyorang eta jungkrang anu meulah eta gunung, supaya salamet. Maraneh bakal lalumpatan cara karuhun maraneh, basa katarajang lini keur jaman Yuda dirajaan ku Usia. Sanggeus kitu PANGERAN, Allah kaula, tangtu sumping, nyandak sakabeh malaikat.

6Upama eta mangsa geus datang, hawa tiris atawa kimpel moal aya deui.

7Poek oge moal aya. Bakal caang sapapanjangna, peuting oge caang kawas ti beurang. Iraha eta bakal kasorangna, ngan PANGERAN anu uninga.

8Upama eta mangsa geus datang, bakal aya cai seger anu ngocor ti Yerusalem. Sawareh ngocorna ka Laut Paeh, sawareh ka Laut Tengah. Ngocorna sapanjang taun, boh dina usum hujan, boh dina usum katiga.

9Geus kitu PANGERAN jadi raja saalam dunya, disembah ku saban jalma, diaku Allah ku sarerea, kabeh jalma kenal ka Mantenna dina jenengan anu sarua.

10Saantero nagri, ti kaler mimiti ti semet Geba, nepi ka Rimon di beulah kidul, bakal jadi tanah padataran. Tapi Yerusalem bakal mumbul luhur, leuwih luhur ti tanah-tanah sabudeureunana. Ari legana Yerusalem mimiti ti semet Gapura Binyamin, kebat nepi ka Gapura Pojok urut gapura nu ti heula, jeung ti semet Munara Hananel kebat ka tempat pameresan anggur milik karaton.

11Jalma-jalma pangeusina bakal hirup rahayu, moal kaancam deui ku kabinasaan.

12Bangsa-bangsa anu merangan ka Yerusalem, ku PANGERAN bakal diterapan kasakit anu pohara, hirup-hirup keneh dagingna geus baruruk, siki mata jeung letahna ge sina baruruk.

13Dina waktu eta pikiran maranehna ku PANGERAN bakal disina kusut jeung ngarasa sieun, nepi ka unggal jalma bakal nyerek jeung narajang ka baturna anu deukeut.

14Urang Yuda bakal tarung ngabelaan Yerusalem, bakal meunang harta rampasan ti bangsa-bangsa sakurilingna, emas, perak, jeung papakean kacida lobana.

15Sato-sato oge, kuda, bigal, onta, jeung kalde di pakemahan musuh, kabeh bakal keuna ku hiji kasakit anu hebat.

16Geus kitu, eta bangsa-bangsa anu narajang ka Yerusalem teh, sesana anu harirup keneh, saban taun bakal daratang ka Yerusalem, arek ngabarakti ka nu jadi Raja, PANGERAN Nu Maha Kawasa, jeung rek milu mestakeun Pesta Saung Daun.

17Mun aya bangsa anu teu indit, embung ngabakti ka Raja, PANGERAN Nu Maha Kawasa, di tanahna moal aya hujan.

18Urang Mesir upama embung milu mestakeun Pesta Saung Daun, bakal ditarajang ku kasakit anu ku PANGERAN disina narajang ka tiap bangsa anu nolak indit ngabakti.

19Kitu hukuman anu bakal keuna, boh ka urang Mesir, boh ka bangsa-bangsa lianna, lamun maranehna arembungeun mestakeun Pesta Saung Daun.

20Dina waktu eta, sagala rupa barang, nepi ka genta-genta dina rarangken kuda bakal diukir ku kecap "Dihaturkeun ka PANGERAN". Sakabeh kawali di jero Bait Allah bakal disaruakeun sucina jeung mangkok-mangkok nu di hareupeun altar.

21Ku sabab kitu, unggal kawali di Yerusalem jeung di sakuliah Yuda bakal dipisah-pisahkeun, pikeun digunakeun dina waktu dina ngabakti ka PANGERAN Nu Maha Kawasa. Jalma-jalma anu ngabaktikeun kurban bakal marake kawalina ngulub daging kurban. Lamun eta waktu geus cunduk, di Bait PANGERAN Nu Maha Kawasa moal aya deui anu daragang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel