Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 3 >> 

1Ku barodona aranjeun, urang Galata! Aranjeun teh kasasarkeun ku saha, atuh? Kapan sakitu ecesna simkuring nerangkeun ngeunaan hal Isa Al Masih anu geus disalibkeun teh.

2Cik ieu jawab: Aranjeun nepi ka bisa diancikan ku Ruh Allah teh, naha pedah nurut kana parentah Toret atawa ku sabab percaya kana wawaran Injil?

3Aya ku kituna teuing bararodo teh! Aranjeun teh geus ngamimitian hirup nu alus, nya nurutkeun panuyun Ruh tea; naha ari ahirna, bet, aranjeun teh, rek balik deui nurutkeun sakumaha adat tabeat manusa!

4Naha rek disina percumah bae eta pangalaman aranjeun anu sakitu matak balangsakna teh? Asa piraku teuing!

5Allah, ka aranjeun, geus maparinkeun Ruh-Na kalawan taya wates wangenna tur loba pisan mujijat-Na anu geus dipidamel di lingkungan aranjeun. Naha eta teh pedah aranjeun tuhu kana Toret atawa lantaran aranjeun percaya kana eusina Injil?

6Sing inget ka Nabi Ibrahim, kumaha Ungeling Kitab Suci ngeunaan Ajeunna: “Ibrahim, disebat jelema bener teh, lantaran anjeunna percaya ka Mantenna.”

7Jadi, sing saha anu percaya ka Allah, eta kaasup turunan Ibrahim.

8Dina Kitab Suci geus ti anggalna keneh ditetelakeun, yen sakur anu percaya, najan bangsa sejen oge baris diangken bener. Eta sababna, ti anggalna keneh oge uaran Injil teh ku Kitab Suci geus ditepikeun ka Ibrahim. Ungelna kieu: “Ku lantaran maneh, sakabeh bangsa baris kaberkahan.”

9Tegesna, sakur anu keur hirupna percaya kawas Ibrahim, tinangtu meunang berkah.

10Sabalikna, anu ngarepkeun salamet ku nedunan hukum Toret mah, hirupna teh kaancam ku hukuman. Sabab cek Kitab Suci ge kieu: “Pasti kahukum, jelema anu henteu enya-enya ngimankeun sakabeh parentah hukum Toret.”

11Tetela, yen ku lantaran Toret mah teu aya pisan jelema anu diangken bener ku Allah. Sabab ceuk Kitab Suci: “Jelema anu diangken bener ku Allah ku lantaran iman kapercayaan, tangtu hirup.”

12Antara Toret jeung iman kapercayaan teh taya pisan patalina, sabab ceuk Toret mah: Hirup teh, gumantung kana amal pagawean anu luyu jeung ungel Toret.

13Urang, ku Al Masih, geus dibebaskeun tina panyapa hukum Toret; nya ku jalan Al Masih ku anjeun nandangan eta panyapa pikeun nalangan urang. Sabab geus kaungel kieu: “Sing saha anu digantung dina salib, eta teh jalma kasapa!”

14Pangna Isa Al Masih disalib teh, nya eta pikeun bangsa-bangsa anu lain Yahudi oge milu kaauban berkah anu dipaparinkeun ka Ibrahim tea. Upama urang percaya kana hal ieu, Ruh anu dijangjikeun Allah teh tangtu katarima.

15Dulur-dulur, ngeunaan wasiat Allah tea, urang nyokot conto tina hirup sapopoe. Hiji wasiat anu geus disahkeun, ku sing saha bae ge moal bisa dibatalkeun atawa ditambahan eusina.

16Jangji Allah anu ditujukeun ka Ibrahim, nujul oge ka salah saurang turunan anjeunna. Sing tenget, lain ka sakabeh turunan anjeunna, tapi ka salah saurang turunan anjeunna. Jadi, ngan saurang, henteu kabeh. Eta anu saurang teh, nya eta Al Masih.

17Anu dimaksud ku simkuring teh kieu: Allah maparin wasiat anu pamohalan bisa dibatalkeun atawa leungit kakuatanana ku hukum Toret. Sabab Toret mah, medalna teh pandeuri, kaheuleutan opat ratus tilu puluh taun.

18Ari sih kurnia Allah gumantung kana Toret mah, atuh di luareun perjangjian Allah. Padahal geus tetela, Allah maparinkeun sih kurnia-Na ka Ibrahim teh, estu pikeun ngalaksanakeun Wasiat Mantenna.

19Lamun kitu, naon atuh gunana Hukum Toret? Toret mah pikeun ngalengkepan undang-undang lantaran lobana palanggaran; sipatna ngan keur saheulaanan, memeh turunan anu dijangjikeun tea gumelar. Toret diturunkeunana ku malaikat-malaikat; ditepikeunana ka hiji wawakil.

20Anu diwakilanana, tangtu lain jelema saurang. Sedeng Allah teh hiji.

21Lamun kitu, meureun Toret teh jadi patonggong-tonggong jeung jangji Allah tea? Sama sakali henteu! Upama Toret kawasa mere hirup ka manusa; atuh, anu hayang diangken bener ku Allah teh geus cukup ku nedunan parentah Toret.

22Tapi Kitab Suci nerangkeun, yen sakumna umat manusa teh hirupna dikungkung ku kawasa dosa, supaya sakur anu percaya sarta iman ka Al Masih bisa dipaparin wasiat nu geus dijangjikeun tea.

23Sajeroning iman acan digelarkeun mah, hirup urang teh kawengku ku Toret sarta aya dina kungkunganana, nepi ka eta iman tea medal.

24Ku sabab eta, Toret teh ngan mangrupa hiji pituduh wungkul; nya anu nungtun urang ka Al Masih tea; tapi ku lantaran percaya tea, saenyana mah, urang bisa diangken bener ku Allah teh.

25Kiwari, iman teh geus aya di urang; ku kituna, urang teh geus teu kawengku ku anu nungtun tea.

26Ku sabab percaya ka Isa Al Masih, urang teh ayeuna dijadikeun putra-putra Allah.

27Sabab aranjeun, sakur anu dibaptis, — anu geus manunggal jeung Al Masih tea — geus kaancikan sipat-sipat Al Masih.

28Dina sual ieu mah, teu aya bedana deui, boh urang Yahudi, boh urang Yunani, boh nu kumawula, boh jalma merdika, boh lalaki, atawa awewe; kabeh ge geus sabeungkeutan ku lantaran iman ka Isa Al Masih.

29Upama urang geus jadi kagungan Al Masih, urang oge kaasup turunan Ibrahim, ahli waris anu boga hak narima warisan sakumaha jangji Allah tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Galatia 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Galatia 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel