Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 12 >> 

1Yoas mimiti jadi raja dina taun katujuh Raja Yehu ngarajaan nagara Israil. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana opat puluh taun. Jenengan ibuna Sibya ti Bersyeba.

2Sapanjang jumenengna midamel anu bener dina paningal PANGERAN, lantaran terus diasuh ku Imam Yoyada.

3Tapi tempat-tempat pangibadahan ka brahala mah diantep henteu digempur, jalma-jalma masih keneh ngalurban jeung ngarukus di tempat-tempat kitu.

4Hiji mangsa Yoas marentah ka imam-imam, supaya duit anu katarima tina kurban-kurban di Bait Allah, boh tina kurban-kurban anu baku, boh anu didermakeun kitu bae, supaya disimpen.

5Tiap imam kudu tanggung jawab kana duit anu dibaktikeun ku jelema-jelema anu dilalayananana. Eta duit baris dipake pikeun ngomean karuksakan Bait Allah samangsa perlu.

6Tapi nepi ka geus dua puluh tilu taun Raja Yoas ngarajaan, para imam teh acan prak keneh bae ngomean Bait Allah.

7Ku sabab eta anjeunna ngahaturanan Imam Yoyada jeung imam-imam sejenna, seug mariksa, "Ku naon Bait Allah teh teu acan diomean keneh? Ku margi kitu ayeuna mah artos anu katampi teh teu kedah disimpen heula, teras bae serenkeun ka tukang ngomean supados tiasa teras digunakeun sakumaha mistina."

8Para imam rempug moal nyimpen deui duit anu katarima, sarta ngomean Bait Allah moal ku aranjeunna.

9Ti dinya Imam Yoyada ngadamel kotak, turubna dicopongan, diteundeun gigireun altar katuhueun salah sahiji lawang rohangan Bait Allah. Duit anu katarima ti nu karumpulan ku para imam anu kapapancenan di dinya diasupkeun kana eta kotak.

10Lamun eta kotak geus loba eusina, duitna dikaluarkeun ku panitera karajaan jeung Imam Agung, ditimbang terus dibungkusan.

11Sanggeus jumlahna dicatet samistina tuluy diserenkeun ka tukang-tukang digawe di Bait Allah pikeun upah tukang kayu, tukang ngadegkeun,

12tukang batu, tukang meulahan batu, dibeulikeun kai jeung batu pikeun uma-ome jeung rupa-rupa deui ongkos anu tumali jeung eta.

13Jadi eta duit teh taya anu dipake keur kaperluan nyieun barang-barang perak kayaning cangkir perak, bokor, tarompet, pakakas paranti ngurus lampu atawa paparabotan emas perak lianna.

14Kabeh dipake pikeun upah anu digarawe jeung pikeun meuli bahan-bahan kaperluan uma-ome.

15Jalma-jalma anu dipasrahan ngurus pagawean henteu kudu balitungan perkara duit, lantaran kabeh jalujur beunang dipercaya.

16Tapi duit anu katarima tina kurban ganti rugi jeung kurban dosa mah henteu diasupkeun kana kotak, sabab eta mah pikeun para imam.

17Mangsa harita Hasael raja Siria tea ngarurug ka Gat. Sanggeus Gat beunang, karepna rek terus ngarurug ka Yerusalem.

18Ti dinya Yoas raja Yuda ngumpulkeun barang-barang beunang nyucikeun Raja Yosapat, Raja Yehoram, jeung Raja Ahasia, anu dibaktikeun ka PANGERAN, dilengkepan ku sakabeh emas kagunganana ku anjeun, kitu deui emas ti gudang rajabrana Bait Allah jeung karaton, tuluy dikintunkeun ka Hasael raja Siria anu terus ngantunkeun Yerusalem.

19Carita Raja Yoas salian ti eta kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.

20(12:20-21) Hiji mangsa mantri-mantrina sakait ngamusuh, sarta ahirna anjeunna ditelasan ku dua mantrina anu ngaran Yosakar bin Simat jeung Yosabad bin Somer. Ditelasanana di hiji imah anu ayana di wewengkon Yerusalem beulah wetan, sisi jalan anu mudun ka Sila. Yoas dimakamkeun di makam karajaan di Kota Daud. Amasia putrana ngagentos jadi raja.

21(12:20)



 <<  2 Raja-raja 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel