Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kolose 4 >> 

1Aranjeun anu jadi dunungan, masing adil, masing jujur ka anu jadi bujang; lantaran aranjeun oge, sarua keur kumawula ka Dunungan anu linggih di sawarga.

2Sing manteng dina paneda, sing caringcing, sarta kudu muji sukur ka Pangeran.

3Pangnedakeun deuih simkuring, mugi ku Allah diparengkeun bisa ngawawarkeun Injil-Na, medarkeun rasiah hal Al Masih, anu jadi sabab pangna simkuring ayeuna dipanjara.

4Pangnedakeun, supaya simkuring wani nyaritakeunana kalawan satarabasna, sakumaha mistina.

5Dina nyanghareupan golongan anu teu palercaya, aranjeun kudu lantip. Satungtung aya keneh waktu mah, aranjeun kudu enya-enya digawe teh.

6Nyarita kudu hade tur lantip, supaya bisa mere jawaban anu merenah ka saha bae oge.

7Hal kaayaan simkuring baris ditepikeun ka aranjeun ku saderek Tihikus, pangbantu anu satia tur rajin ngabantuan enggoning ngalampahkeun tugas ti Gusti; nya jelema pikanyaaheun tea.

8Anjeunna dijurung nepungan teh, supaya dulur-dulur terang kana kaayaan simkuring. Jaba ti eta, geusan ngareugreugkeun hate aranjeun ongkoh.

9Datangna teh, anjeunna baris dibarengan ku Onesimus, anu sarua rajinna jeung matak pikanyaaheunana; nya asal teh, kapan ti dulur-dulur keneh. Aranjeunna baris nyaritakeun sagala rupa anu kajadian di dieu.

10Aya salam ti Aristarkus anu bareng dipanjara jeung simkuring. Oge ti saderek Markus, alona saderek Barnabas tea. Ari hal-ihwal anjeunna mah, dulur-dulur oge geus dipopoyanan. Muga ku dulur-dulur diaku sing hade.

11Aya deuih salam ti Isa tea, anu katelah Yustus. Ti antara urang Masihi Yahudi mah, ngan ieu bae anu tiluan anu marilu baranggawe jeung simkuring pikeun karajaan Allah teh.

12Oge salam ti Epapras, abdina Isa Al Masih, nya anu asal ti dulur-dulur keneh. Anjeunna kacida neda-nedana ka Allah, nyuhunkeun supaya iman dulur-dulur dipengkuhkeun, dipaparin kasadaran pikeun tumut ka pangersa Allah.

13Simkuring terang pisan, kumaha soson-sosonna anjeunna digawe pikeun aranjeun; kitu deui, pikeun dulur-dulur saiman di Laodikea jeung di Herapolis.

14Sobat simkuring, tabib Lukas sarta saderek Demas ngahaturkeun salam.

15Pangnepikeun salam ti simkuring, ka dulur-dulur di Laodikea jeung ka saderek Nimpa katut dulur-dulur anu sok karumpulan di imahna.

16Upama ieu surat geus dibaca di aranjeun, ihtiarkeun supaya dibaca deuih di hareupeun jamaah Laodikea. Kitu deui, surat anu ditujulkeun pikeun jamaah Laodikea oge hade ku dulur-dulur dibaraca.

17Pangnepikeun ka Arsipus: Omat, sing junun ngalampahkeun tugas ti Gusti teh.

18Salam sono simkuring, Paulus. Kalimah ieu mah ditulis ku simkuring sorangan. Masing inget, simkuring teh keur dipanjara. Mugi sadayana marendak sih kurnia ti Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Kolose 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kolose 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel