Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Yohanes 1 >> 

1Ieu serat ti simkuring, kokolot jamaah tea. Kahatur Ibu pinilih katut putra-putra, anu salamina cumantel dina hate. Anu nyaah ka Ibu teh, sanes simkuring bae; nanging sadayana, nya eta sakur anu parantos kenging pangajaran perkawis kayaktian.

2Eta kayaktian teh, parantos jadi milik urang sarta baris marengan saumur-umur.

3Mugi kurnia Rama, nya eta Allah, sareng Putra-Na — katut rahmat rahayu-Na — mayungan urang sadaya sajeroning nohonan jalan kayaktian jeung silih pikanyaah.

4Simkuring kalintang bingahna, basa tepang sareng sababaraha urang putra Ibu anu junun kana kayaktian, nohonan parentah-parentah Nu jumeneng Rama.

5Simkuring, nyeratan teh, sanes seja ngadongkapkeun parentah anyar. Ieu teh, parentah anu kapungkur keneh bae, — etang-etang ngemutan — nya eta parentah kedah silih pikanyaah tea.

6Ari silih pikanyaah teh hartina tumut kana timbalan Allah. Margi ti barang ku urang katampi oge, parentah ti Mantenna teh nya eta: Kudu silih pikanyaah. Ieu parentah anu kapungkur teh, ku urang kedah didamel patokan hirup.

7Sabab ayeuna mah geus seueur pisan tukang nyasabkeun teh, rabeng ka sakuliah jagat. Sanggem maranehna: Mustahil Isa Al Masih gumelar aya wujudna, miraga cara manusa. Maranehna memang satru-satru Al Masih, seja nyasabkeun ka urang.

8Kedah atos-atos, supados kekengingan urang didamel leres-leres teh kenging ganjaran anu layak, ulah dugi ka gagal.

9Anu tonggoy-tonggoy ingkar tina piwulang Al Masih, eta teh ngalesotkeun maneh ti Allah. Anu mantep kana piwulang-Na, hirupna manunggal sareng Allah katut Putra-Na.

10Upami Ibu kadongkapan ku nu mawa pangajaran sejen, ulah ditampi jeung ulah nyalaman.

11Sabab uluksalam ka nu karitu mah, sami bae sareng ngiring teu bener ka dinya.

12Seueur keneh carioskeuneun mah, nanging moal ku jalan serat. Urang sanggemkeun engke bae ari patepang, margi simkuring gaduh niat seja nepangan, supados karaos bingahna ku sadayana.

13Aya salam ti putra-putra saderek Ibu anu istri anu kapilih ku Allah tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (2 Yohanes 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Yohanes 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel