Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 9 >> 

1Ieu amanat PANGERAN. Mantenna geus ngadamel putusan, ngahukum nagri Hadrak jeung kota Damsik. Sabab boh kaom-kaom Israil, boh ibukota Siria, PANGERAN anu kagungan.

2Hamat, anu satapel wates jeung Hadrak, eta ge kagungana-Na, kitu deui kota-kota Tirus jeung Sidon katut kaahlianana.

3Tirus geus nyieun benteng-benteng keur dirina, jeung numpuk-numpuk perak jeung emas, nepi ka jadi saperti barang biasa, saperti taneuh!

4Tapi sagala pangabogana ku PANGERAN bakal dijabel. Kakayaanana ku Mantenna bakal diceburkeun ka laut, sarta nagrina diduruk tepi ka beak jadi lebu.

5Kota Askelon bakal nenjoeun hal eta sarta sieuneun. Kota Gasa ge bakal nenjoeun hal eta, hatena ketir kabina-bina. Kitu keneh Ekron ge nenjoeun, seug buyar sagala harepanana. Gasa bakal kaleungitan rajana, sarta Askelon bakal kosong.

6Asdod bakal diandih ku bangsa campuran. Kieu timbalan PANGERAN, "Eta bangsa Pelisti anu aradigung ku Kami bakal direndahkeun.

7Moal deui maranehna nyatu daging nu getihan keneh, atawa ngahakan kahakanan anu haram. Ari anu sakarina, anu harirup keneh, bakal kaasup ka umat Kami, dianggap hiji warga kaom Yuda. Urang Ekron, kitu deui urang Yebus, eta ge bakal kaasup umat Kami.

8Tanah Kami ku Kami bakal dijaga, ngahalangan pasukan-pasukan asing sangkan ulah ngaliwat ka dinya. Umat Kami moal dibikeun dikaniaya ku nu darolim. Kami geus ningali kasangsaraan umat Kami."

9Eh urang Sion, masing gumbira! Eh urang Yerusalem, geura surak! Tenjo! Itu Raja maneh sumping. Sumpingna reujeung jaya tur unggul, tapi manahna handap asor sumpingna nitih kalde, anak kalde ngora keneh.

10Ngandika PANGERAN, "Ti Israil, Kami rek miceunan kareta perang. Ti Yerusalem rek ngeuweuhkeun kuda. Gondewa paranti perang rek dipingges-pinggeskeun. Raja maneh baris ngembarkeun karukunan ka bangsa-bangsa. Murbana ti tungtung laut ka tungtung laut deui, mimiti ti Walungan Eprat, nepi ka satungtung jagat."

11Ngandika PANGERAN, "Kami inget, ka maneh Kami geus jangji, jangji anu dicap ku getih kurban. Ku sabab eta rahayat maneh ku Kami rek diluginakeun, dijait ti pangboyongan, lir diangkat tina sumur saat.

12Maraneh, para boyongan, nu ayeuna baroga harepan, geura marulang ka lembur anu aman. Kami ngabejaan, maraneh rek disenangkeun, rek diberkahan dua kalieun, ku sabab tina kasangsaraan nu ku maraneh geus kaalaman.

13Urang Yuda bakal jadi minangka gondewa, Israil minangka jamparing. Urang Sion minangka pedang, geusan ngayonan Yunani."

14PANGERAN bakal ebreh luhureun umat-Na, jamparing-Na ngolepat saperti kilat. Gusti PANGERAN bakal niup sangkakala, bari majeng nitih angin ribut ti kidul.

15PANGERAN bakal ngaraksa umat-Na, nepi ka maranehna bisa numpes musuhna, tinggarero di medan perang lir nu marabok, getih musuhna dibahekeun, mani ngocor saperti getih sato kurban anu dibahekeun tina pinggan kana altar.

16Upama geus cunduk waktuna, PANGERAN tangtu ngabela ka umat-Na, lir pangangon ngabela angonanana tina bahaya. Sina tingponcorong ti tanah kagungana-Na, lir permata dina makuta.

17Tada teuing hadena jeung endahna eta tanah teh! Barudak ngorana bakal karuat badanna, berkah gandumna jeung anggurna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel