Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 3 >> 

1Basa keur mimiti ka aranjeun, simkuring teh can bisa cumarita kawas ka jalma-jalma anu geus hirup dina karohanian, tapi kawas ka jalma-jalma umumna bae; da aranjeun, harita mah, di Al Masih teh sasat orok keneh.

2Ibarat kudu dibere cisusu keneh lantaran can kuat. Najan kitu, ayeuna ge, aranjeun teh tetela can kuatna.

3Aranjeun teh masih keneh bae jadi ahli duniawi. Sabab aranjeun teh, masih katerap keneh ku pasirikan jeung pacekcokan. Lain masih keneh jadi ahli duniawi ari nu kitu?

4Make cekcok, aya nu ngaku golongan Paulus, aya nu ngaku golongan Apolos. Lain ahli duniawi ari kitu?

5Naon pangkatna Paulus teh? Naon pangkatna Apolos teh? Teu kurang teu leuwih ti kawula-kawula Pangeran, anu dipake lantaran sangkan aranjeun percaya sarta masing-masing nurutkeun kumaha dikersakeuna-Na:

6Simkuring anu ngipuk, Apolos anu nyeboran; ari anu maparin hirup huripna mah, Gusti Allah.

7Teu penting anu ngipuk jeung nyeboran mah, anu penting teh Allah anu ngajadikeunana.

8Anu ngipuk jeung nu nyebor taya bedana, masing-masing meunang buruhan anu saimbang jeung pagaweanana.

9Simkuring jeung anjeunna teh, ku Allah dicandak, nya eta pikeun barang damel babarengan; ari aranjeun, ibarat huma-Na atawa wawangunan kagungana-Na.

10Kalayan rahmat kurnia Allah, simkuring, — ibarat tukang wawangunan anu ahli — geus masang hiji pademen pikeun diadegan ku nu sejen. Anu ngadegkeun di dinya, kudu nyaluyukeun adeganana jeung eta.

11Sababna, moal aya nu bisa masang pademen sejen di dinya. Ari anu jadi pademenna teh, nya eta Isa Al Masih ku anjeun.

12Anu ngadegkeun di dinya, naha rek tina bahan emas, perak, batu-batu permata, kai, eurih, atawa jarami,

13kudu geus ngawangwang ti memehna, yen pagaweanana sakali mangsa baris diuji. Sabab baris aya seuneu dina Poean Pangeran, anu nguji pagawean saban jalma.

14Lamun wawangunan beunangna tea tahan uji, baris karasa ganjaranana.

15Sabalikna, upama pagaweanana teu tahan ku seuneu, tangtu mubadir tur nandang rugi. Najan dirina salamet, tapi tangtu ngaligincing, sasat geus milu kahuru.

16Na can aruninga, yen aranjeun teh bait panglinggihan Allah; nya tempatna Ruh Allah.

17Sing saha anu ngaruksak panglinggihan Allah, tangtu ku Allah diruksak; sabab panglinggihana-Na teh, suci; aranjeun Bait Suci panglinggihana-Na teh.

18Poma ulah katipu ku diri. Ulah asa aing pinter di dunya teh. Mending ngarumasakeun bodo, supaya enya jadi anu pinter.

19Sabab kapinteran manusa, di payuneun Allah mah, bodo balilu. Ceuk Kitab: ‘Mantenna ngelehkeun anu palinter ku kapinteran maranehna keneh.’

20Dina bagian sejen kaserat: ‘Pangeran langkung uninga kana pangrekaning nu baroga elmu, kabeh ge percumah.’

21Ku sabab eta, ulah sok paunggul-unggul pamingpin, da kabeh ge geus jadi milik aranjeun:

22Paulus, Apolos, Kepas, dunya ieu, hirup jeung paeh, alam kiwari jeung jaga, kabeh geus jadi milik aranjeun.

23Tapi aranjeun ge milik-Na Al Masih, ari Al Masih kagungan Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Korintus 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel