Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tesalonika 2 >> 

1Sim kuring datang ka aranjeun teh henteu gaplah, ku aranjeun ge tangtu karasa.

2Aranjeun terang, samemeh ka dieu ka Tesalonika, di Pilipi sim kuring teh kacida dihinakeunana, goreng pisan ditarimana. Tapi waktu eta Injil Kasalametan ti Allah teh ku sim kuring dibawa ka aranjeun, sanajan loba anu ngalawan ge sim kuring ku Allah dikersakeun wani.

3Pangajak sim kuring ka aranjeun teh taya maksud anu goreng lain rek ngabobodo atawa nipu merdaya.

4Anu dicaritakeun teh salawasna ngan anu dipikapalay ku Allah. Kajeun teu matak senang ka pada jalma, asal matak senang ka Allah, anu nguji eusi hate sim kuring, lantaran ku Mantenna dipercanten ngemban eta Injil Kasalametan.

5Ku aranjeun geus kanyahoan, iraha sim kuring osok ngomong lumah-lameh atawa sindir-sampir sangkan teu kaciri sarakah. Allah saksina!

6Sim kuring teu malar pamuji, boh ti aranjeun boh ti nu sejen.

7Saenyana sim kuring teh da rasul Kristus, wenang najan barang penta oge. Sapanjang keur di aranjeun, sim kuring sakitu darehdehna ka aranjeun, mani kawas indung rumawat ka anak.

8Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, sumawonna eta Injil Kasalametan, nyawa oge moal dikoretkeun. Nepi ka kitu kanyaah ka aranjeun teh!

9Aranjeun tangtu aringet kumaha sim kuring tohtohanana, waktu sim kuring ngawawarkeun Injil Kasalametan ka aranjeun digawe beurang peuting nyiar kipayah, sangkan ulah nepi ka matak ngariweuhkeun aranjeun.

10Aranjeun anu percaya geus nyaraksian, Allah oge nyaksian, tingkah laku sim kuring ka aranjeun teh beresih, jujur, taya cela kitu kieu.

11Ku aranjeun meureun karasa, pamolah sim kuring ka aranjeun teh lir bapa ka anak.

12Negeran, ngalilipur, jeung ngadorong supaya hirup aranjeun sapagodos jeung pangersa Allah, anu geus nyaur aranjeun kana Karajaan jeung kamulyaana-Na.

13Jeung kieu nu matak sim kuring muji sukur ka Allah teh: Eta amanat ti Allah anu ditepikeun ku sim kuring teh ku aranjeun ditarima jeung dipercaya, yen lain beja ti manusa, tapi amanat ti Allah. Eta nandakeun yen Allah geus ngagerakkeun hate aranjeun sangkan percaya ka Kristus.

14Anu kaalaman ku aranjeun teh, dulur-dulur, sarua jeung anu kaalaman ku jamaah Allah di Yudea, ku jelema-jelema anu geus jadi milikna Kristus Yesus. Aranjeun di dieu dikaniaya ku bangsa sorangan. Dulur-dulur di Yudea oge dikaniaya ku bangsana sorangan, bangsa Yahudi,

15anu geus maehan Gusti Yesus jeung nabi-nabi-Na, jeung nganiaya rasul-rasul-Na. Urang Yahudi geus nyieun anu matak cua ka Allah, jeung kacida ngamusuhanana ka saban jalma.

16Malah anu ngawawarkeun eta Injil Kasalametan ka bangsa sejen supaya bangsa sejen oge salamet, kacida dihalang-halangna. Dosa urang Yahudi anu sakitu gedena beuki gede bae. Ahirna, ayeuna maranehna keuna ku murka Allah.

17Dulur-dulur, urang papisah teh saheulaanan. Jeung paturay soteh raga, batin mah tetep ngahiji. Tapi ti barang urang papisah, sim kuring kacida nineungna nepi ka sakedah polah ihtiar sangkan bisa papanggih deui.

18Ku hayang-hayangna, sim kuring nepi ka leuwih ti sakali ihtiar supaya bisa ka dieu deui, tapi ngan dihalang-halang bae ku Iblis.

19Nya aranjeun anu bisa ngabungahkeun hate jeung ngagedekeun harepan sim kuring, jeung anu bisa diagulkeun ku sim kuring ka payuneun Yesus Gusti urang, engke ari Anjeunna geus sumping.

20Enyaan sim kuring kacida bungahna jeung agulna ku aranjeun teh!



 <<  1 Tesalonika 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel