Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 14 >> 

1Ku sabab eta ihtiarkeun supaya aranjeun boga kanyaahan. Jeung usahakeun supaya meunang kurnia Roh, pangpangna kurnia kamampuh bisa nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah.

2Anu ngomong ku basa anu ajaib, basa Roh, ngomongna lain ka manusa tapi ka Allah, da manusa mah teu aya anu ngartieun kana omonganana. Anu diucapkeunana ngan Allah anu uninga, ngucapkeunana oge lantaran kajurung ku Roh Allah.

3Sabalikna anu nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah mah ngomongna ka sasama manusa, aya pulunganeunana, matak teger, matak lipur.

4Anu ngomong ku basa Roh ngan matak teger soranganana. Sabalikna anu nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah mah matak seger sajamaah.

5Sukur lamun aranjeun kabeh bisa ngomong ku basa Roh. Tapi leuwih sukur lamun aranjeun mampuh nerangkeun dawuhan-dawuhan Allah. Anu boga kamampuh kieu tempatna leuwih utama ti batan anu mampuh ngomong ku basa Roh. Omongan basa Roh kakara aya mangpa’atna ka sajamaah, lamun aya anu bisa nerangkeun hartina.

6Coba upama sim kuring engke ka dieu ngomong ku basa Roh, bakal aya mangpa’atna ka aranjeun? Sama sakali moal aya. Sejen deui upama sim kuring nerangkeun wahyu ti Allah, atawa nerangkeun hal Allah, atawa ngawejang, atawa ngajar.

7Tatabeuhan anu teu nyawaan, upamana suling atawa kacapi, lamun ditabeuhna teu puguh naha bakal kanyahoan sorana lagu naon?

8Contona deui, lamun tarompet perang ditiupna sambarangan teu puguh, saha anu rek maju jurit?

9Nya kitu keneh lamun aranjeun ngomong ku basa Roh anu teu puguh unina, saha nu rek ngarti? Omongan aranjeun jadi leungit ku angin.

10Basa di dunya teh rupa-rupa, tapi hiji ge teu aya anu teu boga harti.

11Tapi lamun aya anu ngajak ngomong ka sim kuring make basa anu ku sim kuring teu kaharti, sim kuring asing ka manehna, manehna asing ka sim kuring.

12Aranjeun anu kacida harayangna meunang kamampuh ti Roh Allah kudu alihtiar, supaya anu dipaparinkeun teh pangpangna anu bisa dipake pikeun ngabantu ngamajukeun jamaah.

13Ku sabab eta lamun rek ngomong ku basa Roh kudu neneda heula ka Allah supaya sakalian bisa nerangkeun hartina.

14Sabab kieu: Upama sim kuring ngadoa ku basa Roh, anu ngadoa teh ngan roh sim kuring bae, pikiran mah teu milu ngadoa.

15Jadi kudu kumaha? Kieu sim kuring mah: Lamun ngadoa ku basa Roh, diteruskeun ngadoa make pikiran. Pupujian kitu keneh, roh pupujian, pikiran oge pupujian.

16Lamun jelema awam milu ngadengekeun aranjeun sembahyang muji sukur ka Allah make basa Roh anu ku manehna teu kahartieun, naha manehna bakal ngucapkeun "Amin" kana pamuji sukur aranjeun? Moal, lantaran teu ngartieun.

17Sanajan doa pamuji sukur aranjeun kacida alusna, pikeun manehna mah sama sakali teu aya paedahna.

18Sim kuring muji sukur ka Allah bisa make rupa-rupa basa nu ajaib leuwih ti batan aranjeun.

19Tapi di jero kumpulan mah sim kuring mending make lima kecap anu bisa kaharti ku batur, ti batan rebuan kecap anu araneh teu matak kaharti.

20Ulah kawas budak pikiran teh dulur-dulur! Kudu kawas budak soteh kana hal-hal anu jahat, pikiran mah kudu sawawa.

21Dina Kitab Suci ditulis, "Kami rek ngandika ka umat Kami, dawuhan Pangeran, make jalma-jalma anu ngaromongna ku basa-basa anu ajaib. Malah Kami rek ngandika ka umat Kami ku biwir jalma-jalma urang asing. Tapi sanajan kitu ge maranehna moal ngadenge ka Kami."

22Eta tanda kurnia kamampuh ngomong ku basa-basa Roh teh pikeun jelema-jelema anu tacan percaya, lain pikeun anu geus palercaya. Sabalikna kurnia kamampuh ngawejangkeun dawuhan Allah mah pikeun anu geus palercaya, lain pikeun anu tacan percaya.

23Coba, upama aranjeun keur kumpulan, kabeh ngaromong ku basa-basa anu aneh, tuluy aya jelema sejen anu lain umat percaya asup, tangtu ceuk manehna aranjeun teh garelo!

24Sabalikna lamun aranjeun keur ngawejangkeun dawuhan Allah, eta anu keur diwejangkeun teh bisa ngageuing nepi ka manehna ngarasa kana dosana. Anu kadenge ku ceulina teh

25bisa ngalantarankeun manehna nembrakkeun eusi hatena, ngarendahkeun diri ngabakti ka Allah sarta ngaku, "Sayaktosna, Allah aya di aranjeun!"

26Dulur-dulur! Ngabakti ka Allah dina kumpulan teh kudu kieu: Nu saurang pupujian, nu saurang ngajar, nu saurang ngucapkeun wahyu ti Allah, nu saurang make basa Roh, nu saurang nerangkeun hartina eta omongan. Sagala-galana kudu reujeung maksud ngamajukeun jamaah.

27Lamun aya anu rek ngomong ku basa Roh, duaan atawa panglobana tiluan, kudu bagilir. Tapi anu diomongkeunana kudu aya anu nerangkeun hartina.

28Lamun teu aya anu bisa nerangkeun, ngomong ku basa Roh kudu eureun, teruskeun di jero hate bae.

29Anu meunang warta ti Allah, kudu ngucapkeun eta warta, nu sejenna ngaregepkeun.

30Tapi lamun ti nu karumpul aya deui anu meunang warta ti Allah, anu ti heula kudu eureun.

31Aranjeun bisa piligenti ngucapkeun warta ti Allah, supaya bisa silih wurukan jeung silih kuatkeun kapercayaan.

32Warta ti Allah kudu beres diucapkeunana ku anu meunang eta ilham,

33sabab Allah teh resepeun kana kaberesan, teu resepeun ka nu kusut. Sakumaha kabiasaan di sakabeh jamaah Allah,

34wanita di jero pajemuhan kudu repeh. Wanita teu meunang nyoara; kitu nurutkeun Hukum urang Yahudi, wanita teu meunang pipilueun.

35Lamun aya tanyakeuneun lantaran hayang nyaho, tanyakeun ka salaki bae lamun geus aya deui di imah. Hina wanita mah nyarita di jero pajemuhan teh.

36Atawa naha ari pangandika Allah teh asal ti aranjeun? Atawa datangna ngan ka aranjeun wungkul?

37Jelema anu ngarasa kailhaman warta ti Allah, atawa ngarasa meunang kurnia anu sipatna rohani, kudu ngaku yen ieu anu dituliskeun ku sim kuring dina ieu surat teh estu parentah ti Gusti.

38Tapi lamun manehna henteu daekeun malire kana ieu hal, ku aranjeun henteu kudu dipalire.

39Jadi, dulur-dulur, sing boga kadaek pikeun ngucapkeun warta ti Allah, bari jeung ulah ngahalang-halang batur anu rek ngucapkeun omongan ku basa-basa anu ajaib.

40Tapi sagala prakprakanana kudu sing rapih, sing beres entep-entepanana.



 <<  1 Korintus 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel