Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 7 >> 

1“Ulah sok ngahukuman batur, supaya maraneh ge henteu dihukuman.

2Sabab panghukuman maraneh teh bakal malik ka diri maraneh sorangan, sakumaha anu geus dipake ngahukuman ku maraneh tea. Naon nu ku maraneh dipake ngukur ka diri batur bakal digunakeun deui ka diri maraneh.

3Naha maraneh nelek-nelek tatal dina panon batur maneh, ari balok dina panon sorangan henteu karasa?

4Naha pantes maraneh ngomong ka batur maraneh, ‘Cing eta tatal dina panon teh urang laan;’ padahal, dina panon sorangan aya balokan.

5Eh jelema anu munapek, piceun heula balok tina panon sorangan, supaya teges nya nenjo kana tatal nu rek dilaan tina panon batur tea.

6Barang nu suci sarta munel ulah dibikeun ka anjing; jeung deui, ka bagong teh, ulah dialungan mutiara. Bisi barangna diluluh, tuluy satona malik ngareweg ka maraneh.”

7“Heug penta, tangtu dibere; heug nyiar, tangtu manggih; heug ketrok, tangtu panto dibuka.

8Sabab sing saha anu menta baris dibere; anu nyiar baris manggih; anu keketrok baris dipangmukakeun panto.

9Saha pijalmaeunana lamun anak menta dahar, wet dibere batu?

10Atawa mun anakna menta lauk, piraku dibere oray?

11Jadi, lamun maraneh anu sakitu jahatna oge bisa nganyahokeun naon nu pantes dibikeun tur baris mangpa'at keur nu jadi anak; komo deui, Rama nu di Sawarga mah: Nya langkung-langkung bakalna maparin teh, asal nyuhunkeun bae ka Mantenna.”

12“Ku sabab eta, upama ngaharep malar batur nedunan kahayang maraneh, maraneh oge kudu daek nedunan kahayang batur; ceuk Toret jeung piwulang nabi-nabi oge kitu.

13Heug arasup teh ka lawang nu leutik; sabab loba jelema nu geus marilih asup ka lawang anu rubak tur jalanna gede, eta mah brasna kana picilakaeun.

14Sabab sanajan leutik lawangna sarta heurin jalanna, tapi ahirna matak bagja jamuga; ngan nya kitu, nu milih jalan ieu mah ngan saeutik.”

15“Sing iatna ka nabi-nabi palsu, anu dina sare'atna nyemu-nyemu domba, padahal badis ajag nu rek nekuk.

16Bisa kaboker soteh tina buah-buah pagaweanana. Moal bisa ngala buah anggur tina tangkal cucuk, atawa buah kondang tina tangkal wareng.

17Mun tangkalna hade, buahna oge hade, tangkal goreng buahna oge moal baleg.

18Tangkal nu hade buahna moal goreng, atuh tangkal nu goreng buahna hamo alus.

19Satiap tangkal anu henteu bener bubuahna, tangtu dituar keur parab seuneu.

20Jadi, nyirikeun nabi-nabi palsu teh, nya tina buah-buah laku lampahna.

21Lain nu nyebut ka Kami: ‘Jungjunan, Jungjunan!’ Nu bisa asup ka sawarga teh, tapi nu ngalampahkeun pangersa Ama nu di sawarga.

22Engke, dina poe panungtungan, bakal loba pisan anu unjukan kieu ka Kami, ‘Jungjunan, Jungjunan! Kapan abdi teh parantos ngawuruk kalayan asmaning Jungjunan, parantos nundung roh-roh setan kalayan asmaning Jungjunan, oge ngayakeun rupi-rupi mujijat kalayan nyambat asmaning Jungjunan!’

23Tapi terus terang bae ku Kami rek diwalon kieu, ‘Kami sama sakali henteu wawuh ka maneh; los nyingkir, heh durjana!’”

24“Ayeuna, saha nu ngaregepkeun omongan Kami bieu tur jeung ngamalkeunana, ku Kami diupamakeun hiji jalma nu bijaksana, anu nyieun imah dina cadas.

25Ana breg katinggang hujan, kateumbrag banjir, jeung diamuk angin puyuh, imahna teh tetep tagen sabab ngalemahna dina cadas.

26Ari anu ngadengekeun omongan Kami bari henteu jeung ngalampahkeunana mah, ibarat jelema nu bodo katotoloyoh, anu ngadegkeun imahna dina keusik.

27Ana katarajang hujan, kacaahan, katebak angin gede, imahna teh pasti runtuh, ruksak paburantak.”

28Saparantos Isa liren cacariosna, jalma-jalma anu sakitu ngagimbungna teh mani harookeun ku piwulang-Na.

29Sabab Isa ngawulangna disarengan ku kakawasaan, beda ti ahli-ahli Kitab nu biasa ngawuruk maranehna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Matius 7):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel