Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Timotius 3 >> 

1Anaking! Dina jaman ahir bakal aya rupa-rupa kasukeran.

2Jalma-jalma jaradi sararakah, piduit kabina-bina, takabur, galede hulu, upatan, ngalawan ka kolot, taya panarima, ngapilainkeun ka Allah,

3ilang kanyaah, ahli ngagogoreng, ngumbar napsu, telenges, dedegler,

4hianat, nekad, mokahaan, ieu aing, batan ibadah anggur biur ngecak-ngebur.

5Ibadahna teh, ti luarna wungkul; ari jero-jerona mah, teu dipake. Anu kararitu teh kudu singkiran sing jauh!

6Aya deui anu sok unjung-anjang ka imah batur jeung mangaruhan awewe-awewe anu gampang kaolo, anu geus kabugbrugan dosa, sarta karimbunan napsu-napsu.

7Awewe-awewe eta teh, teu weleh-weleh ngulik kana bebeneran mah, tapi tetep teu nyaho kana kayaktian.

8Eta teh, ku lantaran ngalawan kana kayaktian, nepi ka ruksak budina pecat imanna. Awewe-awewe nu kitu teh, teu beda ti Yanes jeung Yambres, anu baheula ngalawan ka Musa tea.

9Lian ti eta, kalakuan anu kararitu mah, moal bisa lana; geuning kawas Yanes jeung Yambres tea ge, kabodoanana teh, baris gancang-gancang katangar ku sarerea.

10Sukur, hidep mah satia kana pangajaran bapa, kalakuan bapa, pamadegan bapa, iman bapa, kasabaran bapa, kanyaahan bapa, sarta kapengkuhan bapa. Hidep ge, geus nyorang dikaniaya jeung sangsara,

11sakumaha nu geus kaalaman ku bapa di Antioki, Ikonium jeung di Listra tea. Bapa geus nandangan kaniaya-kaniaya eta jeung Gusti ge, geus ngaleupaskeun bapa tina sakabeh kaniaya.

12Memang, anu ibadah ka Allah jeung percaya ka Isa Al Masih mah geus pasti nandangan panganiayaan.

13Tapi mungguhing anu jahat mah, baris tambah jahat; tukang tipu ge, baris beuki maceuh bae tupa-tipuna teh; maranehna ngalakukeun hal eta, lain ka batur bae, tapi ka dirina sorangan oge.

14Kayaktian anu ku hidep enggeus kacangking tur geus jadi kayakinan. Hal eta, ku hidep kudu terus dicangking bari kudu eling ka anu merena.

15Inget, ti leuleutik hidep geus diajar Kitab Suci, anu ngalantarankeun hidep boga pangarti jeung nungtun kana kasalametan, ku jalan iman ka Isa Al Masih.

16Saeusining Kitab Suci teh, kabeh ge, wahyu ti Allah, keuna pisan pikeun ngadegkeun kayaktian, pikeun ngawuruk, pikeun nuduhkeun kasalahan, pikeun ngomean tingkah laku, nungtun kana hirup anu lempeng tur bener.

17Jadi, jelema-jelema nu jaradi abdi Allah teh, geus dilengkepan ku pangarti, supaya maranehna bisa ngalampahkeun sagala pagawean anu hade.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (2 Timotius 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Timotius 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel