Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 8 >> 

1Geus kitu Suleman nimbalan ka sakabeh pamingpin kaom Israil jeung para pamingpin warga supaya karumpul di anjeunna di Yerusalem. Maksadna rek mindahkeun Peti Perjangjian PANGERAN ti Sion, Kota Daud ka Bait Allah.

2Gancangna kabeh geus karumpul dina musim Pesta Saung Daun, nya eta dina bulan Etanim.

3Sanggeus para pamingpin karumpul kabeh, seug Peti Perjangjian teh diangkat ku para imam,

4digarotong ka Bait Allah. Kemah Tepangan PANGERAN oge ku para imam jeung urang Lewi dipindahkeun ka Bait Allah jeung sagala paparabotanana.

5Geus kitu Raja Suleman jeung sakabeh bangsa Israil kumpul di hareupeun Peti Perjangjian, prak ngurban meuncit domba jeung sapi mangpirang-pirang, lobana henteu kaitung.

6Ti dinya Peti Perjangjian teh ku para imam diasupkeun ka Bait Allah, ka Kamar Pangsucina, dipernahkeun di handapeun jangjang dua mukarabin tea.

7Jadi jangjang dua mukarabin teh meberna ngauban eta Peti katut rancatanana.

8Tungtung-tungtung rancatanana, ku jelema anu nangtung lempengan pisan Kamar Pangsucina mah bisa katenjo, mun lain ti dinya mah henteu. (Eta rancatan nepi ka kiwari aya keneh di dinya.)

9Eusi eta Peti teu aya nu sejenna deui, salian ti dua papan batu anu baheula disimpen di dinya ku Musa, basa keur di Gunung Sinai tea, sabada PANGERAN ngadamel perjangjian ka sakumna bangsa Israil, di satengahing jalan sabada budal ti Mesir.

10Barang para imam kalaluar ti jero Bait Allah, tuluy aya mega anu minuhan eta Bait,

11megana cahayaan nyumiratkeun kamulyaan PANGERAN, datang ka para imam anu rek ngajaralankeun kawajibanana teu barisa asup deui ka dinya.

12Suleman tuluy sembahyang, saurna, "Nun PANGERAN, Gusti parantos nempatkeun panonpoe di langit, nanging bet milih panglinggihan tina mega sareng angkeub.

13Abdi parantos rengse ngadamel ieu gedong anu agreng, haturkeuneun ka Gusti, linggihaneun salalamina."

14Ti dinya Raja Suleman malik ka jalma rea anu narangtung di dinya seja mangmundutkeun berkah Allah.

15Pok nimbalan, "Sagala puji ka pangkonan GUSTI Allah Israil! Jangji Mantenna ka Daud rama kami, ayeuna laksana. Dawuhan dina jangji-Na kieu,

16‘Ti barang nyandak umat ti Mesir, di sakuliah tanah Israil Kami tacan milih-milih tempat geusan ngadegkeun gedong paranti sembahyang ka Kami. Tapi Kami milih maneh, Daud, geusan ngatur umat Kami Israil.’"

17Saurna deui, "Daud, rama kami suwargi, kagungan maksad ngadamel gedong paranti tempat ibadah ka GUSTI Allah Israil.

18Tapi dawuhan PANGERAN ka rama kami, ‘Hade pisan karep maneh nyieun gedong pikeun Kami.

19Ngan ulah ku maneh dijieunna, engke bae ku anak maneh sorangan.’

20Eta jangji PANGERAN teh ayeuna bukti laksana. Kami, anu neruskeun kangjeng rama ngarajaan di Israil, ayeuna geus anggeus nyieun ieu gedong paranti ibadah ka GUSTI Allah Israil.

21Kami geus nyieun tempat di jero gedong pikeun Peti Perjangjian, anu eusina dua papan batu anu muat perjangjian PANGERAN jeung karuhun urang, waktu Mantenna ngaluarkeun aranjeunna ti Mesir."

22Geus kitu Suleman nadahkeun panangan deukeut altar, hareupeun jalma rea,

23tuluy sembahyang, "Nun GUSTI Allah Israil! Di sawarga di manggung, di bumi di handap, teu aya deui anu jumeneng Allah, mung Gusti. Gusti teh satia kana jangji ka umat, teu petot mikawelas ka maranehna, anu sarumujud ngabakti terusing ati.

24Jangji Gusti ka Daud pun bapa, ayeuna laksana. Wangkid ieu sugri pangandika Gusti teh bukti.

25Ayeuna, nun GUSTI Allah Israil, panuhun abdi mugi Gusti netepan jangji sanesna anu kapungkur ku Gusti dijangjikeun ka pun bapa; saur Gusti ka pun bapa, ti turunan anjeunna salamina baris aya saurang anu jadi raja nyangking Israil, upami maranehna saregep nurut ka Gusti sapertos pun bapa.

26Ku margi kitu, nun Allah Israil, mugi eta sadaya perkawis teh ayeuna dibuktoskeun, sakumaha jangji Gusti ka pun bapa, Daud abdi Gusti tea.

27Nanging nun Allah, naha leres Gusti teh kersa linggih di bumi? Margi, dalah sakubeng langit sajagat raya oge keur Gusti mah moal cekap, sumawonten ieu, gedong kenging abdi, naha picekapeun?

28Ku margi kitu nun Gusti PANGERAN, jisim abdi gandek Gusti nyanggakeun panuhun, mugi paneda panyambat jisim abdi dinten ieu ku Gusti didangu dimakbul.

29Mugi Gusti, siang kalayan wengi, kersa nitenan ieu gedong anu ku Gusti parantos kamanah jadi tempat paranti ibadah ka Gusti. Satiap-tiap jisim abdi sembahyang mayun ka ieu gedong, mugi Gusti kersa ngadangukeun.

30Satiap anu nyanggakeun panyambat sareng neda pangampura mayun ka ieu gedong, boh jisim abdi, boh urang Israil umat Gusti, mugi didangu sareng dimakbul ti tempat Gusti linggih di sawarga.

31Manawi aya jalmi anu dituding gaduh dosa ka pada batur, seug dibantun kana altar Gusti di ieu gedong sina sumpah yen teu salah,

32dangukeun ti sawarga, nun PANGERAN. Mugi gandek-gandek Gusti teh perkawisna dilereskeun, anu lepatna dihukum sapantesna, anu leresna mugi dibebaskeun.

33Manawi umat Gusti dugi ka eleh ku musuh dumeh aya dosana ka Gusti, ana lajeng tarobat sareng sasambat di ieu gedong neda hampura,

34mugi dangukeun ti sawarga, hapunten dosana, sareng sina tariasa mulang deui ka tanahna, paparin Gusti ka karuhunna.

35Manawi Gusti teu maparin hujan lantaran maranehna gaduh dosa ka Gusti, ana lajeng sasambat neda pertobat di ieu gedong,

36mugi pertobatna ditampi ti sawarga. Hapunten dosa rajana, hapunten dosa sakumna bangsa Israil, tuduhan jalan nu leres. Saparantos kitu mugi dipaparin hujan nun PANGERAN, turunkeun hujan ka ieu tanah kagungan, anu ku Gusti parantos dimilikkeun ka maranehna salalamina.

37Manawi ieu tanah katarajang paceklik atanapi pagebug, atanapi pepelakanana diruksak ku angin panas, atanapi di tarajang ku hama atanapi simeut, atanapi dikersakeun ditempuh ku musuh, atanapi katarajang kasakit, atanapi paudur,

38panyambatna mugi didangu. Manawi aya urang Israil, umat Gusti, sasambat tumadah ka ieu gedong lantaran kaduhung ku dosana,

39mugi dangukeun panyambatna ti sawarga, paparin pangampura sareng pitulung. Gusti teh waspaos kana eusining hate manusa, mugi midamel ka eta jalmi luyu sareng kalakuanana.

40Supados umat Gusti tuhu tumutur ka Gusti saumur-umur, di ieu tanah anu ku Gusti parantos dipaparinkeun ka karuhun abdi sadaya.

41(8:41-42) Manawi aya jalmi bangsa sanes dongkap ka dieu ti nagara jauh dumeh nguping kamashuran sareng dadamelan Gusti anu aragung ka umat Gusti, seug sembahyang di ieu gedong,

42(8:41)

43mugi sembahyangna dangukeun, panuhunna mugi dimakbul ti sawarga panglinggihan Gusti. Supados manusa sajagat sami terang sareng sumujud ka Gusti sapertos umat Gusti, Israil. Supados maranehna oge tarerangeun, yen ieu gedong anu diadegkeun ku jisim abdi teh tempat paranti sembahyang ka Gusti.

44Manawi umat teh ku Gusti nuju dipiwarang budal merangan musuh, di mana bae maranehna ayana, ana nyanghareup ka lebah ieu kota anu dipilih ku Gusti, sareng sembahyang ka lebah ieu gedong kenging abdi ngadegkeun kangge Gusti,

45mugi dangukeun panyambatna ti sawarga, paparin kaunggulan.

46Manawi umat Gusti pareng aya dosana (kawantos jalmi mah teu aya anu luput tina kalepatan), dugi ka Gusti bendu sareng ngantep maranehna dibantun ku musuh ka nagara lian, sarta di dituna sasambat, sakumaha tebihna ge eta nagara,

47mugi panyambatna didangukeun, nun PANGERAN. Upami di tanah pangasinganana teh tarobat, ngaraku kana kalepatan sareng kadorakaanana, mugi panyambatna didangu.

48Upami leres-leres di dituna maranehna tarobat, seug sasambat ka Gusti ngiblat ka ieu tanah paparin Gusti ka karuhunna, sareng ka ieu kota kadeudeuh Gusti, sareng ka ieu gedong kenging abdi ngadegkeun kangge Gusti,

49dangukeun panyambatna. Dangukeun ti sawarga, mugi dipikawelas.

50Hapunten kalepatan sareng kabasangkalanana, sareng balikkeun hate musuhna sina malik mikarunya.

51Maranehna teh umat Gusti kenging ngaluarkeun ti tanah Mesir, tanah naraka pikeun maranehna.

52Nun Gusti ALLAH, mugi Gusti mikawelas salalamina ka umat Gusti Israil, sareng ka rajana. Samangsa-mangsa maranehna sasambat neda pitulung, mugi didangu.

53Maranehna ku Gusti parantos dipilih ti bangsa-bangsa, didamel umat ku manten, sakumaha timbalan Gusti ka maranehna, anu diandikakeun ka Musa nalika Gusti ngaluarkeun karuhun abdi-abdi ti tanah Mesir."

54Suleman nenedana sideku deukeut altar bari nadahkeun panangan. Sabadana, anjeunna cengkat, ngadeg.

55Pok ngalahir gentrana tarik, mundut berkah Allah pikeun hadirin, saurna,

56"Sembah puji ka PANGERAN, anu geus ngareureuhkeun umat-Na sakumaha jangji-Na. Jangji-jangji Mantenna anu pinuh ku sih kurnia, anu diandikakeun ka Musa, geus tinekanan.

57Mugia PANGERAN Allah urang nyarengan sakumaha geus nyarengan ka karuhun urang, henteu ngantunkeun.

58Mugia urang ku Mantenna dijadikeun jalma-jalma anu satia ka Mantenna, sarta tunduk kana hukum-hukum jeung parentah-parentah-Na, anu bareto diandikakeun ka karuhun urang tea.

59Mugia panuhun panyambat kami bieu salawasna dipikaemut ku PANGERAN Allah urang. Mugia Mantenna salawasna mikawelas ka urang Israil jeung ka rajana, tur nyekapan pangabutuhna sapopoe,

60supaya bangsa-bangsa saalam dunya nyarahoeun yen teu aya deui Allah ngan PANGERAN.

61Mugia maraneh, umat Mantenna, tuhu tumutur ka PANGERAN Allah urang, nekanan hukum-hukum jeung parentah-parentah-Na salalawasna, kawas poe ieu."

62Geus kitu Suleman jeung sakur anu karumpul nyanggakeun kurban ka PANGERAN.

63Reana sato anu dikurbankeun, sapi dua puluh dua rebu, domba saratus dua puluh rebu, dijieun kurban panarima ngaresmikeun eta Bait Allah.

64Poe eta keneh Suleman ngaresmikeun buruan bagian tengah anu di hareupeun eta Bait Allah. Di eta buruan anjeunna tuluy ngahaturkeun kurban beuleuman, kurban gandum, jeung gajih sato-sato kurban dijieun kurban karapihan. Pangna ngurban di dinya, lantaran kurbanna kacida lobana nepi ka teu mahi ku altar anu geus aya, altar tambaga tea.

65Rengse ngurban, Suleman jeung sakumna bangsa Israil nekanan Pesta Saung Daun di dinya, di Bait Allah, lilana tujuh poe. Jelema anu karumpul kacida lobana ti suklakna ti siklukna, ti kaler ti Hamat, ti kidul ti wates tanah Mesir, tumplek ka dinya.

66Dina poe kadalapanna ku Suleman dijurung marulang. Anjeunna pada muji ku sarerea, anu ngarasa bagja ku sagala berkah PANGERAN ka Daud abdi-Na jeung ka urang Israil, umat-Na.



 <<  1 Raja-raja 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel