Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 6 >> 

1Ku sabab eta, pangajaran alip-alipan tina hal Al Masih teh, urang teruskeun kana tahap anu leuwih luhur jeung pepek; ulah haben bae ngucel poko-poko pertobat tina lampah siwah jeung poko-poko iman ka Allah, kayaning:

2Pituduh rupa-rupa baptisan, hal numpangkeun leungeun, hal hudangna nu paraeh, sarta hal hukuman langgeng.

3Hayu maju! Sual-sual eta mah urang sampeur deui engke, manawi Allah marengkeun.

4Sanajan hate urang geus meunang caang, geus meunang nikmat ti sawarga, geus meunang bagian Ruh Allah,

5geus ngasaan kumaha matak bagjana ari pangandika Allah, geus bisa ngileng-ngileng pikumahaeunana jaman nu bakal datang,

6ari murtad deui mah cumah, pamohalan bisa dihadean deui, pamohalan bisa tobat deui. Sabab sategesna, eta teh nyalibkeun deui Putra Allah sarta nganista-nistakeun deui Anjeunna ka balarea.

7Ibarat tanah anu rea nyeuseup cihujan tur subur ku pepelakan anu mangpa'at, tangtu nguntungkeun ka nu bogana, kaseundeuhan ku berkah Allah.

8Sabalikna, mun eta tanah teh pinuh ku areuy-areuyan jeung rungkun-rungkun cucuk, taya pisan gunana. Tanah kitu mah, moal lila deui ge diduruk; da katinggang ku la'nat Allah tea.

9Dulur-dulur! Sakieu resagna simkuring nya ngomong. Tapi ari hate mah, yakin yen dulur-dulur teh masih boga keneh berkah anu leuwih utama, nu matak jamuga.

10Sabab Allah hamo jalir; moal teu emut kana pagawean jeung kanyaah aranjeun ka Mantenna, nya eta nulung dulur-dulur anu saiman tea.

11Anu pohara dipenta-pentana ku simkuring mah, muga aranjeun masing temen-tinemenan kawas bareto, sangkan anu ayeuna keur diarep-arep teh nepi kana laksanana.

12Poma, ulah laliat! Kudu nyonto ka anu ariman jeung anu salalabar, sangkan jangji Allah tinekanan katarima.

13Harita, mangsa Allah nimbalkeun jangji ka Ibrahim, Mantenna lajeng sumpah demi salira-Na; lantaran taya deui anu jadi saluhureun Mantenna, nya eta anu pantes pikeun jadi saksi-Na.

14Sumpah-Na: “Kami sumpah, seja ngaberkahan ka maneh jeung mere turunan anu lobana tanpa wilangan.”

15Ibrahim pohara sabarna ngantos-ngantos eta jangji, nepi ka laksana tinekanan.

16Manusa upama sumpah kudu make saksi anu saluhureun, sangkan sumpahna boga kakuatan hukum anu hamo bisa diganggu gugat.

17Allah oge ngaraos peryogi mintonkeun kaestuan jangji-Na ka anu dipaparinan subaya, yen hamo cidra. Nya lajeng dikukuhkeun ku sumpah tea.

18Boh jangji-Na boh sumpah-Na, hamo batal. Jadi, pamohalan Allah cidra tina subaya. Pikeun anu sumalindung ka Mantenna, sumpah-Na teh jadi hiji pamageuh pangharepan kana laksananing jangji Mantenna tea.

19Ieu pangharepan teh, jadi jangkar anu pageuh tur aman; nanceb dina hirup urang tur sanggup nembus reregan Bait Suci sawarga, tepi ka Kamar Pangsucina pisan.

20Ka dinya teh, Isa mah geus ti heula lebet-Na guna kapentingan urang, dumeh Anjeunna mah geus jeneng Imam Agung salanggengna, saperti Melkisidik tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Ibrani 6):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Ibrani 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel