Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 2 >> 

1Dulur-dulur! Waktu sim kuring datang ka aranjeun mawa warta maksad Allah anu tacan kabuka, henteu make kecap-kecap anu laluhur, halna henteu digede-gedekeun.

2Anu jadi tekad sim kuring salila di aranjeun lain rek nyaritakeun nu sejen, salian ti arek ngenalkeun Kristus, pangpangna hal pupus-Na lantaran disalib.

3Waktu datang ka aranjeun, sim kuring teh mani asa taya tangan pangawasa, awak ngadegdeg sieun.

4Sim kuring bisa nerangkeun hal eta teh lain tina kapinteran sorangan, tapi yakin tina kakawasaan Roh Allah.

5Jadi ku sabab kitu, pang aranjeun bisa percaya oge lain ku tina pinter-pinterna jelema anu nerangkeun, tapi ku karana kakawasaan Allah.

6Tapi ka jelema-jelema anu geus asak sual karohanianana mah sim kuring nerangkeun oge hal kabijaksanaan. Ngan lain kabijaksanaan urang dunya, lain kabijaksanaan anu karawasa di ieu dunya — kakawasaan-kakawasaan anu bakal leungit kakawasaanana.

7Anu disodorkeun ka maranehanana teh kabijaksanaan Allah anu gaib, anu can kabuka ku manusa, tapi ku Allah geus ditangtukeun ti memeh aya dunya, disadiakeun pikeun ngabagjakeun urang.

8Anu karawasa di ieu dunya taya saurang-urang acan anu nyahoeun kana eta kabijaksanaan. Mun geus nyarahoeun ge sageuy maranehanana nyalibkeun Gusti nu maha agung.

9Tina hal eta, kieu ceuk Kitab Suci, "Hal anu tacan katenjo, tacan kadenge, anu tacan kapikir-pikir acan ku manusa, malah hal eta anu ku Allah geus disadiakeun pikeun ngabagjakeun sakur anu nyaah ka Mantenna."

10Tapi ka urang mah hal eta teh geus dinyatakeun ku Allah, ku Roh-Na. Sabab sagala rupa, nepi ka maksad-maksad Allah anu pangbunina oge ku eta Roh bisa kabuka.

11Kapan di manusa oge anu bisa nyaho kana kereteg hatena teh rohna sorangan keneh. Nya kitu, anu uninga kana sagala hal Allah teh ngan Roh Allah bae.

12Ari anu dipaparinkeun ka urang lain roh dunya ieu, tapi Roh asal ti Allah, supaya urang bisa terang kana sagala hal anu ku Allah geus dikurniakeun ka urang.

13Ku sabab kitu, ari sim kuring nerangkeun hal-hal Allah ka jelema-jelema anu geus baroga Roh Allah teh henteu nurutkeun pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Roh Allah.

14Jelema anu teu ngabogaan Roh Allah mah moal bisa narima hal anu dinyatakeun ku eta Roh. Ku jelema anu kitu mah hal eta teh moal kahartieun, dianggap taya paedahna. Hal-hal rohani saperti kitu, ditimbangna ge kudu ku rohani deui.

15Tapi jelema anu ngabogaan Roh Allah mah bisa neuleuman harti jeung maksud saniskara, sabalikna dirina sorangan moal kateuleuman ku nu sejen.

16Sakumaha ceuk Kitab Suci, "Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu bisa mere nasehat ka Mantenna?" Tapi urang mah kapan geus kaserepan ku panggalih Kristus.



 <<  1 Korintus 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel