Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 5 >> 

1Rame beja, yen di aranjeun, aya lampah anu pohara aebna. Cacakan di bangsa anu teu nyekel agama ge, kalakuan nu sakitu aebna mah, can kapanggih: Ngawin pamajikan bapa!

2Ari heug aranjeun, ti batan ngaheruk kalah ka dangah. Lain diceumpal jelemana ti jamaah!

3Sanajan raga badag simkuring teu jonghok, ari lelembutan mah nyaksian eta kajadian. Tur moal beda ti upama jonghok, jelema anu nyieun kalakuan nu sakitu aebna teh, ayeuna ku simkuring ditibanan hukuman.

4Kalayan Asmana Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, aranjeun kudu karumpul sarta dibarengan ku roh simkuring. Kalayan ngemban kawasa Isa, Gusti Jungjunan urang,

5urang serenkeun eta jelema teh, ka Iblis; keun sina ruksak jasmaniahna, supaya rohna bisa salamet dina waktu sumping-Na Gusti Jungjunan urang.

6Goreng pisan aranjeun kalah ka garumede kitu teh! Kapan aya paribasa: ‘Ragi sasiki saadonan haseum kabeh.’

7Piceun ragi anu heubeul teh, supaya aranjeun jadi adonan anyar. Ongkoh aranjeun teh, lir adonan tanpa ragi. Tur ‘Domba Paska’ ge, nya eta Al Masih, geus dikurbankeun pikeun aranjeun.

8Jadi, hayu urang ngarayakeun Paska tanpa ragi heubeul, nya eta sumber kadorakaan jeung kagorengan tea. Tapi ngarayakeunana teh, kudu ku roti anu tanpa ragi; tegesna, jiwa anu beresih, anu dieusi ku kayaktian.

9Dina surat anu ti heula simkuring geus ngingetan, sangkan aranjeun ulah sagulung-sagalang jeung nu rarucah.

10Eta lain hartina aranjeun ulah wawuh jeung umumna jalma-jalma nu karitu, atawa jeung tukang-tukang tipu, atawa jeung nu hararawek jeung sarakah, atawa jeung anu nyarembah ka brahala. Ari nepi ka kudu kitu mah, atuh urangna ulah cicing di ieu dunya.

11Nu dimaksud ku simkuring mah, ulah dibawa sagulung-sagalang teh, nya eta jelema-jelema anu ngaku saiman ari hirupna rucah, nipu, nyembah brahala, mitenah, mabok, jeung curang. Jeung jelema nu karitu mah, sakalieun dahar bareng ge ulah!

12Keur naon simkuring make kudu ngahukuman jelema-jelema anu di luareun jamaah? Da aranjeun oge ngan nguruskeun anggota jamaah bae, lain?

13Ari ngahukuman anu di laluar mah, ngan Allah anu wenang. Singkirkeun anggota jamaah anu garoreng kalakuanana teh!


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Korintus 5):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel