Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tesalonika 5 >> 

1Sim kuring moal nyaritakeun iraha eta kajadian teh piwaktueunana.

2Aranjeun sorangan geus terang yen Poe sumpingna Gusti teh taya nu nyaho, cara paling ti peuting.

3Waktu ceuk jalma-jalma, "Kaayaan tenang, aman," kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna! Datangna bakal ngadadak kawas kusialna kanyeri awewe nu rek ngajuru.

4Tapi aranjeun mah moal kabongohan ku eta Poe kawas kabongohan ku bangsat, da lain aya di nu poek.

5Aranjeun mah bawahan caang, bawahan beurang, lain cangkingan peuting atawa erehan poek.

6Jadi ulah kaheesan kawas nu sejen, kudu tetep eling jeung caringcing.

7Peuting mah jalma-jalma sarare, sarta nya ti peuting jalma-jalma marabok.

8Tapi urang mah kabawah ku beurang, kudu mencrang pikiran. Pake baju kere, nya eta percaya ka Kristus, jeung silih pikanyaah; pake balakutak, nya eta pengkuh pangharepan yen bakal disalametkeun.

9Allah milih urang teh lain pikeun nadahan bendu-Na, tapi supaya ngamilik kasalametan ku jalan Gusti urang Yesus Kristus,

10anu pupus nalangan urang supaya urang bisa hirup reureujeungan jeung Anjeunna, boh lamun dina wanci Anjeunna sumping teh urang geus paeh, boh lamun hirup keneh.

11Heug sing terus cara ayeuna, silih tegeran, silih tulungan jeung batur.

12Pamerih sim kuring, muga aranjeun sing ngahargaan ka anu keur digarawe nungtun jeung ngatik aranjeun dina sual hirupna anu anut ka Gusti.

13Sing enya-enya ngahormat jeung mikanyaah ka aranjeunna, ngingetkeun kana pagaweanana. Sing rukun jeung pada batur.

14Kade, mun aya nu kedul papatahan, nu borangan hatean, nu lembek belaan, sing silih sabaran.

15Jaga, ulah aya anu ngabales goreng ku goreng, anggur usahakeun sina raresep silih hadean jeung batur jeung ka unggal jelema.

16Sing gumbira salawasna,

17kudu neneda saban waktu,

18tarimakeun reujeung sukur sagala anu tumiba. Kitu aranjeun teh diperihna ku Allah, ari aranut ka Kristus Yesus mah.

19Ulah nahan Roh Suci;

20ulah nganggap enteng kana amanat-amanat anu diilhamkeun.

21Uji sagala perkara: Mun hade cekel sing pageuh,

22piceun naon bae anu jahat.

23Mugia Allah anu maparin katengtreman ka urang sing nyucikeun tingkah laku aranjeun, sangkan suci sakujur diri, jiwa, nyawa, jeung raga, sing ulah aya celana dina waktu sumping Gusti urang Yesus Kristus.

24Mantenna anu geus nyaur aranjeun tangtu kersa nulungan midamel kitu, sabab Mantenna sipat satia.

25Doakeun sim kuring jeung batur, dulur-dulur!

26Salam sono ka dulur-dulur sakapercayaan.

27Ieu surat, demi Gusti, pangmacakeun ka sakabeh dulur sakapercayaan.

28Mugia dulur-dulur ginanjar rahmatna Gusti urang Yesus Kristus. Wassalam, Paulus



 <<  1 Tesalonika 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel