Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Samuel 12 >> 

1PANGERAN ngutus Nabi Natan sangkan nepangan Daud. Bral nabi angkat, nyarios ka Daud, "Aya dua jalmi, matuh sakota. Nu hiji beunghar, nu hiji miskin.

2Nu beunghar gaduh sapi sareng domba pirang-pirang.

3Dupi si miskin mung gaduh anak domba bae sasiki kenging meser, diurus sareng digedekeun bareng sareng barudakna, diparaban tina dahareunana sorangan, nginumna bareng sacangkir, heesna ge dilalahun sapertos ka anak awewe.

4Dina hiji dinten nu beunghar teh kasemahan. Bet lebareun bade meuncit pipiaraanana keur nyuguhan teh. Nya teras meuncit anak domba gaduhna si miskin, dipake nyuguhan semahna."

5Daud kacida benduna ka eta anu beunghar. Saurna, "Demi jumenenging PANGERAN, jalma kitu kudu dipaehan!

6Kacida telengesna! Anak domba anu dicokot ku manehna kudu digantian opat tikel!"

7Saur Natan ka Daud, "Eta jalmi teh nya Sang Raja! Dangukeun ieu timbalan PANGERAN Allah Israil, ‘Maneh ku Kami dijieun raja Israil jeung diluputkeun ti Saul.

8Karajaan Saul, kitu deui pamajikan-pamajikanana ku Kami dibikeun ka maneh. Maneh geus dijieun raja nyangking Israil jeung Yuda. Bisi ngarasa kurang keneh, ku Kami mo burung dibere deui dua kalieun ti eta.

9Ku naon maneh nyapirakeun timbalan Kami, nyieun kalakuan sakitu gorengna? Uria ku maneh dititah dipaehan dina perang, dihaja sina dipaehan ku urang Amon, tuluy pamajikanana ku maneh dicokot!

10Ku sabab maneh geus teu nurut ka Kami sarta nyokot pamajikan Uria, anu matak ti satiap turunan maneh turun-tumurun bakal aya nu paeh lantaran dipaehan.

11Kami sumpah, baris nibankeun kacilakaan ka maneh, anu datangna ti kulawarga maneh sorangan. Eta pijadieunana lamun Kami engke nyokot pamajikan-pamajikan maneh, dibikeun ka lalaki sejen, sarta ku eta bakal ditemahan kabeh waktu tangari bolong.

12Maneh geus nyieun dosa anu buni, tapi ieu ancaman Kami rek dibuktikeun di nu negla, hareupeun sakabeh urang Israil.’"

13Waler Daud, "Kaula tarima dosa ka PANGERAN." Piunjuk Nabi Natan, "Sawangsulna dosa Sang Raja ku PANGERAN dihapunten. Sang Raja moal pupus ayeuna-ayeuna.

14Nanging sarehing Sang Raja parantos midamel lampah sakitu aebna, eta putra Sang Raja anu nembe medal bakal maot."

15Sanggeus nyarios kitu Natan mulih. Sanggeus kitu, eta murangkalih anu ti Batseba bojo Uria teh ku PANGERAN dikeunaan kasakit parna kacida.

16Daud neneda ka Allah, sasambat supaya eta murangkalih cageur. Daud nepi ka teu kersa tuang-tuang acan. Ari ti peuting sok ngerem anjeun di kamarna bari ngagoler dina lante.

17Para pajabat karaton marek, bari nunuhun supaya anjeunna kersa lugay. Tapi teu kersaeun bae, jeung weleh teu kersaeun tuang.

18Sanggeus meunang saminggu murangkalih teh nepi ka hanteuna, ngantunkeun. Para pajabat Daud kacida baringungeunana kumaha ngunjukkeunana ka raja. Salaurna, "Keurna murangkalih hirup keneh sang raja geus teu kersa sasauran-sasauran acan, komo lamun diuningaan murangkalih geus lastari! Palangsiang nyiksa anjeun!"

19Anu tingharewos ku Daud kadangueun. Kajudi yen murangkalih teh geus ngantunkeun. Anjeunna mariksa, "Kumaha budak teh, geus ninggalkeun?" "Sumuhun, parantos."

20Daud lugay ti handap, siram, meresan, gentos anggoan. Leos ka gedong PANGERAN, sembahyang. Sanggeus mulih ka karaton mundut tuang. Tuluy disayagikeun, seug tuang.

21Para pajabatna mihatur, "Teu kahartos. Nalika murangkalih aya keneh ku Gusti ditangisan, disauman. Ayeuna saparantos murangkalih ngantunkeun, Gusti kersa lugay kersa tuang."

22Waler Daud, "Heueuh, keurna hirup keneh budak teh ku kami diceungceurikan dipuasaan, malak mandar PANGERAN aya manah watir ka kami, sugan we budak teh moal dicandak.

23Ayeuna geus puguh maot, keur naon dipuasaan terus, da moal bisa dihirupan deui. Kami onaman engke oge nuturkeun, tapi budak mah moal balik-balik deui."

24Batseba ku Daud dililipur. Sanggeus ditemahan deui, Batseba ngandeg deui sarta babar, putrana pameget. Ku Daud dijenenganan Suleman. Eta murangkalih diasih ku PANGERAN,

25sarta Mantenna nimbalan ka Nabi Natan supaya eta murangkalih dipaparin lalandian Yedidya, sabab dipikaasih ku PANGERAN.

26Sajeroning kitu Yoab terus keneh ngepung kota Raba, ibu kota nagara Amon. Eta kota geus meh karebut.

27Yoab ngintun laporan ka Daud, "Kota Raba parantos kantun narajang. Sumber caina parantos karebut.

28Mugi Gusti sumping nyandak balad sesa. Rebut eta kota ku Gusti, supados ulah abdi engke anu kasebut ngarebutna."

29Daud jengkar ka Raba nyandak balad. Eta kota ditarajang sarta beunang karebut.

30Di eta kota aya arca aallahan urang Amon, arca Dewa Milkom, make makuta emas anu beuratna tilu puluh lima kilo, ditaretes ku batu permata. Ku Daud dicandak tuluy dianggo. Jaba ti eta anjeunna nyandak jarahan loba pisan ti dinya.

31Jelema-jelemana dipaksa sina digarawe marake ragaji, pacul, kampak, aya oge anu dipaksa nyarieunan bata. Hal sarupa kitu dikeunakeun oge ka jelema-jelema pangeusi kota-kota Amon lianna. Geus kitu Daud sabaladna mulih ka Yerusalem.



 <<  2 Samuel 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel