28:18Yesus nyaketan ka maranehna, lajeng sasauran kieu, "Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.
28:19Ku sabab eta datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami, baptis kalawan pajenengan Rama, Putra, jeung Roh Suci.
28:20Ajar ngalakonan sagala perkara anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman."