Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 4 >> 

1Tutas titingalan anu eta, breh aya titingalan sejen. Aya panto di sawarga anu muka. Tuluy aya Nu ngagentra, lir sada sangkakala anu kadenge ti heula tea, ungelna: “Ka dieu unggah! Kami rek nembongkeun kajadian-kajadian saterusna!”

2Harita keneh simkuring kapurba ku Ruh. Geus kitu, di sawarga simkuring ningal anu keur linggih dina hiji singgasana.

3Pameunteu-Na mancur, lir permata yaspis jeung yakut. Singgasana-Na dikubeng ku katumbiri nu sumirat warna jambrut,

4diputer ku dua puluh opat tahta anu dicaralikan ku dua puluh opat sesepuh anu ngaranggo anggoan bodas ngeplak jeung makuta emas.

5Tina singgasana tea, bijil kilat tinggurilap, sada gugur tinggulugur. Di hareupeunana aya tujuh obor anu hurung, anu tinggalebur; eta teh tujuh Ruh Allah;

6jeung aya nu siga laut kaca ngagenclang, jeg kristal anu ngagenclang lumenggang. Sakuriling singgasana, unggal sisi, — tukang, hareup, kenca, katuhu — dikawal ku opat mahluk anu pinuh ku mata saluluarna.

7Mahluk anu kahiji, bangunna, siga singa; nu kadua, siga anak sapi; nu katilu, beungeutna, siga beungeut jelema; nu kaopat, siga galudra eukeur ngalayang.

8Opat-opatna, baroga genep jangjang tur luar jerona pinuh ku mata; opat-opatna, beurang peuting, teu eureun-eureun pupujian, pokna: “Suci, suci, suci Pangeran Allah Nu Murba Wisesa, Nu jumeneng ti bihari tug ka kiwari, jumeneng salalanggengna.”

9Saban-saban eta mahluk nu opat maruji, ngahormat, sarta muji sukur ka Anu linggih dina singgasana, Nu jumeneng salalanggengna;

10sesepuh anu dua puluh opat tea, sembah sujud ka Anu linggih dina singgasana, — Nu jumeneng salalanggengna — bari maruka makuta-makutana sarta arunjukan kieu:

11“Nun Jungjunan, Allah Pangeran! Estu layak Gusti ngasta kaagungan, kahormatan, sareng kakawasaan. Reh nya Gusti nu nyiptakeun saniskara. Nya ku karana pangersa Gusti, pangna eta sadaya ayeuna aya.”


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Wahyu 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel