Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 3 >> 

1Hiji mangsa Yahya Juru Baptis gumelar sarta ngawitan ngayakeun hutbah-hutbah di tegal kikisik di Yudea.

2Hutbahna teh kieu: “Geura tarobat sabab Karajaan Sawarga teh geus tereh ngadeg!”

3Nya anjeunna nu dimaksud ku Nabi Yesaya teh, anu kieu tea: ‘Aya nu cumeluk di tegal kikisik: Sadiakeun jalan Pangeran, lelempeng pijalaneun Mantenna.’

4Yahya teh, panganggona tina bulu onta; angkengna nganggo beulitan kulit; ari tuangna, simeut jeung madu leuweung.

5Urang Yerusalem jeung ti sakuliah propinsi Yudea, kitu deui ti tempat-tempat sabudeureun Ciyordan, ngabrul daratang ka anjeunna.

6Tuluy ku Yahya dibaptis di walungan Ciyordan, sanggeus maranehna ngawakcakeun dosa-dosana.

7Barang kauninga yen loba urang Parisi jeung Saduki nu harayangeun dibaptis, ku anjeunna diseukseukan, “He maraneh, anu lir turunan oray welang! Saha anu geus meringetkeun ka maraneh, supaya maraneh ngaloloskeun diri tina eta bebendon Gusti Allah nu baris datang?

8Sabab eta, tembongkeun laku lampah anu saluyu jeung pertobatan maraneh.

9Jeung deui ulah arumangkeuh dina hate maraneh, ‘Karuhun urang mah Ibrahim.’ Kami netelakeun, yen Gusti Allah mah iasa bae midamel turunan Ibrahim tina batu-batu anu aya di dieu.

10Kampak teh geus sumanding dina akar tangkal; satiap tangkal nu bubuahna goreng, pasti dituar pikeun dijadikeun parab seuneu.

11Kami ngabaptis maraneh teh ku cai, nandakeun yen maraneh tarobat; tapi nu bade rawuh sapandeurieun kami mah, langkung kawasa batan kami: Ngudaran tali tarumpahna oge, kami mah henteu werat. Mantenna mah, bakal ngabaptis maraneh teh ku Ruh Allah jeung seuneu.

12Panangana-Na nyepeng nyiru paranti napikeun, tempat pangirikan geus diberesihan, bangsalna geus diangkutan ka lumbung; ari kekebul jaramina mah, bakal diduruk ku seuneu nu henteu pareum-pareum.”

13Lajeng Isa sumping ti Galilea ka walungan Ciyordan nepangan Yahya, nyuhunkeun dibaptis.

14Ku Yahya diwagel, saurna, “Abdi nu peryogi dibaptis ku Jungjunan mah, sanes Jungjunan anu mundut ka abdi.”

15Diwaler ku Isa, dawuhana-Na, “Keun bae; sabab geus kitu kuduna, supaya sapangersa Allah tinekanan.” Geus kitu mah, Yahya teh ngiringan ka sapamundut Isa.

16Sabadana dibaptis, Isa hanjat ti cai. Sapada harita keneh langit nyingray. Katingali ku Anjeunna, Ruh Allah anu mangrupi manuk japati teh, eunteup kana salira-Na.

17Sarta kakuping aya sora ti sawarga, dawuhana-Na, “Nya ieu Putra Kami nu kaasih, nu ku Kami dipikamanah.”


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Matius 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel