Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 2 >> 

1Nomer hiji bapa menta malar hidep mangnedakeun, mangdoakeun, mangnyuhunkeun, jeung mangnuhunkeun sakabeh jelema,

2kapala-kapala nagara jeung anu nyarangking pamarentahan. Sambat, suhunkeun ka Allah, mugi-mugi urang bisa hirup ayem tengtrem tur bisa nekanan hirup saleh kalawan mulya.

3Paneda kitu tangtu didangu ku Allah, Juru Salamet urang,

4anu mikersa sangkan sakabeh jelema salamet jeung aranut kana kayaktian Mantenna.

5Sabab pikeun datang ka Allah anu tunggal teh, jalanna oge tunggal, nya ngan ka manusa anu jenengan Isa Al Masih tea.

6Anjeunna geus ngorbankeun salira jadi panebus, pikeun nebus sakabeh manusa.

7Ieu amanat iman jeung kayaktian teh, kudu ditepikeun ka bangsa-bangsa luareun Yahudi. Guna kaperluan eta, bapa teh dijieun rasul sarta diutus pikeun ngaguruan maranehna.

8Saterusna, kahayang bapa mah, jelema teh di mana bae oge kudu neneda. Kaom lalaki anu ngabdi ka Allah ari neneda kudu nadahkeun leungeun kalawan hate anu beresih, ulah aya geuneuk-maleukmeuk; ulah mawa unek-unek atawa ambek.

9Ka kaom wanita, pamenta bapa mah barang pake teh kudu sarwa merenah. Dangdan sapantesna bae, anu sopan; ulah kaleuleuwihi: Buuk ulah dimodel-model; pakean teu kudu nu mararahal; ulah reuceum ku perhiasan, emas, inten, jeung sajabana.

10Diri mah mending ge didangdanan ku tingkah laku anu hade, sakumaha layakna wanita anu ibadah.

11Wanita mah, kudu diajar lungguh ampuh andalemi;

12kudu pantrang mamatahan atawa marentah ka lalaki, jeung kudu sareh sumerah.

13Sabab manusa anu pangheulana dipidamel ku Allah teh, nya eta Adam; geus kitu, kakara Hawa.

14Anu beunang ku pangwujuk Iblis nepi ka ragragna kana dosa oge, nya eta wanita, lain lalaki.

15Papadaning kitu, wanita oge, baris disalametkeun; ku sabab maranehna geus nyorang kanyeri dina ngajuru; jaba ti eta, maranehna ge kudu pengkuh iman, boga kanyaah, jeung laku-lampahna ge kudu basajan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Timotius 2):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Timotius 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel