Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 5 >> 

1Urang teh geus ditebus ku Al Masih, supaya jadi jelema merdika. Pageuhan eta kamerdikaan ti Al Masih teh, ulah beunang dijieun deui budak beulian!

2Simkuring, Paulus, ngingetan: Lamun aranjeun kudu disunatan keneh mah, atuh euweuh hartina Al Masih pikeun aranjeun teh!

3Sakali deui, sing inget: Sing saha anu disunatan, wajib tunduk kana sakabeh hukum Toret.

4Hayang jadi jelema bener ku jalan tunduk kana Toret mah atuh leupas ti Al Masih, pegat tina sih kurnia Allah.

5Kapan bisa ngaharep diangken bener teh, ngan ku pitulungna Ruh sarta ku karana iman.

6Sabab manunggal jeung Al Masih mah, disunatan atawa teu disunatan oge taya bedana. Nu penting mah darmaning iman anu kajurung ku rasaning kanyaah.

7Sakitu suhudna aranjeun bareto mah nyorang jalan anu bener teh. Ku naon henteu diteruskeun? Saha anu ngarobahna?

8Robahna kalakuan aranjeun kitu teh, lain ku kersaning Allah anu geus nyaur aranjeun tea.

9Cek babasan: “Ragi saeutik matak beukah saadonan.”

10Simkuring yakin, dumeh aranjeun papada sa-Gusti baris sapikiran jeung simkuring. Saha bae anu ngarobah aranjeun jadi kitu, tangtu kabendon ku Allah!

11Jeung deui, dulur-dulur, upama simkuring ngajarkeun yen disunat teh wajib hukumna, piraku simkuring teh tetep diarah-arah rek dikaniaya ku maranehna? Lamun enya kitu, atuh pangajaran simkuring ngeunaan salib teh moal diaranggap tatajongan deui ku maranehna!

12Hadena mah, maranehna, nu sok ngahasud ka aranjeun teh, sina ngabiri dirina sorangan bae!

13Kapan aranjeun mah, dulur-dulur, geus disaur ka alam merdika. Cik, eta kamerdikaan teh ulah dipake nyimbutan lampah doraka. Anggur pake silih tulungan bari silih pikaheman.

14Kapan parentah Toret oge, kabehanana, geus kawengku ku hiji timbalan anu unina: “Kudu nyaah ka batur lir ka awak sorangan.”

15Ari silih cakar atawa silih reweg kawas sato mah, ahirna mah matak silih legleg. Kahade, sing waspada!

16Ku sabab eta, hirup teh kudu nurutkeun Ruh, supaya ulah kaereh ku pangajak napsu.

17Ari pangajak napsu teh, salawasna ge, ngalawan bae kana pangersana Ruh. Kitu deui Ruh, nya ngalawan oge kana pangajak napsu teh. Duanana silih lawan, temahna aranjeun hamo bisa ngalampahkeun naon-naon, sakumaha cita-cita.

18Tapi upama aranjeun pasrah kana panuyun Ruh, moal keuna ku hukum Toret.

19Buah-buahna pangajak napsu teh nya eta: Rucah, jinah, ngalajur napsu,

20muja brahala, ngelmu sihir, mumusuhan, pasea, sirik-pidik, panasan, mentingkeun maneh, resep ribut, ngabengkahkeun,

21hiri dengki, resep mabok, sukan-sukan balakecrakan, jeung salian ti eta. Sakumaha anu enggeus-enggeus, simkuring ayeuna ngelingan sakali deui: Sing saha anu lampahna kitu, hamo meunang tempat di Karajaan Allah.

22Ari buah-buah padamelan Ruh, nya eta: Nyaahan, gumbira, tengtrem hate, sabar, karunyaan, hade lampah, satia,

23darehdeh, kuat mengkek napsu. Kabeh oge taya anu patonggong-tonggong jeung hukum.

24Saha bae anu geus anut ka Al Masih, sagala napsu jahatna katut angen-angenna nu goreng teh, geus paeh digantung dina salib.

25Upama urang hirup teh ku pangawasa Ruh, atuh kudu nurut kana panuyun Ruh.

26Kahade, ulah malar kahormatan tanpa guna, ulah silih kakalakeun, sarta ulah silih dengkian.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Galatia 5):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Galatia 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel