Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 5 >> 

1Aya deui anu katingal ku kaula, nya eta kitab gulung keur ngalayang di awang-awang.

2Malaikat tea mariksakeun, saurna nenjo naon. Walon kaula, "Ningal kitab gulung ngalayang di awang-awang, panjangna salapan meter, rubakna opat meter satengah."

3Lahiranana ka sim kuring, "Eta eusina panyapa, anu bakal sumebar ka sakuliah nagri. Nu sabeulah, unina nyebutkeun, unggal bangsat bakal disingkirkeun ti jero nagri; nu sabeulah deui nyebutkeun, sakur anu ngucapkeun sumpah palsu bakal digusur.

4PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal nyebarkeun eta panyapa ka unggal imah bangsat jeung ka unggal imah jelema anu sok sumpah palsu, sarta eta panyapa teh baris terus aya di imah eta jelema-jelema, nepi ka imah-imahna rarubuh."

5Malaikat tea tembong deui sarta ngalahir, "Tenjo, aya deui anu datang!"

6"Naon eta?" kaula nanya. Walerna, "Karanjang. Eta teh ngalambangkeun dosa di eta nagri sakuliahna."

7Eta karanjang make tutup tina timah. Sabot ku sim kuring ditelek-telek, tutupna cengkat, bray muka. Breh di jerona aya awewe keur diuk!

8Pilahir malaikat, "Eta awewe teh ngalambangkeun kajahatan." Seug eta awewe teh ku anjeunna didedetkeun deui ka jero karanjang tea, karanjangna ditutupkeun deui.

9Barang sim kuring tanggah, breh ningal aya dua awewe keur hiber muru ka lebah sim kuring, jangjangna siga jangjang bango, kacida kekerna. Gapruk nyamber karanjang tea, terus dibawa ngapung.

10Sim kuring naroskeun ka malaikat, "Bade dibantun ka mana eta teh?"

11Waleranana, "Ka nagri Babul. Ku urang ditu ayeuna keur dipangnyieunkeun candi. Upama candina geus anggeus, eta karanjang baris ditempatkeun di dinya, diparuja."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel