Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 13 >> 

1(12-18) Tuluyna mah, Deg, Naga teh nangtung di sisi basisir. (13-1) Geus kitu, Jebul, ti laut hiji sato hanjat ka darat. Huluna tujuh, tandukna sapuluh; dina unggal-unggal tanduk aya makuta; ari huluna, masing-masing ditulisan hiji ngaran anu ngahina;

2awakna, siga maung tutul; sukuna, siga suku biruang; bangusna, siga bangus singa. Seug ku Naga diserenan pangawasana, kapangkatanana, jeung kagagahanana.

3Huluna, salahsahijina, aya raheutna bangun matak paeh, tapi bet bisa cageur deui. Saeusi dunya mani hookeun, seug sato teh ditaluturkeun.

4Jelema-jelema kabeh muji ka Naga, anu geus mere kakawasaan ka eta sato; tuluy eta sato teh, disembah-sembah. Ceuk maranehna: “Saha nu bisa nandingan tur kuat ngalawan eta sato?”

5Eta sato dibere kabisa kana susumbar, ngaburulakeun ucap-ucap jahat, opat puluh dua bulan lilana.

6Seug mimiti nangtang ka Allah, nyacampah jenengana-Na, ngahina kana kasucian panglinggihana-Na, jeung ka sakur anu ngarancik di sawarga.

7Jeung deui, eta sato teh, dibere idin merangan jeung ngelehkeun umat Allah; tur dibere kawasa oge pikeun ngajajah ka kaom-kaom, seler-seler bangsa, bangsa-bangsa, jeung basa-basa.

8Jelema saalam dunya baris nyarembah ka dinya. Anu karitu teh, ngan ukur jelema-jelema anu ngaranna ti barang dunya dijadikeun geus henteu katuliskeun dina kitab hayat cangkingan Anak Domba anu dipeuncit tea.

9Ku sabab eta, nu rumasa boga ceuli kudu ngadenge!

10Anu pastina kudu kaboyong tangtu kaboyong; anu pastina dipaehan ku pedang, tangtu paeh ku pedang. Lebah dieu pentingna, jelema anu aribadah teh kudu tabah nyekel imanna.

11Breh deui, aya sato anu kadua. Bijilna ti jero bumi. Ieu sato, boga dua tanduk anu bangunna siga tanduk anak domba jeung bisa ngomong kawas Naga tea.

12Seug, eta sato, ngajalankeun sagala pangawasa sato anu kahiji di hareupeunana. Ieu sato teh ngalantarankeun bumi sakuliahna katut jelema-jelema anu ngeusianana, nyarembah ka sato anu kahiji, anu raheutna cageur deui tea.

13Ieu sato anu kadua teh, nembongkeun kaahengan-kaahengan anu hebat ka manusa, malah bisa nyieun hujan seuneu ti langit.

14Ku jalan nembongkeun kaahengan-kaahengan anu wenang dijalankeun dihareupeun sato anu kahiji, ieu sato teh, bisa nyasabkeun manusa-manusa anu ngarancik di bumi sarta marentah arca pikeun ngahormat sato anu huluna raheut cageur deui tea.

15Tur eta sato teh boga pangawasa ngahirupkeun eta arca, nepi ka arcana bisa ngomong ngaragragkeun hukum pati ka anu embung nyembah.

16Malah nyieun aturan anu keras pisan, yen sakabeh jelema gede leutik, anu beunghar anu miskin, nu merdika anu kumawula, kudu marake tanda dina leungeun katuhu jeung dina tarang.

17Jelema anu teu boga eta tanda, — nya ngaran eta sato atawa angka perlambang ngaranna — henteu meunang barang beuli atawa barang jual.

18Ieu teh siloka, jadi urang kudu lantip jeung surti. Anu surti mah, bisa nyaho kana angka bilanganana; sabab bilanganana teh, nuduhkeun ngaran hiji manusa. Angkana teh: Genep ratus genep puluh genep.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Wahyu 13):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel