Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 1 >> 

1Sanggeus Ahab raja Israil pupus, urang Moab barontak ka Israil.

2Hiji mangsa Ahasia raja Israil ragrag tina loteng karaton di Samaria, seug jadi teu damang. Tuluy miwarang ponggawana ka Ekron, sina menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Pelisti, naha kasawatna bakal damang deui atawa moal.

3Malaikat PANGERAN nimbalan ka Nabi Elias urang Tisbe, miwarang megat utusan Ahasia jeung kudu sasauran kieu, "Ari di Israil naha geus euweuh Allah, nepi ka rek menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Ekron?

4Bejakeun ka raja, timbalan PANGERAN, ‘Maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh.’" Elias tumut kana timbalan.

5Gancangna utusan-utusan raja baralik deui. Ku raja dipariksa, "Ku naon geus baralik deui?"

6Pihatur para utusan, "Dipiwarang wangsul deui ku hiji jalma, saurna kieu timbalan PANGERAN perkawis salira Kangjeng Raja, ‘Naha di Israil geus euweuh Allah, nepi ka maneh nitah menta pituduh Beel Sebul dewa urang Ekron? Maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh.’"

7Raja mariksa, "Siga kumaha jelemana?"

8Piunjukna, "Jalmana nganggo raksukan kulit, nganggo sabuk kulit." "Tangtu Elias," saur raja.

9Raja miwarang hiji perwira mawa lima puluh prajurit nangkep Elias. Elias kasampak keur calik di hiji pasir. Eta perwira ngomongna kieu, "Eh utusan Allah! Timbalan raja, maneh kudu turun!"

10Waler Elias, "Lamun enya kami utusan Allah, sing turun seuneu ti langit, ngalebur ka maneh jeung balad maneh!" Gur bae turun seuneu ti langit, ngalebur ka eta perwira jeung prajurit-prajuritna.

11Raja miwarang perwira sejen jeung prajuritna lima puluh. Eta perwira ngomongna kieu ka Elias, "Eh utusan Allah! Timbalan raja, ayeuna maneh kudu turun!"

12Waler Elias, "Lamun enya kami utusan Allah, sing turun seuneu ti langit, ngalebur ka maneh jeung balad maneh!" Gur deui turun seuneu ti Allah, ngalebur ka eta perwira jeung prajurit-prajuritna.

13Raja miwarang deui hiji perwira jeung prajuritna lima puluh. Eta perwira nanjak, geus kitu brek sideku di payuneun Elias sarta pihaturna, "Nun piwarangan Allah, mugi Ajengan hawatos ka abdi sadaya. Abdi sadaya sumeja nyanggakeun pati hurip!

14Dua perwira anu tadi sareng sadaya prajuritna parantos tiwas ku seuneu ti langit. Jisim abdi neda sih piwelas Ajengan."

15Malaikat PANGERAN nimbalan ka Elias, "Jig milu ka ditu. Ulah salempang." Bral Elias angkat jeung eta perwira. Gancangna geus aya di payuneun raja,

16ngalahir kieu, "Kieu timbalan PANGERAN, ‘Maneh geus nitah menta pituduh ka Beel Sebul dewa urang Ekron, kawas di Israil geus euweuh Allah anu bisa disambat pituduh-Na. Ku sabab kitu maneh moal cageur deui, bakal tuluy paeh!’"

17Gancangna Ahasia geus pupus, saluyu jeung timbalan PANGERAN anu disaurkeun ku Elias. Ku sabab Ahasia teu kagungan putra lalaki, anu jadi raja ngaganti anjeunna teh saderekna, nya eta Yoram, dina taun kadua Raja Yehoram putra Raja Yosapat nyangking karajaan Yuda.

18Carita Raja Ahasia kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.



 <<  2 Raja-raja 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel