Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 3 >> 

1Dulur-dulur! Aranjeun anu ku Allah enggeus disaur jadi umat kagungana-Na. Puseurkeun perhatian aranjeun ka Isa, anu ku Allah geus diutus pikeun jadi Imam Agungna urang.

2Anjeunna kacida kumurebna ka Allah, anu ngajenengkeuna-Na; sakumaha Musa kumureb kana nohonan papancen di sakuliah wangunan Allah.

3Parandene, Isa mah leuwih-leuwih hormateuna-Na ti batan Musa. Da sawajarna, ari nu ngawangun mah, leuwih mulya ti batan nu diwangunna.

4Tiap wangunan, tangtu aya anu ngawangunna. Ari wangunan jagat alam raya, diwangunna teh ku Allah.

5Di jero eta wangunan kagungan Allah, nya Musa anu jadi abdi Allah anu tuhu kana papancen. Papancenna teh, nya eta jadi saksining timbalan Allah anu bakal diandikakeun.

6Tapi Al Masih mah, kumureb-Na teh, sakumaha kumurebna nu jadi Putra, anu dikawasakeun ngurus panglinggihan kagungan Rama. Urang bisa ngarasa betah matuh di dinya, tapi saratna urang kudu berjuang kalawan temen-tinemenan tur tahan uji tepi ka panganggeusan, jeung manteng cengeng ka anu diarep-arep.

7Regepkeun dawuhan Ruh Allah ka aranjeun, anu ungelna: “Upama maraneh poe ieu ngadenge timbalana-Na,

8poma, ulah neuaskeun hate kawas nu enggeus-enggeus, waktu maraneh ngalawan ka Allah, jaman diuji di tegal kikisik tea.

9Harita, karuhun-karuhun maraneh geus wani wangkelang sarta curiga ka Kami; padahal, nepi ka opat puluh taun pisan maranehna teu petot-petot nyaksian padamelan Kami.

10Ahirna, Kami nepi ka kudu amarah ka maranehna. Nepi ka ceuk Kami: ‘Dasar tukang sasar pikir, arembung nyaho kana jalan nu ti Kami.’

11Bawaning amarah, Kami nepi ka sumpah: ‘Maranehna hamo bisa milu ka tempat pangreureuhan Kami.’”

12Ku sabab eta, masing ati-ati; ulah nonggongan jeung nyieun pamolah anu matak jaheut manah Allah Anu jumeneng.

13Anggur kudu silih elingan unggal-unggal poe, satungtung anu disebut “poe ieu” aya keneh, supaya ulah nepi ka aya anu sasar kasered ku dosa, tuluy bae mengpetan hate!

14Mun rumasa jadi anggota kaluwarga Al Masih, kudu teguh kudu pengkuh nangtung dina kayakinan anu enggeus diyakinkeun ti awal-awalna, kudu tagen nepi ka jucungna.

15Sing inget, kumaha ceuk Kitab: “Upama maraneh poe ieu ngadenge timbalana-Na, poma ulah mengpet bae kawas ka tukang-tukang, waktu maraneh ngalawan ka Allah.”

16Saha jelema-jelemana, anu ngadarenge timbalana-Na, tapi anggur ngaralawan? Nya eta jelema-jelema anu ku Musa dituyun budal ti Mesir tea.

17Saha jelema-jelemana, anu ku Allah dibenduan salila opat puluh tahun? Nya eta jelema-jelema anu daroraka, anu disina paraeh di alas kikisik.

18Saha jelema-jelemana, anu diragragan supata sina ulah bisa manjing ka tempat pangreureuhan Allah? Na saha atuh lamun lain anu warangkelang ka Mantenna?

19Munasabah teu barisa manjing ka dinya oge, bongan henteu palercaya!


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Ibrani 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Ibrani 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel