Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 4 >> 

1Allah anu murah asih maparinkeun ieu pagawean ka sim kuring. Jadi enggoning ngalakonanana sim kuring moal nepi ka ngarasa jejerih.

2Sim kuring henteu make cara samuni atawa anu matak ngerakeun, henteu make akal licik, henteu malsu sabda Allah. Ngawula ka Allah ku hate anu wening, numutkeun pangersa-Na, dibarengan ku ihtiar mugia bisa ditarima ku sakumna dulur-dulur.

3Upama wawaran sim kuring perkara Injil Kasalametan teh nepi ka henteu kapahamkeun, henteu kapahamkeunana teh tangtu ngan ku jelema anu hirupna nuju kana picilakaeun.

4Nu kitu mah moal percayaeun, lantaran pikiran sehatna dipoekkeun ku ilah jahat ieu dunya, nepi ka batinna teu bisa nenjo kana cahaya kamulyaan anu dipencarkeun ku Injil Kasalametan anu nerangkeun hal kamulyaan Kristus. Padahal nenjo Kristus teh sarua jeung nenjo Allah.

5Sim kuring lain rek ngamashurkeun diri sorangan, tapi rek ngamashurkeun Yesus Kristus anu jumeneng Gusti, da ari sim kuring mah kitu deui batur-batur kapan palayan aranjeun ku karana Kristus.

6Allah anu nyaangkeun hate sim kuring nepi ka awas kana kamulyaan Mantenna anu ngagebray dina pameunteu Kristus teh nya eta Allah anu nimbalan, "Ti nu poek sing bijil caang!"

7Sim kuring sabatur-batur anu jadi wadah eta harta ti sawarga ngan saibarat pot taneuh, ari kawasa nu maha agung mah Allah nu nyangking, lain sim kuring.

8Sim kuring sering ditarajang ku kasusah, tapi teu kungsi balahi. Sakapeung sok bingbang, tapi tara nepi ka leungit sumanget.

9Loba anu ngamusuhan, tapi nu misobat ge aya. Teu arang meunang pameupeuh nemen, tapi teu kungsi eleh.

10Ieu diri anu sipat pana teh unggal-unggal waktu teu kendat ngarasakeun pupusna Yesus, sangkan hirup Anjeunna oge tembong dina diri sim kuring.

11Saumur-umur nampeu kana bahya pati ku karana Yesus, supaya hirup Anjeunna tembong dina diri sim kuring anu sipat pana.

12Tegesna, pati teh baranggawe di jero diri sim kuring, ari hirup baranggawe di jero diri aranjeun.

13Kitab Suci nyebut kieu, "Kaula nyaritakeun teh ku lantaran percaya." Tah, nya ku lantaran boga jiwa kapercayaan kitu sim kuring nyaritakeun hal eta teh.

14Sim kuring percaya yen Allah anu ngahirupkeun deui Gusti Yesus teh baris ngahirupkeun sim kuring oge bareng jeung Yesus, tuluy dicandak bareng jeung aranjeun ka payuneuna-Na.

15Eta kabeh pikeun kapentingan aranjeun. Beuki loba jelema anu narima eta sih kurnia Allah, beuki loba anu bakal ngamulyakeun Allah, beuki loba anu ngahanjatkeun paneda pamuji sukur.

16Nya ieu sababna nu matak sim kuring tara nepi ka leutik hate teh. Sanajan raga badag beuki lila beuki ruksak, ari batin mah unggal-unggal poe oge teu weleh dianyarkeun deui.

17Kasangsaraan ieu nu henteu pira tur ngan pikeun saheulaanan, bakal jadi jalan geusan ngahontal hirup anu langgeng, anu bagjana tanpa tanding, leuwih ti batan kasangsaraanana.

18Jadi sim kuring mah neuteup teh museur ka anu teu katembong, lain ka nu katembong. Sabab anu katembong mah umurna moal lila, sabalikna anu teu katembong mah umurna langgeng abadi.



 <<  2 Korintus 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel