Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Raja-raja 17 >> 

1Hosea putra Ela jadi raja Israil meneran taun kadua belas Raja Ahas nyangking nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana salapan taun.

2Lampahna nirca ti PANGERAN, ngan teu doraka teuing cara raja-raja Israil anu heulaeunana.

3Hiji mangsa diperangan ku Raja Salmaneser ti nagara Asur. Anjeunna taluk, saban taun mayar upeti.

4Tapi dina hiji taun mundut tulung ka Raja So ti Mesir, jeung teu mayar deui upeti ka Asur. Kauninga ku Salmaneser tuluy dihukum, dipanjara.

5Geus kitu Salmaneser raja Asur narajang Israil, ngepung Samaria. Sanggeus ngepungna nepi ka taun katilu,

6nya eta taun kasalapan pamarentahan Hosea, Salmaneser ngarebut Samaria. Urang Israil dibawa ka Asur jaradi boyongan. Ditempatkeunana aya nu di Halah, aya nu di Gosan sisi Walungan Habor, aya anu di wewengkon Media.

7Samaria nepi ka bisa karebut lantaran urang Israil doraka, nyingkir ti PANGERAN anu nginditkeun maranehna ti Mesir, ti raja di dinya, ngabarakti ka aallahan

8nurutan kabiasaan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus disingkahkeun ti eta tanah basa urang Israil maju merangan maranehna. Urang Israil ngalakonan adat istiadat anu ditetepkeun ku raja-rajana.

9Urang Israil ngalampahkeun hal-hal anu henteu sapagodos jeung PANGERAN, Allahna. Di mana-mana, ti desa anu pangleutikna nepi ka kota anu panggedena, jalma-jalma teh nyarieun tempat paranti nyembah ka dewa.

10Di unggal puncak pasir, di unggal handapeun tangkal anu ngarunggunuk, nyarieun pilar-pilar pamujaan jeung arca-arca Dewi Asera,

11ngarukus dina altar-altar brahala, nurutan kalakuan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus disingkahkeun ti dinya. Kalakuanana matak pibendueun PANGERAN.

12Larangan PANGERAN yen teu meunang nyarembah ka arca-arca teh teu ditarurut.

13Boh urang Israil boh urang Yuda, ku PANGERAN geus dipepelingan ku jalan utusan-utusan jeung nabi-nabi, saur-Na, "Taringgalkeun kalakuan anu goreng, lampahkeun timbalan-timbalan Kami anu kaungel dina kitab Hukum anu ku Kami geus diturunkeun ka karuhun-karuhun maraneh, tur geus ditepikeun ka maraneh ku utusan-utusan jeung nabi-nabi Kami."

14Tapi teu narurut, barasangkal cara karuhun-karuhunna, teu ngarandel ka PANGERAN Allahna,

15arembung ngalakonan parentah Mantenna, arembung nekanan ikrar para karuhunna ka Mantenna. Sagala panggeuing teu aya anu didenge, anggur ngabarakti ka arca-arca anu tanpa guna, anu ngalantarankeun maranehna sorangan jadi leungit pangaji, da narurutan adat kabiasaan bangsa-bangsa anu di sakurilingeunana. Digeuing supaya ulah nurutan adat kabiasaan bangsa batur teh henteu ngagarugu.

16Papakon ti PANGERAN Allahna dipiceun, seug nyitak dua sasapian, disarembah, nyieun arca-arca Dewi Asera, maruja ka bentang-bentang, nyarembah ka Dewa Baal.

17Jeung sok mareuncit anak sorangan diduruk dikurbankeun ka aallahan umat brahala; sok marenta pituduh ka tukang-tukang torah jeung ka tukang-tukang sihir. Teges geus ngajarual maneh migawe kadorakaan, nyarieun kalakuan anu henteu dipisuka sarta pibendueun PANGERAN.

18Mana urang Israil teh ku Mantenna kacida dibenduanana, disingkirkeun ti payuneuna-Na, ngan kari kaom Yuda.

19Tapi kaom Yuda ge saruana, teu ngestokeun papakon-papakon PANGERAN Allahna, ngestona kana papakon beunang nyieun urang Israil.

20Temahna sakabeh turunan Israil ku Mantenna dibalangsakkeun, diselehkeun ka musuh-musuhna anu barengis, panganggeusanana disingkirkeun pisan ti payuneuna-Na.

21Ti sanggeus Israil ku PANGERAN dipisahkeun ti Yuda sarta dirajaan ku Yarobam bin Nebat tea, ku eta raja dibawa nyimpang ti PANGERAN, sina marigawe dosa anu lain lumayan.

22Urang Israil naluturkeun lacak Yarobam, teu eureun-eureun nurutan kalakuan Yarobam anu kacida gorengna.

23Tungtungna ku PANGERAN dijauhkeun ti payuneuna-Na. Sakumaha anu ku Mantenna geus diandikakeun ku jalan para utusan jeung para nabi, urang Israil dibaroyong ka Asur, nepi ka ayeuna.

24Ti dinya raja Asur ngadatangkeun jalma-jalma ti Babul, ti Kut, ti Iwa, ti Hamat, jeung ti Separwaim, sina ngareusian kota-kota di Samaria, gaganti urang Israil anu dibuang. Kota-kota di Samaria diandih dicaricingan.

25Basa anyaran ka dinya, maranehna loba anu tiwas ku singa anu didatangkeun ku PANGERAN, lantaran aribadahna lain ka Mantenna.

26Seug diunjukkeun ka raja Asur, yen jalma-jalma beunang anjeunna nempatkeun di Samaria rea nu tiwas ku singa anu didatangkeun ku batara eta nagara, dumeh teu nyarahoeun peta ngabakti ka eta batara.

27Raja Asur marentah, "Imam anu diboyong ti Samaria pulangkeun sina matuh deui di ditu, sina mapatahan aturan eta batara."

28Seug hiji imam bangsa Israil anu diboyong ti Samaria teh dipulangkeun deui, terus matuh di Betel, ngajar jelema-jelema tea hal aturan ibadah ka PANGERAN.

29Parandene kitu jalma-jalma teh angger bae nyarieun arca sesembahanana masing-masing, ditareundeun di imah-imah brahala urut urang Israil. Unggal golongan di tempatna masing-masing nyarieun arca sesembahanana sorangan:

30Urang Babul nyarieun arca Dewa Sukot Benot; urang Kut nyarieun arca Nergal; urang Hamat nyarieun arca Asima;

31urang Iwa nyarieun arca Nibhas jeung Tartak; urang Separwaim sok ngurbankeun anak-anakna dijieun kurban durukan pikeun Dewa Adramelek jeung Anamelek.

32Tapi ka PANGERAN ge ngabarakti, malah ngarangkat jalma-jalma sambarangan jaradi imamna, purah mangurbankeun di tempat-tempat ibadah ka brahala.

33Jadi ngabaraktina teh ka PANGERAN ongkoh, ka dewana masing-masing ongkoh, nuluykeun kabiasaan ti nagara asalna masing-masing.

34Tepi ka ayeuna oge maranehna masih keneh ngukuhan tali parantina sorangan, aribadahna lain ka PANGERAN, sarta anu ditarurutna lain hukum-hukum anu ku PANGERAN diturunkeun ka anak incu Yakub anu disebut Israil tea.

35PANGERAN geus ngadamel perjangjian jeung maranehna sarta marentahkeun kieu, "Poma, maraneh ulah ibadah ka aallahan, ulah sarujud jeung ngabarakti atawa ngurban ka anu karitu.

36Kudu ngabarakti, kudu sarujud jeung ngalurban teh ka Kami, PANGERAN, anu ngajait maraneh ti Mesir make kakawasaan jeung mujijat.

37Sagala hukum jeung timbalan-timbalan anu ku Kami geus ditulis pikeun maraneh, kudu dilampahkeun sapapanjangna. Poma, maraneh ulah nyarembah ka aallahan.

38Jeung poma, sarat perjangjian Kami ku maraneh ulah dilalaworakeun.

39Masing sumujud ka Kami, PANGERAN Allah maraneh. Lamun kitu, tangtu maraneh ku Kami diluputkeun ti sakabeh musuh."

40Tapi eta jelema-jelema teh narorek, angger keneh bae marake tali parantina anu baheula bihari.

41Jadi eta bangsa-bangsa teh ngabarakti ka PANGERAN ongkoh, ka arca-arca ongkoh. Atuh turunan-turunanana nya kitu keneh deuih, nepi ka kiwari oge adatna teh kitu.



 <<  2 Raja-raja 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel