Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tesalonika 1 >> 

1Kahatur dumateng dulur-dulur di Jamaah Tesalonika, umat kagungan Allah Rama jeung Gusti Yesus Kristus. Ieu surat ti Paulus, Silas, jeung Timoteus. Mugia aranjeun marendak rahmat rahayu ti Allah.

2Sim kuring teu kendat muji sukur ka Allah ku hal aranjeun. Unggal neneda aranjeun sok disebut.

3Saban-saban neneda ka Allah Rama urang, sim kuring teh inget ka aranjeun, anu sakitu percayana ka Kristus, nyata dina hirup aranjeun. Aranjeun sakitu mikahemanna ka nu sejen, nepi ka daek nyorang hese cape, jeung teguh mantengkeun harepan ka Gusti urang Yesus Kristus.

4Sim kuring terang dulur-dulur, aranjeun teh ku Allah dipikaasih, dipilih jadi kagungana-Na ku manten.

5Sabab sim kuring mawa Injil Kasalametan ka aranjeun teh lain ku caritaan bae, tapi kasartaan ku daya jeung Roh Suci, bari yakin sayakin-yakinna yen eta Injil Kasalametan teh bener. Aranjeun terang kumaha soson-sosonna sim kuring basa di aranjeun, keur paedah aranjeun.

6Aranjeun ayeuna geus nulad ka sim kuring jeung ka Gusti urang. Sakitu disusahkeunana oge aranjeun teh daek tur kacida sukana narima warta perkara eta. Eta kasukaan aranjeun teh paparin ti Roh Suci.

7Ku hal eta aranjeun teh geus dipiconto ku sakabeh dulur sakapercayaan di Makedoni jeung Ahaya.

8Sabab anu sumebar di sakuliah Makedoni jeung Ahaya teh lain ngan wawaran hal eta bae, iman aranjeun ka Allah oge milu kagurnita ka mana-mana, nepi ka sim kuring geus teu bisa nyaritakeunana.

9Jalma-jalma kabeh ngagunemkeun perkara aranjeun sakitu ngakuna waktu didatangan ku sim kuring, kitu deui perkara aranjeun geus miceun brahala sesembahan tuluy nyanghareup ka Allah, ngabakti ka Allah sajati, Allah anu hirup,

10sarta ngarep-ngarep sumping putra-Na ti sawarga, nya eta Yesus, anu ku Mantenna geus digugahkeun ti nu paraeh, anu nyalametkeun urang tina hukuman Allah engke.



 <<  1 Tesalonika 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel