Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 23 >> 

1Bari neuteup ka rengrengan Majelis, Paulus mihatur, “Para saderek! Dugi ka wanci ieu, simkuring lumampah di payuneun Allah kalawan budi rasa anu saiklas-iklasna.”

2Kakara sakitu sasauranana, ku Panghulu Agung Ananias, anjeunna dititah dicabok ku anu deukeut ka anjeunna.

3Tapi ku Paulus dibales kieu, “Eh jalma pupulasan, anu lir tembok bodas balas dikapur, anjeun engke bakal keuna ku panyabok Allah. Anjeun, di dieu teh, keur ngahakiman anu saluyu jeung hukum Toret. Naha marentah nyabok, apan eta teh mengpar tina hukum”

4Geus kitu, anjeunna aya anu nyentak, “Maneh wani kumalancang ka Panghulu Agung Pangeran?”

5Walon Paulus, “Panginten simkuring teh, sanes Panghulu Agung. Leres, cek Kitab oge: ‘Maneh ulah ngagorengkeun anu jadi pamingpin bangsa.’”

6Saterusna, dumeh Paulus terangeun yen eta majelis teh diwangun ku golongan Parisi jeung Saduki, anjeunna mihatur kieu, “Saderek-saderek, simkuring teh urang Parisi, turunan Parisi. Dugi ka ngalaman sarupi kieu teh lantaran percaya kana pihudangeunana anu maraot.”

7Balukar tina ucapanana, ger bae, di dinya jadi cekcok antara golongan Parisi jeung golongan Saduki, nya pabentar paham.

8Sababna, cek kayakinan urang Saduki mah kiamat, malaikat, atawa roh teh euweuh; sabalikna, urang Parisi mah percaya yen aya.

9Tuluyna mah, eta dua pihak jadi patorong-torong. Neut, sawatara ahli Kitab ti golongan Parisi narangtung terus padu, pokna, “Eta jelema cek kaula euweuh kasalahanana! Kawasna bae, aya roh atawa malaikat anu sasauran ka manehna.”

10Ku sabab pasentrokan beuki harengheng, komandan inggiseun, bisi Paulus dipagorenyangkeun; tuluy anjeunna marentah pasukan kudu turun ngabedol Paulus ti tengah sidang, sina diasupkeun ka markas.

11Barang geus peuting, Gusti Jungjunan urang nembongan ka Paulus, ngadeg sagigireunana sarta ngadawuh, “Sing gede hate. Sabab sakumaha maneh geus sakitu wanina jadi saksi Kami di Yerusalem; engke, di nagara Rum oge, kudu kitu.”

12Poe isukna, urang-urang Yahudi teh nyieun komplotan; seug maranehna sarumpah yen moal nyatu moal nginum samemeh bisa maehan Paulus.

13Eta komplotan teh, lobana, opat puluh urang leuwih.

14Maranehna daratang ka Panghulu Agung, ngaromong kieu, “Abdi sadaya parantos sarumpah moal neda moal nginum samemeh tiasa maehan Paulus.

15Mugi bapa sareng Mahkamah Agama usul ka komandan, supados si Paulus dibantun deui ka dieu, pura-pura bade dipariksa deui langkung paos. Abdi-abdi sanggup maehan manehna samemeh dongkap ka dieu.”

16Sukur eta akal jahat teh katohyan ku alona Paulus, anak dulurna awewe. Tuluy manehna indit ka markas, menta nepungan Paulus sarta popoyan.

17Geus kitu, Paulus nyauran hiji opsir; saurna, “Pangdeuheuskeun ieu budak ngora ka komandan, bade aya pisanggemeun.”

18Tuluy ku eta opsir, manehna dibawa ka komandan sarta pokna, “Sakitan Paulus ngageroan ka abdi, nyuhunkeun dipangdeuheuskeun ieu pamuda, aya anu bade diunjukkeun.”

19Ceg, komandan nyekel kana leungeun si pamuda tea, terus dibawa nyingkur sarta dipariksa, “Aya beja naon?”

20Jawabna, “Juragan, urang Yahudi teh parantos baradami. Enjing, Paulus teh bade disuhunkeun supados juragan nyandak deui anjeunna ka pangadilan, pura-purana mah bade diparios deui anu langkung paos.

21Tapi eta teh, ulah dipercanten; margi sayaktosna mah, anjeunna teh bade dipegat ku opat puluh jalmi langkung. Maranehna parantos sarumpah moal neda moal nginum samemeh tiasa maehan Paulus. Ayeuna, maranehna parantos taki-taki kantun ngantos putusan ti juragan.”

22Si pamuda teh ku komandan dijurung balik bari diomat-omatan, “Kahade, ulah kanyahoan yen maneh bebeja ka kami.”

23Geus kitu, komandan manggil perwirana duaan sarta parentahna, “Siapkeun perjurit dua ratus urang, pasukan kuda tujuh puluh urang, pasukan tumbak dua ratus urang; inditkeun engke peuting pukul salapan ka Kesarea.

24Anteurkeun Paulus ka gupernur Peliks, sadiakeun kalde tumpakaneunana. Jaga sing kuat, ulah nepi ka cilaka.”

25Ti dinya komandan nyieun surat:

26“Konjuk hing pangersa anu mulya, gupernur Peliks. Ieu serat ti simkuring, Klaudius Lisias; ngahaturkeun wilujeng.

27Ieu jalmi ditangkep ku urang Yahudi bade dipaehan, nanging kabujeng dicegah ku simkuring sareng pasukan. Salajengna, manehna, ku simkuring dibebaskeun; margi manehna ngakukeun warga nagara Rum.

28Nanging supados katalungtik perkawis dakwaanana, ku simkuring dijagragkeun ka Mahkamah Agama maranehna.

29Anu kapendak ku simkuring, dakwaan ka manehna teh ngeunaan sual-sual hukum Toret maranehna. Dosana nu manjing hukum pati atanapi bui mah, teu aya.

30Teras aya jalmi ngawartosan, yen aya komplotan anu masang baya bade maehan ka manehna. Ku margi kitu, ku simkuring diparentahkeun dibantun ka kersa gupernur. Ka pihak anu ngadakwa, parantos diwartosan yen ieu perkawis kedah diasongkeun ka kersa salira.”

31Saluyu jeung parentah, peutingna, Paulus dicokot ku pasukan pangawal dibawa ka nagara Antipatris.

32Isukna, sabagian pasukan baralik deui ka markas. Sedengkeun anu ngawal Paulus saterusna mah, ngan pasukan kuda.

33Sadatangna ka kota Kesarea, surat disanggakeun ka gupernur sarta Paulus diserenkeun.

34Sanggeus surat diaos, gupernur mariksa ka Paulus asal ti propinsi mana. Sanggeus kauninga yen asalna ti Kilikia,

35saur gupernur, “Perkara maneh baris dipariksa ku kami, lamun nu ngadarakwana geus ka darieu.” Paulus, ku anjeunna, ditahan di karaton raja Herodes.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Kisah Para Rasul 23):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kisah Para Rasul 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel