Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 6 >> 

1Anu hirup di bawah pasangan, tegesna nu kumawula, kudu boga anggapan yen dununganana teh jalma nu wajib dihormat. Eta teh wajib hukumna, malar nu lian ulah meunang jalan geusan moyok kana pajenengan Allah jeung rukun ibadah urang.

2Wurukkeun eta teh ku hidep.

3Sing saha anu ngajar tojaiah, boh jeung timbalan nu saestu — nya eta anu ti Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih — boh jeung nu rukun ibadah urang;

4tetela nu kitu teh jalma guminter, padahal taya kanyaho. Kikituanana wungkul keur pipaseaeun, nyieun padengkian, pacekcokan, upat-sinuat, timburu,

5jeung papaduan anu manjang antara jelema-jelema anu geus leungiteun akal sehat jeung anu geus leungit bebeneran, anu nyangka yen ibadah teh bisa dipake jalan cari untung.

6Memang, lamun dibarengan ku katumarimaan mah, ibadah teh, bisa mere kauntungan anu luar biasa.

7Sabab urang gumelar ka dunya teh teu mawa naon-naon, oge ana mulang moal bisa mawa naon-naon.

8Ku bisa dahar jeung make ge, urang teh geus kudu ngarasa untung.

9Sabab kapincut ku kabeungharan teh, matak mawa kana sasar; lian ti eta, oge matak karanggeum ku angen-angen anu nya minculak, nya nyilakakeun; anu antukna mah, tigebrus kana kabinasaan.

10Sabab watek pidunya atawa piduit teh, mangrupakeun akar sagala kajahatan. Sababaraha jalma oge, aya anu geus cul iman ku sabab katungkulkeun ku nyiar duit tea; da antukna mah, maranehna teh nganyenyeri hate sorangan.

11Hidep mah da jalma anu percaya ka Allah, kudu baid ka nu karitu teh. Anggur masing adil, jujur, ibadah, kuat iman, nyaahan, tahan uji, sarta someah.

12Prung geura tarung; pek balap ngamalkeun kayaktian di medan iman. Hontal hirup langgeng nu jadi pahlana. Hidep disaur ku Allah teh, — ku jalan ngikrarkeun pangaku kapercayaan di hareupeun saksi-saksi tea — nya geusan eta tujuanana!

13Di payuneun Allah — nu maparin hirup kana saniskara — sarta di payuneun Al Masih, — anu geus mintonkeun panyaksen sakitu sampurnana ka Pontius Pilatus — hidep, ku bapa ayeuna dipentes:

14Jalankeun ieu parentah sajujur-jujurna, sing ulah aya kuciwana, nepi ka datang Poening sumpingna Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.

15Sumpingna geus pasti dina wanci-Na, kalayan timbalan pangjurung Allah, Maha Kawasa Nu tunggal, Rajaning sagala raja, Gustining sakabeh gusti;

16tur anging Mantenna nyalira anu tan kenang pati, anu ngancik sajeroning cahaya anu teu bisa katembus. Taya hiji jalma anu kungsi nenjo Mantenna, taya hiji jalma nu baris nenjo Mantenna. Kahormatan, kakawasaan anu langgeng, kasanggakeun ka Mantenna. Amin.

17Anu baleunghar ku hidep kudu diwawantian, supaya ulah adigung; ulah neundeun harepan kana barang anu taya katangtuanana, nya eta kabeungharan upamana. Ngaharep mah kudu ka Allah, anu kawasa maparin sagala kani'matan.

18Titah ku hidep, sina maranehna hade laku, sing sugih ku amal asih, amal saleh, sarta mere maweh;

19itung-itung nyengcelengan kahadean; teangeun keur jaman engke, nya eta pikeun dasar hirup anu kiwari eukeur disungsi.

20Timoteus, anaking! Rawatan pangajaran anu geus kacangking ku hidep teh masing apik. Jauhan omongan-omongan anu teu aruni sarta pangajaran gapong taya pulunganeunana, anu dipajarkeun teh “elmu” tea.

21Teu wudu aya, sabab sababaraha anggota teh geus nganut ka eta elmu, nepi ka ingkar tina iman kapercayaan. Mugia hidep katut dulur-dulur mendak berkah Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Timotius 6):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Timotius 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel