Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 7 >> 

1Dulur-dulur! Eta jangji-jangji teh kabeh ditujukeunana ka urang. Ku sabab kitu urang kudu miceun sagala rereged lahir batin, hirup kudu beresih jeung kudu ajrih ka Allah.

2Muga aranjeun langsar hate narima deui sim kuring. Ka sasaha ge sim kuring can kungsi nyieun salah, ngarugikeun atawa nyokot kauntunganana.

3Lain nyalahkeun aranjeun ieu mah, geuning ceuk sim kuring oge bareto, ka aranjeun teh sim kuring nyaah, paeh hirup hayang reujeung.

4Sim kuring percaya, malah agul ku aranjeun teh, nepi ka dina kasusah anu kumaha bae oge teu weleh ngarasa reugreug, asa kacida bagjana.

5Basa bareto datang ka Makedoni, mani teu bisa ngaso. Di mana-mana rea anu matak susah, rea anu ngajak cekcok, hate pinuh ku karisi.

6Tapi Allah, anu salawasna sok ngagedekeun hate anu keur leungit harepan, ngagedekeun hate sim kuring ku datangna Titus.

7Ngarasa hegar teh lain ngan ku datangna bae, tapi oge ku laporanana anu nyaritakeun yen aranjeun kacida matak ngagedekeun hatena. Anjeunna oge geus nyaritakeun, yen aranjeun kacida saronona ka sim kuring, geus ngarasa kaduhung, sarta seja ngabelaan ka sim kuring. Ku sabab kitu sim kuring ngarasa tambah bagja.

8Teu panasaran geus nyieun surat anu eusina nganalangsakeun aranjeun oge. Memang sim kuring oge ngarasa sedih sanggeus terang yen mimitina mah aranjeun nalangsa ku eta surat.

9Tapi ayeuna mah sim kuring teh bungah. Lain bungah ku lantaran geus nganalangsakeun aranjeun, tapi ku sabab eta kanalangsaan teh geus ngarobah kalakuan aranjeun. Jadi eta kanalangsaan aranjeun teh luyu jeung pangersa Allah. Ku lantaran kitu sim kuring henteu ngarugikeun naon-naon ka aranjeun.

10Kanalangsaan oge ari ku Allah dianggo lantaran sangkan urang eling mah matak jamuga, taya ngarugikeunana. Beda deui jeung nalangsa ku lantaran nyeri hate, eta mah nungtun kana paeh.

11Pek inget-inget berkahna aranjeun meunang kanalangsaan ti Allah teh. Geuning aranjeun jadi sakitu enya-enyana, sakitu sumangetna memener nu salah, jengkel ka nu migawe dosa, paur, jeung sono kana kahadean sarta teu asa-asa ngahukum anu salahna. Geus tetela nu salah dina eta perkara teh lain aranjeun.

12Eta sababna nu matak sim kuring teu panasaran geus nyuratan kitu. Da nulis kitu soteh lain ku sabab si Anu salah atawa si Anu jadi korban kasalahan batur, tapi pikeun nyaksikeun ka Allah yen perhatian aranjeun ka sim kuring saenyana kacida gedena.

13Tah eta anu ngareugreugkeun hate sim kuring teh. Beuki reugreug beuki bungah sanggeus terang yen aranjeun narima Titus sakitu hadena.

14Ti samemehna oge aranjeun ku sim kuring geus dipujikeun ka Titus, ari heug enya aranjeun teu nguciwakeun. Jadi sim kuring ngagulkeun aranjeun ka Titus teh aya buktina.

15Titus mingkin tambah kanyaahna ka aranjeun anu sakitu narimana, sakitu narurutna kana nasehat-nasehatna, sakitu mikaajrihna.

16Sim kuring bagja aranjeun bisa dipercaya.



 <<  2 Korintus 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel