Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Timotius 1 >> 

1Ti Paulus, anu ku marga timbalan Allah, jadi rasul-Na Isa Al Masih; diutus pikeun ngembarkeun amanat ngeunaan hirup anu asalna ti Isa Al Masih.

2Dumateng jeng putra Timoteus. Mugia hidep ginuluran berkah rahayuning Allah — Rama — jeung Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih.

3Puji jeung sukur — anu medal ti saliring ati sanubari — kasanggakeun ka pangkon Allah, anu dibaktian ku bapa jeung ku karuhun-karuhun bapa. Bapa ngarasa sukur ku kaayaan hidep, anu ku bapa teu eureun-eureun didoakeun beurang peuting.

4Bapa teh inget bae ka hidep lantaran cipanon hidep tea. Jadi bapa teh pohara tibelatna, hayang gok bae papanggih, tada teuing pibungaheunana.

5Bapa yakin, iman hidep ka Allah estu saiklasna; moal beda ti iman Lois, eyang hidep anu istri, kitu deui ti iman Enika, indung hidep.

6Pamenta bapa, lakonan eta iman teh masing sumanget. Eta teh sih kurnia ti Allah ka hidep, waktu hidep ku bapa diberkahan tea. Gedurkeun dina hate hidep.

7Nu dipaparinkeun Allah ka hidep teh, lain roh anu kecing; tapi Ruh anu ngahudang wawanen, kanyaah, jeung matak bisa ngadalian diri.

8Ku sabab eta, hidep ulah ngarasa era ku perkara Gusti Jungjunan urang. Jeung ulah era ku hal bapa dijieun sakitan pedah satuhu ka Anjeunna. Muga hidep dijurung ku kakawasaan Allah, sangkan wani nyorang bahla bahayana ngawawarkeun Injil-Na.

9Urang geus disalametkeun ku Mantenna, dipilih jeung dijadikeun umat-Na. Lain pedah urang boga jasa, tapi ku karana geus kitu maksad-Na. Jadi, dasarna teh sih kurnia, anu geus ti samemeh gelar pajamanan oge geus ditangtoskeun baris dipaparinkeun ka urang, demi Isa Al Masih.

10Kiwari, eta sih kurnia-Na teh, geus bukti ku sumpingna Isa Al Masih, Juru Salamet urang. Anjeunna geus namatkeun kakawasaan Maot sarta ku karana Injil, jalan anu brasna kana hirup nu langgeng, geus kabuka.

11Geusan ngawawarkeun Injil eta, bapa diangkat jadi juru wawar, rasul, sarta guru.

12Nya ku sabab eta, nu matak bapa nandang sangsara oge. Tapi bapa henteu kaduhung. Sabab bapa nyaho pisan, ka saha percaya teh. Bapa yakin yen Allah kawasa ngaraksa kana amanat-Na anu diembarkeun ku bapa tea, tug, nepi ka Poe nu agung.

13Eta pangajaran ti bapa anu sakitu mulusna, ku hidep cekel sing bener. Jadikeun pituduh enggoning ngalakonan iman jeung ngamalkeun kanyaah anu asalna ti Isa Al Masih.

14Sagala anu geus dipercayakeun ka hidep teh mulya kabina-bina. Heug, hal eta teh, dijaga sing hade-hade kalawan pitulungna Ruh Allah anu ngancik di diri urang.

15Hidep nyaho, bapa teh geus ditaringgalkeun, boh ku urang Asia Leutik, boh ku Figelus, boh ku Hermogenes.

16Bapa ngadoakeun pisan ka Onesiporus sakulawarga. Anjeunna sering pisan niiskeun pikir bapa. Muga-muga anjeunna mendak rahmat Allah. Sabab anjeunna, teu era-era ngalongok bapa ka jero panjara.

17Basa di Rum, anjeunna kungsi ngubek neangan bapa, nepi ka kapanggihna.

18— Di mana enggeus datang kana Poe-Na, mugi-mugi anjeunna mendak nugraha ti Gusti — Kitu deui, basa bapa keur di Epesus. Anjeunna ge pohara dagdag-degdegna nguruskeun; kapan hidep oge nyaho.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (2 Timotius 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Timotius 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel