Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Filipi 1 >> 

1Ti Paulus jeung Timoteus, abdi-abdi Isa Al Masih. Kahatur umat Allah di Pilipi, parapamingpin jamaah, katut parapangbantuna.

2Pidu'a simkuring, mugi aranjeun sing sami marendak rahmat karahayuan ti Allah, — Rama urang — jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

3Saban inget ka dulur-dulur, simkuring teu weleh muji sukur ka Allah.

4Jeung deui, saban-saban mangnedakeun dulur-dulur, simkuring teu petot gumbira;

5dumeh dulur-dulur teh, geus ngabantu simkuring dina pangwawaran Injil, ti barang prak nepi ka ayeuna pisan.

6Kalawan berkah Allah, ieu kawajiban teh ku dulur-dulur dilakonan kalawan lungsur-langsar. Simkuring yakin, yen ka hareupna oge, Mantenna baris nyarengan ka aranjeun nyacapkeun padamelana-Na nepi ka mangsa sumpingna Isa Al Masih.

7Geus munasabah, mun simkuring tibelat ka dulur-dulur teh; sabab ieu hate simkuring teh, cumantel bae. Ngarasa papada dipaparin sih kurnia ku Allah, sanajan simkuring ayeuna keur dipanjara. Nya kitu keneh dina waktu ngabela jeung ngukuhkeun Injil di hareupeun pangadilan oge.

8Allah anu langkung tingali, kumaha tibelatna simkuring ka dulur-dulur, kajurung ku asihna Isa Al Masih ku anjeun.

9Pamenta simkuring, mugi dulur-dulur sing beuki gede kanyaah, sing beuki ngarti, jeung tambah lantip;

10malar bisa milih-milih mana anu hade,

11tur leubeut ku sipat-sipat anu sajati, ku berkahna padamelan Isa Al Masih, anu matak jadi puji jeung hormat ka Allah.

12Supaya dulur-dulur terang: Sagala anu karandapan ku simkuring teh geus pohara ngabantuna kana sumebarna Injil.

13Saeusi karaton prabu Rum, kitu deui anu lian-lianna, ayeuna mah geus tarerangeun yen pangna simkuring dipanjara teh lantaran percaya ka Al Masih.

14Jaba ti kitu, ku lantaran simkuring dipanjara teh loba dulur-dulur saiman anu beuki teleb percayana ka Gusti Jungjunan urang, tur laludeung nepikeun dawuhan Allah.

15Enya, di antara maranehna, aya anu ngawawarkeunana hal Al Masih teh kajurung ku sirik jeung niat ngalindih ka simkuring; tapi anu enya-enya iklas oge, loba.

16Ari anu ariklas tea, kajurung ku ha'atna ka simkuring; dumeh karasaeun, yen pangna simkuring dipanjara teh lantaran ngabela Injil.

17Ari nu sejenna mah, ngawawarkeun Al Masih teh, keur tujuan kapentingan sorangan; jaba ti eta, tekadna ge teu beresih. Maksudna mah, supaya simkuring anu keur dipanjara teh, beuki sangsara.

18Tapi da henteu matak aya pangaruhna; sabab ku kitu ku kieu oge, boh ku nu jujur boh ku anu pura-pura, buktina mah tetep Al Masih teh diwawarkeun. Jadi, simkuring mah bungah bae anu aya.

19Bungahna teh, lantaran ngarasa yen ieu teh jadi pijalaneun simkuring kana kasalametan, berkah pidu'a ti dulur-dulur katut pangjaring-Na kawasa Ruh Isa Al Masih.

20Tekad simkuring geus buleud, moal rek boga lampah anu matak ngawirangkeun. Nyarita rek tatag jeung satarabasna, seja ngamulyakeun Al Masih kalawan diri sakujur sakumaha sasari; malah ayeuna mah rek leuwih ti kitu, sanajan nepi ka kudu ngarandapan maot.

21Da naon atuh ari hirup teh? Pikeun simkuring mah, hirup teh, nya eta Al Masih. Jadi, paeh teh mangrupa hiji kauntungan.

22Tapi upama simkuring diparengkeun panjang umur sarta bisa migawe hal-hal anu penting, kumaha atuh pihadeeunana? Lebah dieu, simkuring teu bisa nangtukeun mana anu kudu dipilih!

23Asa dibedol ka ditu ka dieu: Aya hayang geura los mulang ngahiji jeung Al Masih; sabab eta anu panghadena mah;

24tapi aya oge hayang tetep keneh hirup, tina ngaraskeun ka dulur-dulur.

25Panghadena, pikeun aranjeun mah, upama simkuring tetep hirup. Ku kituna, simkuring yakin, yen urang baris bisa keneh reureujeungan, nya eta pikeun nguatkeun iman jeung nambahan kabungah dulur-dulur.

26Jadi, engke, di mana simkuring datang deui, dulur-dulur baris leuwih ngarasa reueusna ku simkuring teh sajeroning iman ka Isa Al Masih.

27Utamana, ayeuna mah, hirup dulur-dulur teh sing saluyu jeung piwuruk Al Masih. Bisa bae simkuring datang, tangtu bakal kasaksian ku panon sorangan; atuh dina ayana halangan nepi ka teu bisa datang, hayang meunang bejana, yen dulur-dulur teh pengkuh sarta satekad enggoning ngimankeun Injil.

28Ulah rentag ku nu jadi lawan. Sabab pikeun maranehna mah, eta teh, jadi tanda yen maranehna aya di pihak anu rugi. Tapi pikeun dulur-dulur mah, eta teh, tandaning diraksa ku Allah.

29Sabab sih kurnia anu geus dipaparinkeun ka dulur-dulur teh, lain bae pikeun percaya ka Al Masih; tapi pikeun nandangan sangsara oge, tina lantaran iman ka Anjeunna.

30Anu diperjuangkeun ku dulur-dulur jeung simkuring teh sarua. Kumaha simkuring memperjuangkeunana, bareto; kapan ku dulur-dulur ge, geus kasaksian. Tah ayeuna, dulur-dulur ge, meunang beja yen hal eta teh ku simkuring masih keneh diperjuangkeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Filipi 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Filipi 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel